Update: 11 Séptémber 2012 19:00:09

Bati Kahayang

Ku Neni Geo Albanjari

Meni hayang indit ka pusat dayeuh, manggihan Presiden, rek ngabejaan yen manehna teh bisa nyonto ka nagri Fikmin nu aman. tengtrem, jeung walatra dina kaadilan. Wargana teu aya nu dipingsalkeun, sakabehna kudu bisa mikmin dina jalan nu bener. Mun aya nu onjoy, sadaya warga galumbira teu nyamunikeun kakeuheul. Mun aya nu can paham dituturkeun nepi ka paham, mun aya nu kaboboyot, dirarojong ku sakabeh warga jeung para pamingpinna. Milih pinunjul ti rayatna ge estu beresih tina sogokan, tara ngorupsi kecap jang hiji ungkara, teu harayangeun ngorupsi ungkara jang hiji carita, moal ngabobodo ku komentar, sonagar jeung someah pamingpin jeung para gegedenna, diturut sabda jeung rengkak paripolahna ku warga fikmin sakabeh, dina nanjeurkeun nagri fikmin, sakabeh warga fikmin teu kendat kendat nyumbangkeun jempolna nu arendah.
Ngan kahayang teh ukur bisa jadi kahayang hungkul, da piraku presiden nurut ka rayat nu cucungah, make hayang sarua walagrina jeung presidenna, jeung para gegeden nagrina. Cag ah da kabujeng cangkeul hate.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Usin Muhsin: aduuuuhhhh bet cangkel hate sagala......
  2. Neni Geo Albanjari: Kang Usin Muhsin, atuda meni teu aya daya, bati nalangsa nataan koropokna tihang2 nagri...
  3. Neni Geo Albanjari: Kang Herdi Pamungkas, Kang Usin Muhsin, Abah Avie, Kang Ahmad Fawzy Imron, Kang Kinkin Abdul Hakim, > Hatur nuhun tos ngarojong ku jempolna...
  4. Usin Muhsin: wadia balad nagri fikmin mah moal keuna ku cangkeul HATE.
  5. Neni Geo Albanjari: Kang Usin Muhsin, heuheu kedahna kitu, anggur mah sumanget bebenah, ke bade diurut heula hatena meh ical cangkeulna...
  6. Kinkin Abdul Hakim: Wios lah ceu Neni urang daruakeun wae...ku urng sugan jeung sugan enggal walagri..para papaying nagari teh...ngan mun keukeuh urang duakeun deuih,,,enggal2 modar..hikhikhik
  7. Herdi Pamungkas: sawangsulna...uing mah beugitu lebet lapak ge langsung ngajempolan singsaha wae....jempol silaturahmi sareng pangrojong....hihi
  8. Neni Geo Albanjari: Kang Kinkin Abdul Hakim, > hadoohhh...ngadoakeun mah osok...ngan dugikeun ngadoakeun kana "modar " mah teu kaemut...hihihihh
  9. Neni Geo Albanjari: Herdi Pamungkas, pan muhun jempoler sajati...nuhun atuh silaturahimna sareng pangrojongna. bari namprak nandean jempol kintunan akang hehehe
  10. Abah Avie: Punten bade ngiring ngalangkung wungkul.......bilih lepat cumariosna,hayoh ku kang RT na di coret dei......hehe wilujeng wengi ka sadayana...
  11. Neni Geo Albanjari: Ah Abah Avie teu kedah galideur di nagri fikmin mah, moal aya dicoret, ari sanes kahoyong nyalira, atw tos kamalinaan ngarurujit ajen tinajen di FBS
  12. Cassa Grande: Asik. Kaweunginakeun mingkin asik. Mugia waé dikuping tah kunu dipimaksad.
  13. Irman Dimyatie: Pan tos aya TAMAN MINI ENONESA ENDAH
  14. Neni Geo Albanjari: Cassa Grande, mdh2n be A...dibukakeun mata sareng ceuli batinna heheh
  15. Neni Geo Albanjari: Kang Irman Dimyatie, heuheu nu mini2 teh geuning endah...
  16. Irman Dimyatie: rok mini..... nu sok dipake ku Neng Rukmoni hehehehe....
  17. Neni Geo Albanjari: heheheh...Kang Irman Dimyatie, emut kasauran kang Jejen Jaelani W, taman mini di lebet rok mini na ceu rukmini nu nuju numpak metromini...piss ah kang Jen...
  18. Riyono Afdfvm: tangunjarkeun heula hate na teh
  19. Tanti Damayanti: Hehehe eta janten kana metro mini ?oh panginten bade kajakarta duh mani waas ti puncak ningal ka nagri fimin eta pelak jempol mani ngarebu eta tuda pupukna sae pisan, sapalih di kirim ka banjar ..kanggo teh Neni Geo Albanjari
  20. Jojo Johari: Enggal atuh angkat. Bilih kabujeng lengser! heuheuheu
  21. Neni Geo Albanjari: Riyono Afdfvm, heheh atos, malihan mah dipeuseulan sagala...
  22. Neni Geo Albanjari: Kang Jojo Johari,> da ieu ge tos siap, mung metro mini na mogokkkk...
  23. Neni Geo Albanjari: neng Tanti Damayanti, Hehehe muhun Neng, eta kang Irman da nu ngawitanana...enyaan renung sirungan pelak jempol teh komo nu usum hujan ideu mah, haduh...ieu tos dugi kintunan jempolna, nuhun pisan neng...
  24. Irman Dimyatie: Melak jengkol bakal jadi jengkol, mere jempol bakal narima jempol. Ah, rek terus-terusan ngajempolan we ah..... hhehehe
  25. Neni Geo Albanjari: Kang Irman Dimyatie, hahahah...jempol tawis katineng tinu maos, nu dikintun asa kagunturan madu...
  26. Irman Dimyatie: Leres pisan Aceuk Neni Geo Albanjari......
  27. Apoedy Sarah Ihsan: sok atuh di peuseul heula hate-na ngarah teu cangkeul.. heuheuheu...
  28. Jojo Johari: Heuheuheu..! Hareueueuh!
  29. Neni Geo Albanjari: numawi A Apoedy, dipeuseul mah dipeuseul sina leuleuy...hehh angger bae...da katingal jeung kadangu jabi karaos deuih...
  30. Neni Geo Albanjari: Kang Jojo Johari mah meni sok raoseun ari tos ngaheuheuh hareuh teh...heuheu...
  31. Teti Taryani: Jempol abbisss Neng Neni... saha nu terang aya inohong nu kataji ku nagri fikmin... muga-muga we...
  32. Jojo Johari: Apanan hirup mah ngahahahah sareng ngaheuheuheuh Teh ..heuheuheu ...hareueueuh!
  33. Neni Geo Albanjari: Teh Teti Taryani, Aamiin... ngan tos dugi ibar ka nagri fikmin, yen inohong2 na teh cenah tarorek sareng lalolong, Teh heheh...
  34. Neni Geo Albanjari: Kang Maspri Dkc, kang Ya Soebarta, Kang Nana Slamet Tresna Aji,> hatur nuhun kintunan jempolna...
  35. Yanti Sri Budiarti: Ihh..Saha nu terang hiji waktos aya presiden nu studi banding ka nagri fikmin...:) he he
  36. Neni Geo Albanjari: Neng Yanti Sri Budiarti, > tah geuning...eta pisan nu sok dianggo dines luar teh studi banding...kin urang rojokan presidenna hehehe...
  37. Neni Geo Albanjari: Kang Tatang Sumarsono, hatur nuhun kintunan jempolna...wilujeng enjing...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit