Ku Neni Geo Albanjari
kuring nyelegon na mongklengna peuting nu ngeukeupan beuki pageuh, teu kareret jungkiringna kalangkang dunya nu sok nutur nutur pikainggiseun, "milik kuring sagemblengna peuting mah", hate bungangang. Srot...srot...jorelat...geuweuweuk leungeun leungeun kalangkang nu dipikarempan nyerek awak sabeuleugeunjeurna nu ku kuring teu kaburu digiwarkeun, meungkeut pageuh meureut ati," na peuting ge anjeun milik kuring", gorowok kalangkang nu kahudangkeun ku sorot bulan nu teu ngahaja noong buana, Peuting beuki motah, awak jeung rasa kalimpudan dunya, ngahegak.