Godi Suwarna:
SAJAK TI JALAN KA MANA
ngémploh pucuk-pucuk entéh
mulas léngkob jeung lamping nu keur dumeling
sapanjang jalan rumangsang néang hibar langit beurang
hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
lalaunan angin rintih ngusapan léngkah guligah
luang-léong ngitung tikungan
kalah kérok balas nalék pulas haté halimunan
balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
samar-samar nyidem hujan jeung guludug
beuki jauh nyusud waktu
bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
kalah awor jeung geuneuk kelir karémpan
ngalulungsar di totowang
mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
sanggeus ngasruk alimusa ‘na rerembet tegal mangsa
beuki surti yén pucuk gunung panungtung ngancik dina sanubari
ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
bari naker ieu ketak saméméh béakkeun hégak
20 jempol
Dadan Sutisna:
Jungjunan, dina dunya jejaring sosial modél lapak urang, kecap téh teu béda ti kalakay nu dipalidkeun. Poé ieu katémbong kénéh mumbulna dina cai anu séah, isuk mah boa di mana. Jungjunan, dina awak anjeun, aya runtuyan kalimah kénging tekal-tekil para kanca, kenging uleng ngaragameneng, kenging nyongcay waktu—sakapeung dibarung ku kebul udud jeung kocék cikopi. Dina awak anjeun, rambay rupaning koméntar, nu beureumna nu hideungna, aya kalana élmu panemu balatak di dinya. Atuh lebar temen, mun anjeun tuluy kalaut taya tapakna, teu puguh di mana ngancikna, atawa ukur jadi abrulan huruf nu paburencay di sagara. Leres, béda jeung lanceuk-lanceuk anjeun (siga Nyi Novél, Jang Sajak, Ang Carpon, Aki Dangding, Uyut Wawacan, jsté), anjeun mah gumelar dina jaman nu sarwa bébas. Bébas nulis naon baé dina médiana sorangan. Najan éta kabébasan téh, sakapeung pagedrug jeung nu ngaranna prosés. Nanging teu kedah galideur, urang mah apan eukeur jeung terus ngawangun dokuméntasi nu weweg. Anjeun katut para kanca nu ngiring bumetah di dieu, urang apungkeun ka jauhna. Nepi ka hiji wanci, anjeun aya nu nalungtik, ku nu weruh disemuna. Geura wé, mun anjeun ngetik “Fiksimini” di Mang Google, urang téh tos aya dina réngking 5 tina 381.000*, tur sakedap deui gé popularitasna baris ngéléhkeun fiksimini basa Indonésia nu dina Twitter. Éta téh kumargi urang ngawangun dokuméntasi téa. Sakitu heula ti simuing, dipungkas ku “muah” tilu kali.
* data kaping 24 April 2012, tabuh 02:14
19 jempol
Nazarudin Azhar:
Kang Godi Suwarna, nu dimaksad teh termos es, atanapi termos cipanas? hehe.... Sim uing mah bade masihan ideu ka nu hoyong ngadamel grup dina fesbuk, sangkan grupna aya mangpaatna: grup RUMPAKA LAGU SUNDA (ieu penting pisan keur nu resep karokean lagu sunda, anggota tiasa mostingkeun rumpaka lagu kameumeutna kanggo nu meryogikeun, atanapi nyiptakeun rumpaka kanggo didamel ku musisi sapertos Kang Iwan Hanjuang). Grup HUTBAH BASA SUNDA (anggota nulis bahan kanggo hutbah jum'ah, hutbah idul fitri, hutbah nikah, sareng sajabina. Peryogi pisan kanggo nu biasa hutbah di masjid atanapi pangaosan, sapertos Kang Nana Sukmana, Kang Irman Dimyatie, Ang Ahmad Fawzy Imron, Ang Muhammad Shohiba Nu'man, sareng nu sanesna. Lian ti bisa ngeuyeuban tulisan pikeun bahan hutbah, nu nulisna ge pasti kenging pahala ti Gusti Nu Maha Suci. Tibatan unjang-anjing teu puguh karuh na fesbuk, sanes? ). Grup TALATAH KAYAS (eusina ieu mah tulisan nu kayas-kayas, jiga surat cinta lah. Tibatan nyarita kasar, asa mending nyarita nu romantis, upamana ti salaki ka pamajikan nu sarua resep fesbukan tapi keur pajauh, ti jajaka ka wanoja, atawa sabalikna, atawa ti nu anyar bobogohan terus hayang pamer, atawa nu hayang nyandung ka sasama fesbuker tapi teu bisa pok, dina grup ieu mah bisa laluasa berkayas ria. Tangtos pangarang sapertos Malik Mift Malik, Dhipa Galuh Purba, Arom Hidayat, Nyai Endit, sareng nu sanesna, bakal haget janten anggota). Grup CICIH CANGKURILEUNG (ieu mah husus kanggo penggemar Cicih Cangkurileung, penggemar istri nu namina Cicih, atanapi kanggo penggemar Cangkurileung). Grup CANDA LAHAR (ieu mah husus pikeun humor kasar nu ditulis memeh dahar). Grup ORASI BASA SUNDA (upamina orasi kanggo anggoeun tim sukses pilkada, orasi pikeun mahasiwa nu rek demo, jst). Grup ASEP TOHIR (grup pikeun urang sunda nu ngaranna Asep sareng Tohir). Saleresna seueur pisan ideu sim uing kanggo ngadamel grup teh, namung teu sadaya kahayang kudu dianteur karepna. Ieu mah diserat di dieu teh mamanawian tiasa ngaideuan nu hoyong ngadamel grup di fesbuk. Ka saha wae nu bade ngadamel grup tina gagasan sim uing di luhur, kedah masihan royalti. Hatur nuhun.
18 jempol
Godi Suwarna:
:"Bisa jadi aya nu maca komen uing di luhur, nu nyangka uing jeung Ang Usep Romli karooh ku duit. Heueuh, Uing butuh duit. Moal diangles. Da uing ge nyaho yen hadiah sastra LBSS teh proyek, nu aya rengkolna dina APBD. Beda jeung Nyiar Lumar, uing jeung barudak panitia teu dihonoran. Digawe tisusut-tidungdung teh estuning didasaran ku kanyaah, ku kacinta kana budaya. Beda panginditanana..."
18 jempol
Nazarudin Azhar:
Kang Tatang Sumarsono, hatur nuhun pisan seratanana, mugia kamandang Akang tiasa kaaos ku sadayana, kanca FBS. Leres, perkawis komen saena ngandung "nilai plus" sakumaha kasauran Akang. Tujul kana ajen karya nu dikomentaran. Mung panginten dina leresan ieu, teu sadayana kanca tapis ngungkabkeun pamanggihna dina ngajen hiji karya. Malah boa seueur nu ngan ukur resep nyerat, tapi lebah kedah ngomentar nu daria neori mah rupina teu sadaya gaduh pakakasna. Sok sanaos anjeunna katajieun ku karya nu dikomentaranana, atanapi mendak kakirang dina eta karya, namung sesah kumaha ngedalkeun pamendakna. Seuseueurna komentar teh ukur kecap atanapi kalimah reaktif: edun euy, edas, asiiik, wah mantap, upamina. Numutkeun sim kuring mah komentar kitu teh sami sareng upami urang keprok sabada ninggal pintonan. Eta mah pintonan naon we, nu bisa ngabandang pangaresep urang, nu matak kataji. Boh musik, teater, tari, debus, balap kuda, ngadu domba, dangdut, atanapi naon wae. Keprok teh minangka ekspresi, pangajen urang ka nu dilalajoan. Da sok sanaos resep kana eta pintonan, teu sadayana tiasa nembrakkeun lebah mana resepna, ku naon make resep. Da mun teu resep mah moal parat boa lalajona ge. Kitu deui dina maca fikmin. Ngomentar teh seseringna (ieu mah sim kuring) kajurung ku rasa nu spontan. Mencet jempol, laju nulis, kalan-kalan mah ukur: "Ngageleser Ang!" upamina, mun karyana alus.
Memang peryogi, komentar nu kritis, atanapi komentar nu apresiatif, nu katawisna ayeuna langkung seueur diserat utamina ku "fikminer senior" :D, nu tangtosna ageung mangpaatna kanggo kanggo ngajembaran pangaweruh kanca FBS. Namung komentar nu spontan, heureuy, atanapi ukur 'ngaramekeun' ge, teu sawios. Etang-etang ngaraketkeun hubungan emosi di antawis kanca FBS. Kacontoan kamari waktos ngariung di Unpad. Da tos biasa tea silih komen, silih jempolan dina ieu lapak, pas tepang teh langsung conggah, padahal anyar pinanggih. Namung tangtos, nu dipiharep mah langkung seueur komentar nu “bergizi” tibatan komentar nu dipapandekeun kana keprok tadi. Minimal aya tarekah nu daria ti kanca FBS dina nyurahan atanapi ngaapresiasi karya nu dibacana, nu diserat dina komentarna.
Nu dipiharep, ieu lapak FBS teh aya mangpaatna. Sanes wungkul kanggo ngipuk sareng numuwuhkeun pangaresep kana ngarang fiksi (mini), jembarna atuh urang beuki nyaah kana Basa Sunda, tapi oge mangpaat pikeun panglipur. Da panginten aya nu daria pisan, maca fikmin teh, aya oge nu ngan ukur hayang manggih pangbeberah manah. Rupina teu aya lepatna. Kitu deui dina mosting fikmin, aya nu keyeng hoyong midangkeun karya nu tiasa ngahontal ajen sastra, aya oge nu ukur hayang babalagonjangan. Mangga teh teuing, asal jiga we heula. Da nu tos kantenan ngacapruk pisan mah dipupus ku admin.
16 jempol
Teu Sampurna
Ku Neni Geo Albanjari
Anjeun lir kembang nu endah jeung seungit ngan angger hiji waktu pasti muguran