Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Nu Patepang Anggang

Kénging Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 26 Séptémber 2011 14:43:27

Hirup téh geuning napak lir ibarat anyaman bilik, patumpang-silang siga susunan bata. Teu ngabaris jajar-jajaran, tatapi sulang-seling silih sambungkeun. Siga léngkah suku, kénca jeung katuhu. Léngkah suku ka hareup, teu pernah mundurkeun léngkah. Kari wanci suku katuhu ka hareup bakal disusul ku suku kénca ti tukang, tapi iraha suku kénca undur ka tukangna? Kitu ogé mangsana suku kénca ngasrog ka hareup, pastina gé ninggalkeun suku katuhu di tukang, tapi iraha suku katuhu undur ka tukangna?

Tiap-tiap wanci ngagilir, ayeuna ninggalkeun tadi, kiwari ninggalkeun kamari. Pauntuy-untuy pataréma jaman, taya lolongkrang anu nyumputkeun semu kamari ka ayeuna, ayeuna jeung kamarina. Taya anu unggul tara nu rendahan. Cik kénéh, mata poé ngungudag juru langit beulah kulon, puncengis medal ti wétan. Taya eureunna, taya kendatna. Lir ibarat kaluar ti hiji rohangan, ngaléngkahan guratan panto kaluar, nyatana lain kaluar tatapi asup ka ruangan séjén. Asup jeung kaluar mungguh ngan sesebutan, pindah jeung rubah singhoréng ngan rarasaan.

Nyoréang mangsa sawelas bulan katukang, angkanan moal panggih deui. Kiwari gapura nu tiheula digupay paturay, ngajanggélék manco hareupeun, paturay patepang deui. Mata poé nu kamari nyusup di juru-juru langit béh kulon, isukna baranyay ti anggangna jomantara lebah wétan; naha éta téh mata poé anu sarua? Gapura anu sawelas bulan katukang kungsi diceungcerikan alatan kasapih wanci paturay anggang, kiwari patepang ngajajap datang.

Dina simpena janari, bari rerencepan ngeteyep siga nu teu téga ngahudang tibrana urang. Lawang gapura lalaunan muka, rekétna éngsél-éngsél nyoéhkeun simpéna saré. Ujang geura hudang, geura jajap itu anu datang. Ujang, boa urang kasarung kasalahan jalan, tuh geuning anu tipayun dikantun miang, ayeuna mapag datangna urang. Tuh tingali, gapura anu sawelas bulan ka tukang ku urang disapih ngampih, dikantun di jurung murung, gening naha geus aya di hareupeun urang?

(..... punten panjang teuing)*

Komentar (7)

Yadi Fathur
Moal waka komentar ah... rek maca heula..
Ahmad Fawzy Imron
Resep pisan macana..panjang..
Ki Baba Gibson
anu nulisna bati nyengir.........
Rochaeni Neni Albanjari
teu panjang sakieu mah...sae...maos basa sunda model kieu mah moal bosen...
Satria Nihilsme
meuni rusras...
Cicara Cac
Waktu nyorang jalan satapak, nu reumbay ku kakayon, hate ngajenghok, aya maung ngadagong , suku kenca, suku katuhu papaheula mundur katukang, antukna tikudawet, , tarang nyonyor ngadupak tungtung ranjang..Astagfirullah, geuning geus wanci janari...
EMAN BUDIMAN
euleuh teu kabujeng tamat macana oge..:)