Update: 29 Maret 2012 01:50:14

FragmÉn Kalakay

Ku Deden Abdul Aziz

SALAMBAR daun di antara rébuan daun nu jadi dina hiji tangkal kanari sisi Jalan Cipaganti, harita, minda rupa jadi kalakay. Hijrah. Mungkas jadi wekasan. Tina daun nu héjo ganti rupa jadi péang. Ngayakas. Murag. Niban lemah. Sampurna. Tapi nasib ieu kalakay bet sulaya. Bet marakayangan. Sab méméh nepi ka bumi bet kumareumbing ka mana ka mendi. Diayun-ambing angin. Kalakay tumanggal méméh wayah. Nyangsang dina rambut panjang. Kabandang naék angkutan kota. Los ka kampus. Ngurilingan kota. Mangalam-alam. Kacaritakeun, sakadang kalakay nu hayang disampurnakeun, bet terus marakayangan. Teu cacap miraga lemah. Dikoléksi si mojang. Jadi bookmark.*

Koméntar kana ieu Fikmin:
Teu aya komentar.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Deden Abdul Aziz
  1. Sakeclak
  2. Rajah Pamungkas
  3. FragmÉn Kalakay
  4. BÉntang Lapangan
  5. FragmÉn PangantÉn
  6. Heurin Ku LÉtah
  7. The Énd
  8. Telepon Koin
  9. Adam Air
  10. Platonis
  11. Cimata Hujan
  12. Maya
  13. Pasini
  14. Drama
  15. Mr. Brown
  16. Nyegruk
  17. Kakasih
  18. Pipisahan
  19. Dongéng Tangkal
  20. Dongéng Fikmin
  21. Dongéng Kolot
  22. Lain Fikmin
  23. Dongéng Jero Pisan
  24. Dongéng Hayam Jeung Endog
  25. Wanci Tengah Poé
  26. Repvblik Fikmin
  27. Meuli Haté Ku Ladang Késang Profésional
  28. Mind
  29. Ayank
  30. Patung
  31. Rebo Wekasan
  32. Nu Hayang Jadi Pahlawan
  33. Ziarah
  34. Kasarung
  35. Tahlil Fb
  36. Lunta
  37. Ida
  38. Wanci Ratri
  39. Telepon 1
  40. Wanci Lilir
  41. Warisan
  42. Pipisahan 2
  43. Pipisahan