Update: 29 Maret 2012 23:00:14

Ngaroko

Ku Lalat Socrates

Buku ngaleuyah, nu ipis nu kandel maturan nulis makalah. Teu kaur trét, sakalimat dua kalimat... huleng deui. Celenun deui kana roko, alahh ieung roko panungtungan. Cekés sut disundut... nyot dikenyot serbung haseup ipis gutak-gitek siga anu ngaheureuyan. Nikmat nakeranan, pikiran jeung imajinasi ancul-anculan, acleng-aclengan pundah-pindah teu puguh jejerna.

Samenit.. dua menit, sajam... dua jam. Aééhh naha roko teu beak-beak...?? Guning dikenyot teh lain mondokan, naha bet kalah manjangan...?? Kakara ngeuh roko geus ngaliwatan lawang panto kamar, rungkal ringkel meulit kana suku korsi, ngurilingan meja. Katingali tungtung roko anu aya seuneuan ulag-ileug siga hulu oray anu rék macok.....

Kuring bati olohok...

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Lalat Socrates: Hatur nuhun jempolna, kahade bisi manjangan..... hihihi
  2. Taufik Rahayu: bade macok na kana naon Kang? kade ah bilih papacok pacok... ahahaha
  3. Lalat Socrates: Taufik Rahayu : duka tah... tengah peuting ngadon lanto ka kamar.... alaahhh boa-boa.....
  4. Dadan Sutisna: Pelem jeung matak reuwas (bari ngusekkeun kuntung kana asbak). Kaahengan ti Mang Lalat Socrates tos ngawitan murudul deui yeuh. Mung eta asa kakenyed deui ku kalimah sajajar nu panungtung , padahal tos nanjak bade ka puncak. Simuing mah keur ngabayang-bayang nu manjangan siga kitu teh roko nu handap, meulit kana meja, tuluy euleugeug payuneun... mitoha. Duh, kacipta.
  5. Lalat Socrates: Dadang Dadan Sutisna : atuda..... arek teu olohok kumaha yayi...?? katingali pisan eta tungtung roko teh ulag-ileug ngadeukeutan pingping pamajikan anu boleklak......
  6. Kopral Cepot: ... abdi mah cekap dugi ka roko panungtungan ... ulah jadi hulu oray *ngomen bari beakeun roko*
  7. Lalat Socrates: Kopral Cepot : kade iihhhh anu atos-atos oge, roko pameakan mah sok manjangan hihihihihi
  8. Godi Suwarna: :"Okeeeeh, 'Maaaang...! Sik, asik, asiiik...! Amang teh ari nyetatus ku bahasa Enonesa mah sok gelo pisan..! Nembe ayeuna gelona aya dina fikmin Sunda..! Wilujeng gelo, Amang..! Asiiik dekh..."
  9. Lalat Socrates: Godi Suwarna : hehehe manawi Ang.... mun hayang cageur sok kudu ngasalkeun, nyaeta jadi Sunda deui. hahahaha....
  10. Kopral Cepot: malem jum'at mah biasana tara meser roko ... cekap nu pondok ... ternyata alam FBS masih rame, kapaksa nyimpang heula kadieu .. heu heu heu ... wilujeng manjangaaan
  11. Lalat Socrates: Kopral Cepot : manawi, kalah roko anu manjangan teh.... da ari surutu mah geuning kalah murungkut.... hihihihihi
  12. Tantan Hermansah: hade.....
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Lalat Socrates
  1. Nimbun
  2. Tarucing Cakra
  3. Nurus Langit
  4. Titik
  5. Titik
  6. Fikmin Umroh
  7. Bidadari
  8. Hapé
  9. Tobat
  10. Ringkang
  11. KTP
  12. Kacang Hejo
  13. Bogoh
  14. Parancah Maksa
  15. Saré
  16. "a"
  17. Ilapat
  18. Darma Wawayangan
  19. Jadi Pangéran
  20. Sajarah Pungli
  21. Duda Nyandung
  22. Ciri
  23. Ciri Kiamat
  24. Buleudan
  25. Akang Sing Rido
  26. Keclakna Minyak Jalantah
  27. Tumang
  28. Hirup
  29. Nyeri Awak, Ngarah Raos
  30. Anu Lamokot Ku Dosa
  31. Kanjut Kundang
  32. "patung"
  33. Antara Jati Nangor jeung Dipati ukur
  34. Fikmingrafis
  35. Fikimgrafis
  36. Kandidat Duda
  37. Kalangkang
  38. Cacarékan
  39. Makalah.....
  40. Gatot
  41. Tara Itungan
  42. Katresna
  43. Bulan Ngarangrangan
  44. Ngaroko
  45. Lima Waktu
  46. Laptop
  47. Mikmin
  48. Anu Nyiram
  49. Ngan Ukur Fiksi Mini
  50. Ngeusi Pulsa
  51. Raraban
  52. Bewara Langitan
  53. Sagara Bandung
  54. Nyandung
  55. Rusiah
  56. Pancer Diri
  57. Geuleuh
  58. Nyandung
  59. Ngarang
  60. Usul Basa Dialék, Lain Fiksi
  61. Fikmin
  62. Nguseup
  63. Kenyod
  64. Tapekong
  65. Lain Irung
  66. Olangan
  67. Kahayang
  68. Cita-cita
  69. Emasipasi Dina Kulawarga Ideal
  70. Nu Patepang Anggang
  71. Gideug Nu Sarua
  72. Sepi
  73. Lain Fikmin
  74. Ngeunteung
  75. Status
  76. Nyolok
  77. Pangsiunan Pasaran
  78. Pangeran nu Mana?
  79. Hutang
  80. Cikaracak
  81. Ngobok
  82. Agama Kiwari
  83. Patekadan
  84. Tuang Heula
  85. Modolan Langit