Update: 11 Séptémber 2012 18:50:11

Salah Sangka

Ku Neni Geo Albanjari

Bray lilir, awak asa pasiksak, tetempoan sakapeng poèk sakapeng caang, rèt kaluhur rèt kahandap, guling gasahan, rep peureum deui.
Lenyap..! Nyeul seueul, nalika ka rèrèt kana awak, aya getih mapay pingping! panon dipaksakeun beunta, brèh aya hiji lalaki keur sarè bangun capè disagigireun.
'' Lalaki durjana anjeun! Geus wani wani ngarusak, ngarogahala awak kuring!''
Huntu kekerot bakat kuambek, ijid ngewa, les… kapiuhan teu inget dibumi alam.
'' Tong salempang, murang kalih ibu teu kunanaon, getih èta kaleresan getih kareseuban waktos geubis tina motor.''
'' Nuhun, Bu Dokter''
" Sajatina kedah nuhun mah ka si ujang itu, nu tos nulungan',' ceuk Bu Dokter nunjuk ka jajaka kasep nu amitan rèk balik.
Kuring nu titadi ngadèdèngèkèun, ngajerit ceurik, rumasa geus salah sangka.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Alie Sodikin: Dugikeun ka kapiuhan nana bakat ku reuwas
  2. Abah Na Ambu: numawi ai teu acan kempel pangacian mah ulah waka sok nu abot-abot ngemutna......
  3. Rudya Kuz: sumuhun janten weh salah sangka
  4. Sumiati Nenk: Neni Geo Albanjari....wil wengi Ceuceu qu.....hatuur nhn kintunan na...kin akh bade di ilo hela..hehe
  5. Nana Sukmana: Tah, tos ngawitan aya getihan yeuh fikmin tèh, mung hanjakal rusuh kènèh dugi ka seueur nu lepat ngetik. Ngahaja ku sim uing ngaropèa ngango hurup ageung (kapital) supados langsung katawis anu rusuhna tèa. Lajeng badè tumaros. Naha "kuring" bet uningaeun rèhna dokter nunjuk ka pameget nu kasèp? Apan "kuring" tèh nuju kapiuhan, teu emut di bumi alam? Cing, cing, cing... kumaha, tah? Fikmin # Salah Sangka # Bray lilir, awak asa pasiksak, tetempoan sakapeung poèk SAKAPEUNG caang, rèt KA LUHUR rèt KA HANDAP, guling gasahan, REUP peureum deui. Lenyap! NYEL seueul, nalika NGARERETkana awak, aya getih mapay pingping. Panon dipaksakeun beunta, brèh aya hiji lalaki keur sarè bangun capè DI SAGIGIREUN. ''Lalaki durjana anjeun! Geus WANI-WANI ngarusak, ngarogahala awak kuring!'' Huntu kekerot bakat KU AMBEK. Ijid. Ngèwa. Les, kapiuhan teu inget DI BUMI alam. ''Tong salempang, murang kalih ibu teu KU NANAON. Getih èta mah getih KARESEBAN waktos geubis tina motor.'' ''Nuhun, Bu Dokter'' "SAKEDAHNA NGANUHUNKEUN mah ka si Ujang itu, nu tos nulungan," ceuk Bu Dokter. Nunjuk ka jajaka kasep nu amitan rèk balik. Kuring nu TI TADI ngadèdèngèkèun, ngajerit ceurik, rumasa geus salah sangka.
  6. Neni Geo Albanjari: Kang Alie S, Reuwasna sanes meumeueusan eta teh Kang...hatur nuhun Kang tos ngapresiasi...
  7. Neni Geo Albanjari: Abah Na Ambu, muhun geuning,pangaciannana kalabur bakat nyareri awak tilas geubis puguh ge....
  8. Neni Geo Albanjari: heheh nuhun Kang Rudya Kuz apresiasina...punten ah telat ngawaleran ieu teh
  9. Neni Geo Albanjari: Sumiati Nenk, eh geuning aya nu geulis di palih dieu... muhun mangga bd diilo heula mah, diantos apresiasina....nuhun neng
  10. Neni Geo Albanjari: Alhamdulillah, meni jentre Kang Nana Sukmana, nu lepatna katawis pisan, mdh2n we tiasa nerap elmu nu katampi teh. Rumaos rusuh teuing sareng kirang elmu nyeratna. Jazakallohu khoiron katsiroo
  11. Godi Suwarna: :"Idena sae pisan. Plotna oge ngaleunjeur. Mung ngetikna kirang apik. Seueur nu kalangkung. Upamina bae: 'sakapeng' tangtos maksadna mah 'sakapeung'. 'kareseuban' tangtos 'kareseban'. Lebar, Neng..!"
  12. Neni Geo Albanjari: Duh puguh ge muhun, handeueul rusuh ngintunkeun Kang Godi Suwarna. Wireh tos lami teu mikmin...duka lola panginten abdina dina hal cara nyerat kecap-kecap na basa Sunda...Jazakallohu Khoiron katsiron...
  13. Neni Geo Albanjari: Kang Nana Sukmana, tos emut tina kapiuhannana mah, mung ngarerepeh bae, janten nu ngobrol teh kabandungan, maksad mah kitu kang...
  14. Neni Geo Albanjari: Wa' Ratno, kang Ahmad Muzacky Assahary, Kang Herdi Pamungkas, Kang Jejen Jaelani War, Neng Sumiati Nenk, kang Mamat Supriatna, Ki Jante Arkidam, Kang Alie S, > Hatur nuhun kintunan jempolna...
  15. Neni Geo Albanjari: Kang Godi Suwarna, , Kang Iwan Hanjuang, Kang Ahmad Yani, Neng Meyz-Moelz Meliawati, Kang Rudya Kuz, Kang Liman Sanjaya,> hatur nuhun jempol pangrojongna, katampi pisan
  16. Neni Geo Albanjari: Kang Bagus Nurjaman, Kang Maman Gantra, Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, Kang Yusuf S. Martawidenda, Kang Iwan R Jayasetiawan, Kang Riyono Afdfvm, Ki Hasan,> Hatur nuhun tos maparinan jempol, katampi pisan
  17. Neni Geo Albanjari: Akang Remi, Kang Irman Dimyatie, > nuhun kang jempolna katampi...
  18. Nana Sukmana: Kedah rada disabit atuh sakedik hé hé hé....
  19. Neni Geo Albanjari: Kang Nana Sukmana, euh muhunnya, punten kang, pami kieu tiasa teu : Kuring nu tatadi geus inget deui, ngadedengekeun paguneman, teu sadar kuring ngajerit tuluy nyegruk ceurik, rumasa geus salah sangka
  20. Irman Dimyatie: :"Matakna kedah asak sasar, Aceuk. Ngarah teu nyasar kamana wae hehehehe....".
  21. Iwan R Jayasetiawan: Wah Ieu dulur nu hiji ( Kang Irman Dimyatie) kana susur-sarar bae nya
  22. Abi Ibn Al-Khairi: heuheu salah sangka deui bae yeuhhhh
  23. Neni Geo Albanjari: Kang Irman Dimyatie, heuheu muhun Kang, sasar kamana bae mah bahaya, nuhun pangemutna
  24. Neni Geo Albanjari: tuh nya kang Iwan R Jayasetiawan, meni telik we ka kang Irman Dimyatie...
  25. Irman Dimyatie: :"Duh, curiga wae ah...... wakakakakak".
  26. Neni Geo Albanjari: Abi Cepian Ibn Al-khairi, nyeta muhun Kang...gurung gusuh teuing ieu teh Kang...
  27. Bening Selaksahati: kanyaah nu sok kadang kawis nutupan manah nu beresih
  28. Neni Geo Albanjari: @Neng Bening, leres pisan neng...nuhun, bari rada kerung da
  29. Bening Selaksahati: naha kerung ibu ? ke ngirangan geulisna heu heu
  30. Neni Geo Albanjari: eta aya kecap kawis, lepat ngetik kitu? atw aya kecap 'kawis' teh...? kitu neng Bening Selaksahati nu janten kerung teh
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit