Update: 29 Maret 2012 23:00:14

Fikmin Umroh

Ku Lalat Socrates

Di kantin UNPAD, jam 4 soré, para pamilon saémbara nulis Fikmin Sunda ngumpul ijigibrang, ngobrol silih témpas, negunaan fikmin. Pada-pada gedé haté bakal meunang hadiah umroh tina saémbara fikmin. Anu pang riweuhna moal salah mang Irman Dimyatié. Ngan éta ku ahéngna téh, nu ngumpul di kantin téh euweuh saurang oge anu ngiluan saémbara, da cenah datangna tarelat, aya anu jam 3 aya anu jam opat soré datangna ka kampus UNPAD téh.
ééhh... naha atuh maké jeung pada bungah pédah bakal meunang hadiah umroh? Ahh da cenah teu aya hadiah umrohna mah... hadiah umrohna mah kin cenah tina macakeun sajak di kampus UIN, da tipayun gé kang jeng prebu Godi, meunang titél Haji ti panicia maca puisi.... IIhh... ku teu balég, mana horéng éta téh pagawéan mang Beni anu nga-SMS juragan Toni Lesmana anu ngabéjaan yén mun hayang hadiah umroh kudu ku pol di kantin, kin dibenum Haji ku mang Lalat Socrates, Hajina ge negri, sanés swasta.
édaaass wééé... dasar mang Beni....

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Pungkit Wijaya: sertifikatna aya lisensiannya. he
  2. Lalat Socrates: aya... cap jempol..... hihihi
  3. Ricky Andriawan Mardjadinata: Di jamin Halal kang ?he..
  4. Lalat Socrates: Ricky Andriawan Mardjadinata: halal mah urusan sertifikat..... teu hese kantun ngeprint, juragan... hahaha
  5. Maman Gantra: Hahaha... Asa teu katingali kamari teh, Kang Gibson? Atanapi mojok sareng salah sawios fikminis?
  6. Lalat Socrates: kang Maman; hihihi... abdi mah dongkap jam 3 sonten... maklum ari siswa sakola mah teu tiasa bolos... hihihihi
  7. Wida Waridah: Teu nyangki, aya filsuf, tibuburanjat ari dibell ku tetehna mah. Ck.. Ck.. Ck.. Saurna ngantunkeun kantin unpad ge gura-giru semu rurusuhan...
  8. Maman Gantra: Yaktos, Kang. Komo siswa tuladan mah... (Mung, asa teu ningali? Calik di palih mana?)
  9. Lalat Socrates: di tengah, caket tripod Cam... teras, ka luar, ka kantin caket gerbang ka luar... sareng kang Toni, Beni , mang Irman sareng anu sanesna... hihihi
  10. Liman Sanjaya: Mung kahade dina maledog jumrohna, bilih lepat.. ;)
  11. Lalat Socrates: Liman Sanjaya: pan anu penting mah maldog patilasan setan & Iblis...... pan rea di kampus UIN ge nu karitu mah?? hahahhaha
  12. Jojo Johari: Heuheuheu.. Dugi ka kituna geuning? ..hareueuh?!
  13. Beni F. Syarifudin: kanggo nu bade umroh, gembokna aya disimkuring. ke dipasikeun pami lomba FIKMIN hadiah umrohna tos berjalan. Kantun ngantosan ti ketua panitia Irman Dimyatie.
  14. Entjep Sunardhi: Bati kerung, ngumbar impian, abong fiksi ngarambat. Heuheuheu teu nganggo hareueuh aya nu kagungan hak patenna JJ.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Lalat Socrates
  1. Nimbun
  2. Tarucing Cakra
  3. Nurus Langit
  4. Titik
  5. Titik
  6. Fikmin Umroh
  7. Bidadari
  8. Hapé
  9. Tobat
  10. Ringkang
  11. KTP
  12. Kacang Hejo
  13. Bogoh
  14. Parancah Maksa
  15. Saré
  16. "a"
  17. Ilapat
  18. Darma Wawayangan
  19. Jadi Pangéran
  20. Sajarah Pungli
  21. Duda Nyandung
  22. Ciri
  23. Ciri Kiamat
  24. Buleudan
  25. Akang Sing Rido
  26. Keclakna Minyak Jalantah
  27. Tumang
  28. Hirup
  29. Nyeri Awak, Ngarah Raos
  30. Anu Lamokot Ku Dosa
  31. Kanjut Kundang
  32. "patung"
  33. Antara Jati Nangor jeung Dipati ukur
  34. Fikmingrafis
  35. Fikimgrafis
  36. Kandidat Duda
  37. Kalangkang
  38. Cacarékan
  39. Makalah.....
  40. Gatot
  41. Tara Itungan
  42. Katresna
  43. Bulan Ngarangrangan
  44. Ngaroko
  45. Lima Waktu
  46. Laptop
  47. Mikmin
  48. Anu Nyiram
  49. Ngan Ukur Fiksi Mini
  50. Ngeusi Pulsa
  51. Raraban
  52. Bewara Langitan
  53. Sagara Bandung
  54. Nyandung
  55. Rusiah
  56. Pancer Diri
  57. Geuleuh
  58. Nyandung
  59. Ngarang
  60. Usul Basa Dialék, Lain Fiksi
  61. Fikmin
  62. Nguseup
  63. Kenyod
  64. Tapekong
  65. Lain Irung
  66. Olangan
  67. Kahayang
  68. Cita-cita
  69. Emasipasi Dina Kulawarga Ideal
  70. Nu Patepang Anggang
  71. Gideug Nu Sarua
  72. Sepi
  73. Lain Fikmin
  74. Ngeunteung
  75. Status
  76. Nyolok
  77. Pangsiunan Pasaran
  78. Pangeran nu Mana?
  79. Hutang
  80. Cikaracak
  81. Ngobok
  82. Agama Kiwari
  83. Patekadan
  84. Tuang Heula
  85. Modolan Langit