Update: 11 Séptémber 2012 21:50:09

Anak

Ku Neni Geo Albanjari

Indungna gering parna, manehna nelepon lanceukna, “ Kang, ema teu damang…repot…nyambat wae akang!”. Jawaban ti ditu ukur kadenge “ heuh…”.
“Pami tiasa mah tepangan heula sakedap…”
“ Nya lain teu hayang nepungan, tapi kan akang lain jelema salse…ayeuna keur nyanghareupan pagawean penting, teu bisa ninggalkeun kitu bae…”, manehna ngarahuh. “Nya wayahna we…geus heulanya, akang keur sibuk pisan”. Klik telepon ditutup ku lanceukna
Manehna ngaheruk,” Duh Ema hapunten teu tiasa nedunan kapalay Ema…”

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Alie Sodikin: Beu kacida nya? Penting pagawean?/penting indung? Tunggul rahayu
  2. Jajang Arohmana: asa kagagas ras inget ka indung sorangan...
  3. Rudya Kuz: sigana pagawèanana tèh nyalamatkeun planet bumi bisi ancur tah
  4. Neni Geo Albanjari: Kang Alie S, bangetttt....pidunya pisan....
  5. Neni Geo Albanjari: Jajang Arohmana, sararedih jauh ti sepuh teh...
  6. Neni Geo Albanjari: Rudya Kuz, ah bedegong we Kang si akang eta mah...
  7. Jajang Arohmana: ah kari ngadu'ana jang cing slamet
  8. Alie Sodikin: Deudeuh teuing ema
  9. Neni Geo Albanjari: Jajang Arohmana, ari nu janten sepuh mah pasti ngadu'akeun nu sae...siga emana ci akang,, masing tara dilongokan ge...
  10. Neni Geo Albanjari: Kang Alie S, Hiks...hiks...hiks.. ema...
  11. Endah Dinda Jenura: sediiiiihhh...
  12. Ya Soebarta: Mugia dosana sing enggal dihapunten ku Gusti Alloh, bilih janten batu keh...!!!
  13. Neni Geo Albanjari: Endah Dinda Jenura, tapi ci akangna mah teu riuk2 sedih da...
  14. Neni Geo Albanjari: Ya Soebarta, Aamiin...tos janten batu eta ge Kang...
  15. Endah Dinda Jenura: katungkulkeun ku padamelan eta teh panginten nya, dugika kitu...
  16. Neni Geo Albanjari: Endah Dinda Jenura, muhun sigana Neng...dugi ka hilap mana nu penting dipayunkeun
  17. Abah Sarjang: Uing gé rumasa wangkelang ka kolot téh... tapi asa teu kitukitu teuing...
  18. Asep Bayu Ekawijaya: numawi abdi mah hoream janten pagawe teh, teu laluasa mun aya perelu teh... mending ge janten nu beunghar teu pupuguh we, tiasa nganjang ka mana we iraha wae
  19. Jajang Arohmana: ma ida...ma ida...
  20. Neni Geo Albanjari: muhunnya Abah, piraku teuing...
  21. Neni Geo Albanjari: Asep Bayu Ekawijaya, euh pan tiasa ijin atuh kang...tapi nya mending beunghar...heuheu...
  22. Neni Geo Albanjari: Jajang Arohmana, heuheu...
  23. Yanti Sri Budiarti: Tos hanjakal mah moal aya landongna...Susulan atuh Teteh...:) hiks
  24. Neni Geo Albanjari: Yanti Sri Budiarti, aduh kmhnya neng...pm nyusulan...ema karunya dikantunkeun...
  25. Yanti Sri Budiarti: Teu aya piwarangeun kitu, atanapi talatah kanu sanes, piraku ari pada ngemutan mah teu leuleuy manah ingkang raka teh... Pido'ana bae ti abdi mah, tuang ibu enggal damang sabihari. Boa-boa teu damang alatan sono ka anak nya...hmmhmm deudeuh!
  26. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: meni kutéga nya nu katungkulkeun ku damel
  27. Neni Geo Albanjari: Yanti Sri Budiarti, Nyaeta teu aya neng, sadayana nuju sibuk mikmin heheh...keun bd ditelepon wae unggal menit sugan we ngereteg emut ka ema...nu teu weleh sono ka putrana, nuhun neng du'ana...
  28. Godi Suwarna: :"Nu nyampak dina teks mah mung pucukna wungkul. Tangkal sareng akar masalahna nyumput dina cariosna. Fikmin nu ngasah kalantipan sim uing salaku nu maca. Asoooy, Neng..!"
  29. Neni Geo Albanjari: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, na emutanana...padamelan mah bilih aya nu ngewat dikantunkeun teh...lebar...
  30. Neni Geo Albanjari: saleresna Kang Godi Suwarna abdi teh nuju diajar disiplin tea, ulah langkung ti 100 kecap tea...nuhun kang, nyanggakeun...
  31. Neni Geo Albanjari: ka sadaya nu maparinan jempolna hatur nuhun...
  32. Dayat Iskandar: Bade komen teh rada ragu. Asa kasindiran hehehe
  33. Neni Geo Albanjari: Kang Dayat Iskandar, hehehe...hapuntenna atuh...teu gaduh niat nyindiran da
  34. Nana Sukmana: Asa kasindiran, tos lami teu nepangan pun biang....
  35. Teti Taryani: Nyeta, ning waktos teh seep ku gawe...
  36. Neni Geo Albanjari: Kang Nana Sukmana, euh...atuh enggal geura ditepangan Kang...bilih areup2eun...
  37. Neni Geo Albanjari: Teti Taryani, janten teu emut kana nanaonnya...ngadukduk we gawe...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit