Update: 11 Séptémber 2012 21:50:09

Ngajurung Laku

Ku Neni Geo Albanjari

" Lalungse Pih..." Ceu Mini ngarahuh ka carogena
" Wayahna we atuh geulis...da dikumahakeun pan milarian pembantu sesah ayeuna mah..." waler carogena ngupahan.
" Cobi geura emut ku Papih...uruseun rumah tanggi sakieu seueurna...teu acan Papih nu kedah dinomerhijikeun....!" Ceu Mini angger ngabudalkeun kasumpegna bari sabar ngawulaan.
"Papih kedah kumaha atuh geulis...??" , sur carogena
" Papih kersa teu pami kagungan deui istri?", Ceu Mini naros asa asa, " urang milarian nu solehah nu tiasa silih pikanyaah sareng urang....!"
Carogena ngajengkat," Piraku atuh geulis, papih kedah nikah deui, Papih teu sanggeum midua, bade dipaksa siga kumaha ge, alim...alim midua..." bari teras ka kamer ngagebrugkeun panto.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Dadang Soekanda: Ieu mah kontradiksi sareng kontra produktif, na atuh Apiiiih make teras ka kamer, ari ditoong teh si Papih nuju dilipen dipupur nganggo daster, iiiiiiihhhhh
  2. Iwan Hanjuang: Edas we... eta wanoja teh berhati malaikat,tapi aya nya caroge anu boloho ge...he he he he
  3. Neni Geo Albanjari: Kang Dadang Soekanda, heuheu...sigana kana kituna Kang...badan rambo hate mah siga olga...
  4. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: asa aneh ku sikep si papih..matak curiga ieu mah
  5. Neni Geo Albanjari: Iwan Hanjuang, pan ari disungkun mah sok kalah ngarempod ...janten moal diwayuh...
  6. Neni Geo Albanjari: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, hihih...si papih mah mung api2 alim teh padahal mah hoyong dipaksa...
  7. Dedi Rosala: ngajurungkeun kitu teh, sabab ceu Mini na resepeun ka kuring. Hehehe
  8. Neni Geo Albanjari: Dedi Rosala, euh paingan atuh mani maksa miwarang gawayuh...da jurus ceu mininya...
  9. Yusran Pare: Deuh! aya ku kayungyun tah Bu Mini? Siga fiksi wae....hehehe
  10. Jojo Johari: Tah, tah, taaah! Panuju yeuh, panuju pisan! Deuh, mun heg sadaya kaum ibu sapertos Bu Mini? Asyik, yeuh. Calon nominasi pulsa awards periode berikut! Asyiiik! ..heuheuheu
  11. Dedi Rosala: kacipta alias kabayang geulisna teh Neni nu namina ceu Mini...?
  12. Neni Geo Albanjari: Jojo Johari, heuheuy kapalay kang Jojo eta mah....Ah Ceu Mini we eta mah bageur teuing....
  13. Neni Geo Albanjari: Yusran Pare, Sugan mah wanita idaman we Ceu Mini teh...
  14. Neni Geo Albanjari: Jojo Johari, jhahaha...piraku atuh nu kieu lebet nominasi...ah asa hoyong tapi, aamiin ah...tapi kan panjang keneh kang kecapna ge hilap teu dietang
  15. Yusran Pare: yaktos...yaktos...solehah lah. langsung ka surga via jalan tol nu ngabulungbung tanpa hahalang! Kitu saur sakaol...hehehe
  16. Neni Geo Albanjari: Dedi Rosala, Ceu Mini mah puguh geulis rancunit geulis ka hate hatena Kang...matak carogena alim ngawayuh ge...pm teh neni na mah sauihna heuheu...
  17. Jojo Johari: Yaqin! Yaqin! Sok lah antos geura heuheuheu
  18. Lalat Socrates: jurus jutu kangge nguji "jenis kelamin"... heuheu
  19. Dedi Rosala: ah ari taeun teh.....Kapanan Teh Neni ge geulis tuh tingal seratanana, seueur nu komen.Mawi ulah disumputkeun rarayna....nya! wilujeng.
  20. Neni Geo Albanjari: Jojo Johari, heuheuheu...beuh ieu nu ngabibingah...nuhun Kang...bari teras sumanget ngamikminna
  21. Neni Geo Albanjari: Lalat Socrates, meni bingah disumpingan salira... tapi da si papihna lelaki tulen loh...putrana ge dugi ka 7...
  22. Neni Geo Albanjari: Kang Jejen Jaelani W, haturan...nuhun...
  23. Neni Geo Albanjari: Dedi Rosala, ih ari taeun teh...muhun pan istri...moal aya nu nyebat kasep sigana...alhamdulillah seueur nu komen teh masihan sumanget kana mikmin Kang...
  24. Kokom Komariah: Justru eta teh lalaki sajati nu kuatan pisan nahan emosi...teh Neni kitu sanes..?
  25. Neni Geo Albanjari: leres pisan Neng Kokom Komariah, da ceu Mini ge yakin yen carogena moal kersaeun ngawayuh...
  26. Abi Ceuceu: ehm,,meni kayungyun,,,
  27. Mariana Herdiawan: oohh..iyeu gening ceu mimin kembaran ceu mariana teh ,meni kembar identik ,cepleesss pisaan
  28. Neni Geo Albanjari: Abi Ceuceu, heuheu...kaleresan duanana pikayungyuneun neng...
  29. Neni Geo Albanjari: Mariana Herdiawan, muhun neng nuju geulis teh solehah...ah nuhun atuh ditepangkeun sareng kembar identikna ceu mini...
  30. Abi Ceuceu: moal aya lima nya, Teh,,,heheh
  31. Neni Geo Albanjari: Abi Ceuceu, ah...sigana eta etana Neng....
  32. Abi Ceuceu: etana kumaha teh?? *bari ngagunyeng2 panangan Teh neni*
  33. Neni Geo Albanjari: Abi Ceuceu, ihhh ci keneng mah...maksad teh ukur ceu mini sareng c papih heuheu...bari muringis da tarik teuing ngagunyengna
  34. Abi Ceuceu: aduh,,Tth,,hapunten,,bolekseknya?? *bari ngelapan nu getihan*
  35. Neni Geo Albanjari: Abi Ceuceu, heuheu teu kunanaon da diusap ge damang, kaleresan teteh mah mutan heheh...
  36. Abi Ceuceu: owh hatur nuhun atuh pami teu kukunanaon mah,,boro meni reuwas,,heheh
  37. El Hijar: subhanalloooohhhhh......
  38. Neni Geo Albanjari: Wartawan Leupas, aduh iyeung...aya naon Kang...?
  39. El Hijar: aya ku soleh eta caroge....cara abdi kitu tah...
  40. Neni Geo Albanjari: Wartawan Leupas, euhhhh....atuh teu aya maksad ngawayuhnya akang mah...pikayungyuneun pisan...
  41. El Hijar: sanes pikayungyuneun, pikarunyaeun puguh ge....
  42. Heni Sumarni: seuri koneng, seuri hejo seuri beureum...
  43. Neni Geo Albanjari: Wartawan Leupas, hihihih...uhun...
  44. Neni Geo Albanjari: Heni Sumarni, duh seueur geuning warna seuri teh...pm campur kitu janten kumaha neng?
  45. Apoedy Sarah Ihsan: ah geuning lalepat, da lalakon di lebet kamar teh teras sujud sukur, bari ajrug"an atoh... heuheuhu.. asik deh, sewang"an nyimpulkeuna.. heuheuheuheu...
  46. Ismawatie Sambas: Dupi Ceu Mini téh normal heunteu, neng....?
  47. Mariana Herdiawan: Ismawatie Sambas@ normal sekali ,nu di piharep na dijamin lebet ka sawargana,ibadahmah can tangtos urang teeh
  48. Neni Geo Albanjari: Apoedy Sarah Ihsan, bari tos ngabayangkeun calon piistrieunana nya....nu ieu kmh a? msh knh panjangnya?
  49. Apoedy Sarah Ihsan: tikamari ge tos pas... heuheuheu.... sueerr...
  50. Neni Geo Albanjari: Ismawatie Sambas, ceuceu ge kirang terang neng...palebah normal sareng henteuna mah...
  51. Yadi Sutomo: Aral ceu Mini teh,... gaduh caroge olo-olo hoyong dinomer hijikeun wae,....
  52. Yayan 'Bedog' Supriatna: tah...ieu yakin fiksi pisan, sumpah na ge sanes fakta, ha..ha..
  53. Pipin Dasripin: Si Papih, di kamerna duka nju naon... bingah atanapi sedih?
  54. Neni Geo Albanjari: Mariana Herdiawan, heheh nuhun neng...meni daria ngabelaan kembar identikna mah...
  55. Neni Geo Albanjari: Apoedy Sarah Ihsan, siiikkkk...alhamdulillah...bari ajrug2an ciga ci papih...
  56. Neni Geo Albanjari: Yadi Sutomo, muhun sigana mah...jabi pan ngurus putrana ge satujuh tujuh...
  57. Neni Geo Albanjari: Yayan 'Bedog' Supriatna, hehehe...da moal aya pameget dipiwarang ngawayuh nolaknya Kang...
  58. Neni Geo Albanjari: Pipin Dasripin, heuheu...ke urang toong heula nya Kang...eh sesah buni geningan kamerna...
  59. Rin Riani: Kaijir,.. nu anom teh rek dibabukeun eta mah,....
  60. Neni Geo Albanjari: Rin Riani, hate ceu mini teh hese diteguhna...boa boa muhun gaduh tujuan kadinya ceu mini teh...
  61. Neni Geo Albanjari: Nana Sukmana, heuheu...di kamer teras sura seuri bingah da dipaksa nikah deui...tahan harga padhl hoy..hoy...
  62. Nana Sukmana: Barang panto rekep si Apih ngengklak teu beda ti Aker Dangse. Luluncatan dina kasur. Bray muka jandela. Gajleng luncat ka luar. Kereles diteureuy peuting nu mongkleng. Wanci haneut moyan geus heheotan bari ngusapan rambutna nu baseuh keneh. "Kopi parantos sayogi, Kang!" Saur Si Geulis bari ngalendotan..... Haruuuuh, uing hoyong sapertos kitu. Tulung Kakang Perbu Godi Suwarna!
  63. Neni Geo Albanjari: Nana Sukmana, haduhhh Kang Na...mulus banglus lancar sapaneja atuhnya...
  64. Nana Sukmana: He he he..... pameget mah meong congkok, Aceuk. Bujeng-bujeng ditawisan, teu ditawisan ge maling-maling. Sesah milari pameget nu leres mah. SAREBU HIJI. Tah, nu hijina teh ieu... pun uing!!!!
  65. Neni Geo Albanjari: Nana Sukmana, hehehe...percantenlah..di dunia fikmin mah...da tos langkung ti sarebu geuning penduduk fikmin teh...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit