Update: 29 Maret 2012 01:50:14

Kakasih

Ku Deden Abdul Aziz

”Nyeri beuheung sosonggéteun. Sapoé asa sataun. Ngantos Kangjeng teu jol baé...” Rérés tutup buku ‘Geus Surup Bulan Purnama’ yasana Yous Hamdan, bet ngalangkang rupa Emang nu ranggéténg sihung jeung tanduk. Tapi panangan Ema Nini nu salawasna ngucumel tasbé ngusapan tanduk Emang dugika ilangna. Lambey Ema Nini nu salawasna ngaderes solawat niupan sihung Emang dugika sirnana. Janggélék Emang nu keur nikreuh kundang iteuk. Mapag kelewungna sora adan. Buku téh nutup luhureun pajaratan…

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yanti Sri Budiarti: hhhhmmm...Bati ngarakacak...
  2. Godi Suwarna: :"Geus Surup Bulan Purnama....! Waas...! Carpon petingan dilebetkeun kana fikmin. Janten manjang. Boa ieu nu disebat interteks teh, sanes..? Nu hiji dikantun Rosul. Hiji deui dikantun Emang. Kasedih teu kalis ku tutup buku di luhureun pajaratan. Ngiring belasungkawa, Aom..."
  3. Hadi Aks: Jih, ngajak nineung psn ieu mah, tepi ka ujug2 hyg nyuuh! Ku naon pangna si Emang kitu, nya tegep psn disamarkeun. Waas, inget ka Mang Opang jd Bilal, adi jd Abu Bakar, uing mah jg Cecep Burdansyah bagean ngarengkenek, pabeulit suku bari ngahariring.
  4. Nazarudin Azhar: Kudu jero teuleum téh ieuh, da nyéta, ari nu ngaran mutiara mah ayana di dasar. Tapi teuteuleuman dina fikmin jiga ieu mah moal aya bosenna, teu karasa capéna da nyidem kaéndahan nu matak ngareuhreuykeun lelembutan. Katampi, fikmin petinganana, Ang..
  5. Muhammad Shohiba Nu'man: Subhanallah.. Malem juma'ah ngaos fikmin nu leleb siga kieu.. Ieung.. asa ngemutan diri nu kedul maca solawatan.. beu.. Hatur nuhun Ang! Katampi pisan..
  6. Deden Abdul Aziz: Langkung ti ngarakacak, Teh Yanti Sri Budiarti, lelembutan asa hiber duka eunteup di mendi...
  7. Rudi Riadi: Wah, beurat pisan ieu mah. Teu kataekan. Nu jelas di dieu mah, kanyaah indung moal laas, nepi ka iraha bae oge.
  8. Deden Abdul Aziz: Angen kaweur, Ang Prabu Godi Suwarna, asa kabangbalerkeun ku fikmin. Kumaha rasa kaleungitan basa Jungjunan ngantun, geuning karaos nyeuitna sanajan mung dikantun ku Rama Paman, sepuh hiji-hijina gegentos pun biang... Nuhun kana pangrojongna, Ang Prab.
  9. Deden Abdul Aziz: Puguh nyuuhna karaos pisan, Aka Hadi Aks. Rasa ditinggalkeun ku Emang "kakasih" nineungna jadi emut rasa kaleungitan waktos harita ngadangu kelewung Ang Darpan A Winangun adan...
  10. Deden Abdul Aziz: Nerejel pisan hayang dikedalkeun ieu fikmin, Ang Nunu Nazarudin Azhar. Tina kakingkin nu teleb tea. Nuhun pami katampi mah, Ang!
  11. Deden Abdul Aziz: Ieu fikmin ujug-ujug luncat kana lapak, Ang Muhammad Shohiba Nu'man, ngajak solawatan. Nuhun.
  12. Deden Abdul Aziz: Ngan bisa dilubarkeun kana fikmin, Mang Rudi Riadi. Ngabayangkeun pun nini dikantun 13 putra, hiji-hiji, pamungkas dinten Senen kamari pun paman pupus. Raheut manah anjeunna sigana tanding Dewi Gandhari nu dikantun tiwas 100 kurawa. Duh.
  13. Is Tuning: Innalillahi wainna Illaihi ro'jiun. mugia almarhum ditampi Iman Islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun alam kuburna, dijéjérkeun sareng sakumna umat Kangjeng Nabi. Amin..
  14. Deden Abdul Aziz: Amin. Hatur nuhun, Ang Is Tuning, ieu mah fikmin, mung kailhaman ku rasa kaleungitan. Hatur nuhun kana pidu'a sareng pangrojongna. Mugia pun uing janten tambih sumanget kana mikmin...
  15. Dadang Soekanda: Kataji ku nu salawasna ngucumel tasbe, boa nu tandukan jeung sihungan gambaran Emang teu jauh jeung kaayaan simkuring, neda jiad do"a katut sholawatna ka Ema Nini, anu ngalap kana elmu hikmah ngudag kana karomah, tabe Kang Den...
  16. Deden Abdul Aziz: Nuhun, Ang Dadang Soekanda. Gambaran eta mah sigana ngancik di papada urang. Nafsu nu ngajirim dina tanduk jeung sihung mung tiasa pupus ku nyebat Asma Anjeunna...
  17. Dadang Soekanda: Yaktos nafsu hewani, tanduk jeung sihung gambarannana. Nyamuni rikip numpakan nafsu amararah, kalan kana nafsu lawammah. Nyaan Kang Deden A A, asa leubeut, seueur guareunnana, ti ngawitan dugi ka ahir najan ngahiji tapi bisa misah, najian bisa dipungel tapi tetep ngahiji.. tarik ieu mah istikharohna, taluk Kang .
  18. Deden Abdul Aziz: Nyobian rada nga-Ang Haji Fawzy Imron fikmin teh, Ang Dadang. Ngararaoskeun nu ngarandakah dina hate, rasa mahabah ka Jungjunan jeung ka sasama umat-Na...
  19. De Hudaya: Ancul-anculan kang. Teras neunggar dada. Hebring deh.
  20. Ahmad Fawzy Imron: subhanalloh..anteb..
  21. Deden Abdul Aziz: Asal ulah terus ngagubrag we, Ang Deri Hudaya...
  22. Deden Abdul Aziz: Ngicip-ngicip nu siga Ang Haji Fawzy Imron ti dituna mah...
  23. Yayan 'Bedog' Supriatna: duh....anteb pisan Kang Deden Abdul Aziz
  24. Nana Sukmana: Sae Mang Deden Abdul Aziz tuk-tek sapertos nu maen pingpong, adu manis ngawangun spin, cop, drive, sareng loop rasa nu ngamuara dina rally nineung..... sip sip sip!
  25. Deden Abdul Aziz: Urang sami-sami solawat ka Mantenna, Ang Yayan 'Bedog' Supriatna...
  26. Deden Abdul Aziz: Kantenan pami dobel, Ang Nana Sukmana. Asal teu pacorok hate sareng uteuk, heuheu...
  27. Ida Nurulhuda: Ngajak misono jungjunan,ngajak ngaderes solawat..,sapangaresep !
  28. Nazarudin Azhar: dibaca deui, leuwih karasa endahna... jempolna ditambahan...
  29. Muhammad Shohiba Nu'man: Kamari mah nu nyangkaruk teh solawatna.. Diaos sakali deui.. bet kanyaag indung nu ngayun-ngayun.. Hatur nuhun deui...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Deden Abdul Aziz
  1. Sakeclak
  2. Rajah Pamungkas
  3. FragmÉn Kalakay
  4. BÉntang Lapangan
  5. FragmÉn PangantÉn
  6. Heurin Ku LÉtah
  7. The Énd
  8. Telepon Koin
  9. Adam Air
  10. Platonis
  11. Cimata Hujan
  12. Maya
  13. Pasini
  14. Drama
  15. Mr. Brown
  16. Nyegruk
  17. Kakasih
  18. Pipisahan
  19. Dongéng Tangkal
  20. Dongéng Fikmin
  21. Dongéng Kolot
  22. Lain Fikmin
  23. Dongéng Jero Pisan
  24. Dongéng Hayam Jeung Endog
  25. Wanci Tengah Poé
  26. Repvblik Fikmin
  27. Meuli Haté Ku Ladang Késang Profésional
  28. Mind
  29. Ayank
  30. Patung
  31. Rebo Wekasan
  32. Nu Hayang Jadi Pahlawan
  33. Ziarah
  34. Kasarung
  35. Tahlil Fb
  36. Lunta
  37. Ida
  38. Wanci Ratri
  39. Telepon 1
  40. Wanci Lilir
  41. Warisan
  42. Pipisahan 2
  43. Pipisahan