Ku Lalat Socrates
Lima waktu, nyapih diri ngisat raga, ngawirid-mepende hate geusan rancege, rancingeus lan tarapti pikir.
Mun ukur ku rasa-rumasa namprakkeun diri nyanggakeun raga ka anu ngayuga, atuh gening Mantenna mah mutuh teu perluna.
Aya hate kadua leutik susuganan Mantenna ngayugakeun ieu diri nincak dina sawarga-maniloka, ditukeuran ku waktu kuring anu lima waktu, disilihan ku bakti tur darma, tapi da puguh Mantenna mah moal ngoretkeun teu kudu jeung pangirimna.
Naon atuh hargana hirup aing sangkan reueus tur aya rasa bagja jaga dina dampal mantena...??