Update: 27 April 2012 20:40:07

Rajah Pamungkas

Ku Deden Abdul Aziz

"Ahuuung..." Panjang tur melung. Sora Aki Dadan terus nungtung. Iwal jentréng kacapi dina wirahma Rajah Pamuka terus ngajentring. Ramo-ramo nyintreukan kacapi. Kalan-kalan diképrét. Dikeprak ku dampal. Nyipta nuansa. Tapi taya sora Aki Dadan ngarajah. Kalah sora jentréng beuki motah. Aki Dadan anteng ngajentréng. Mirig rajah nu teu kedal. Ngan saahung-ahungna. Aki Dadan kalah rambisak. Aya nu ngalémbéréh. Beureum. Cimata getih. Ramo-ramo kolot nu geus dalit jeung kacapi baloboran getih. Panon Aki Dadan buncelik. Moncorong. Burahay tanding banténg bayangan. Tapi sorana angger leungit. Aki Dadan ngadadak pireu. Ngabigeu. Tukang ngarajah bet ilang rajah. Kasilih sora pidato. Piligenti. Gegedén. Jeung para calon. "Ahuuung..." Sora pamungkas.*

[102 kecap]

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Akang Remi: Heuheu...Mung mirig nu promo rupina, tabeuh rajah teh! Ahuung muka jeung nutup acara!
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: Ahuuung...! Balangkeun ka nu keur pidato! Dahsyat Ang! Jempol pooool...!
  3. Rudi Riadi: Sora rahayat beuki peura, beuki peura, beuki euweuhan. Atawa ceuli pejabat nu geus barudeg? halah...fikmin pulitis anu puitis...hehe. Cekap ku 102 kecap.
  4. Asep Komara: Siiiiip, Ang......Nuju kelas 5 SD, simkuring kantos nongton nu mantun teh.....kebat dugi kaayeuna teu kantos ningal deui...asa lewang harita mah..ningal Ki Juru Pantun manggung sosoranganan...nu nongtonna oge corengcang, tapi teu gedag kaanginan...ngangres Ang...mung ayeuna mah sok aya dina radio geuning : "Sujud sukur ka Nu Agung Ya Alloh pangraksa jagat....".
  5. Deden Abdul Aziz: Uhun, Ang Remi Sadkar, kedahna mah Si Aki nu promo albeum. Ieu mung janten figuran, ngagugurkeun kawajiban kapan meh diaku ngamumule budaya sorangan... Hahay!
  6. Ahmad Fawzy Imron: abdi mah teu acan ngartos keneh kana eusina...bade nyanggakeun heula jempol wae..pamugi katampi kalayan kabingahan..hehe
  7. Arom Hidayat: Kerén... Kang Deden.. Hung..ahung. -ngacungkeun jempol-
  8. Yanti Sri Budiarti: Kacipta beurat tur ngahanju..! Saahung-ahungna, bari teu kebat..!
  9. Irman Dimyatie: :"Gusti Nu Agung...!!! Harade pisan fikmin teh. Uing nepi ka lieur kudu ngomen hiji-hiji."
  10. Akang Remi: Ahihihihi...Ngamumule sareng ngamumurah, asana mah benten hartos, ah Si Aki mah!
  11. El Hijar: deudeuh teuing aki rajah, teungteuingeun si gegeden... tapi da kitu kanyataanana...
  12. Deden Abdul Aziz: Dibalangkeun mah atuh bobor karahayuan Si Aki, Ang Shohiba Nu'man. Ieu teh kembaran fikmin nu di Unpad tea, tapi nembe diposting... Hihihi
  13. Deden Abdul Aziz: Kitu kaayaanana kapan ceuk dalang oge, Ang Rudi Riadi. Pulitis, murilit nepi kana bitis...
  14. Deden Abdul Aziz: Di Cianjur kantun saurang deui, nyaeta Ki Dadan (aslina ieu mah), Ang Asep Komara. Kapungkur kantos ngabandungan Aki Pantun ti Banjarsari, tapi ayeuna tos teu aya...
  15. Deden Abdul Aziz: Bingah amarwata suta nampi jempol Ang Haji Fawzy Imron mah. Kantenan jempol nuju sasih mulud seueur berekatna...
  16. Deden Abdul Aziz: Ahung, hatur nuhun, Ang Arom Hidayat... --newakan jempol
  17. Deden Abdul Aziz: Ahung nu pamungkas tea pasti beurat, Ceuk Yanti Sri Budiarti...
  18. Deden Abdul Aziz: Tong hiji-hiji atuh, Ang Irman Dimyatie, sapuluh disakalikeun tapi...
  19. Deden Abdul Aziz: Murah tapi sanes ngamumurah maneh panginten, Ang Remi Sadkar...
  20. Deden Abdul Aziz: Biasa mung janten panggembira supaya disebut ngaku keneh kana tradisi. Ngagugurkeun kawajiban tea dina seremoni kedah aya seni tradisi, Ang Ibnu Hijar Apandi...
  21. Muhammad Shohiba Nu'man: Baruk! Duh, mun apal heded kieu mah kaduhung teu disungkeun. Moal nyamos teuing meureun. Heuheu
  22. Endah Dinda Jenura: ieu fikmin pameran fotografi nya? ahahhha!
  23. Nazarudin Azhar: Tadi teh geus komen di lapak ieu, tapi ka mana leosna nya? heuheu... Pokona mah edas tah. Introna mah tos nguping waktos nganjang tea malem Ahad kamari, pas maca fikminna, kasambung ku rasa ngangres, ras ka nasib seniman pantun nu dipireukeun gorowok banal kahirupan di sabudeureun... Mugia seniman sapertos Aki Dadan, kenging kamulyaan mungguh Gusti nu maha mibanda sakur rasa seni...
  24. Akang Remi: Amin...
  25. Deden Abdul Aziz: Harita mah pan nembe sapotong, Ang Shohiba Nu'man. Nembe direngsekeun bada acara dugika ayeuna...
  26. Deden Abdul Aziz: Unggal aya acara biasanya Aki Dadan jadi pamuka, Neneng Dinda Jenura. Sakapeung Ki Dadan ngalanglaung ahung-ahungan, nu gaduh hajat mah jongjon we... mikmin, eh teteleponan.
  27. Deden Abdul Aziz: Hayoh digulang-gaper apanan, Ang Nunu Azhar. Tah, Aki Dadan unggal dinten sok aya di DKC (tempat kamari Aang nonton titer tea)...
  28. Ajeng Kania Rucita: ukur tamba bae, karunya ki Dadan teh
  29. Deden Abdul Aziz: Tamba kawaranan, Ceu Ajeng Kania Rucita...
  30. Godi Suwarna: :"Ieu fikmin ahung pisan, Yayi...! Sarua jeung urang, mikmin teh sakadar ahung-ahungan satengahing pagaliwotana mangpirang sora. Nya sawios we lah batan pireu pisan mah, da tangtos ari ahung mah bakal kapireng ku Nu Agung..."
  31. Deden Abdul Aziz: Ahung pisan, Kakang Prabu Godi Suwarna. Ahungna ge kalan-kalan deuih, da seueur diraut digulang-gaper heula. Teu tiasa ngunclungkeung dugika juhlas ahung sadinten...
  32. Budi Mugia Raspati: pami filem mah ieu teh Martin Scorsese..sesah ditaekana ieu mah..jempol nyanggakeun..
  33. Deden Abdul Aziz: Diaos we tong ditaekan, Ang Budi Mugia Raspati, bilih tigurawil... hihihi
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Deden Abdul Aziz
  1. Aya Tatu Dina Dadana
  2. Sakeclak
  3. Rajah Pamungkas
  4. FragmÉn Kalakay
  5. BÉntang Lapangan
  6. FragmÉn PangantÉn
  7. Heurin Ku LÉtah
  8. The Énd
  9. Telepon Koin
  10. Adam Air
  11. Platonis
  12. Cimata Hujan
  13. Maya
  14. Pasini
  15. Drama
  16. Mr. Brown
  17. Nyegruk
  18. Kakasih
  19. Pipisahan
  20. Dongéng Tangkal
  21. Dongéng Fikmin
  22. Dongéng Kolot
  23. Lain Fikmin
  24. Dongéng Jero Pisan
  25. Dongéng Hayam Jeung Endog
  26. Wanci Tengah Poé
  27. Repvblik Fikmin
  28. Meuli Haté Ku Ladang Késang Profésional
  29. Mind
  30. Ayank
  31. Patung
  32. Rebo Wekasan
  33. Nu Hayang Jadi Pahlawan
  34. Ziarah
  35. Kasarung
  36. Tahlil Fb
  37. Lunta
  38. Ida
  39. Wanci Ratri
  40. Telepon 1
  41. Wanci Lilir
  42. Warisan
  43. Pipisahan 2
  44. Pipisahan