Update: 29 Maret 2012 01:50:14

Drama

Ku Deden Abdul Aziz

I
JURU potrét koran jeung majalah cakah-cikih ngatur mahasiswa nu keur démo ngarah meunang gambar nu alus. “Molotovna balédogkeun pas pulisi datang ngabubarkeun aksi!” ceuk salah saurang kaméramén TV. Laju mahasiswa kaleprok. Gur. Seuneu ngabebela tina mobil patroli nu diténggor botol molotov. Buriak, mahasiswa dibuburak. Buk-bek. Mahasiswa. Pulisi. Getih di mana-mana. Getih mahasiswa. Getih pulisi. Ngahiji. Wartawan pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

II
ANGGOTA Détasemén Markas (Dénma) Polda cakah-cikih ngatur tempat keur Kapolda nu rék mingpin acara konférénsi pérs. Sababaraha urang fotografer jeung kaméramén nu saméméhna ngaliput aksi mahasiswa ngaduruk mobil puilsi, diuk dina korsi sakitan. Maranéhna maké seragam nu aya tulisan ‘Tahanan Polda’. “Atur supaya posisi tahanan jeung komandan simetris supaya alus keur gambar nu rék dimuat,” ceuk Kasi Penerangan Umum. Wartawan pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

III
MANG Ikin jeung Bi Ikah caka-cikih hareupeun TV. Pahibut paheula-heula nyokot rémot. “Berita, Ikaaaahhh…” Mang Ikin ngagorowok bari ngarebut rémot tina leungeun Bi Ikah. “Mangké heula éta sinétron ‘Nini Yang Tertukar’ can anggeus, Sarkiiiiinnn…” walon pamajikanana teu éléh gorowok. “Mending berita mahasiswa nu ngaduruk mobil pulisi jeung wartawan nu dicerek pulisi, Sarikaaaahhh!” Mang Ikin ngajejek bobokong Bi Ikah. “Ceuk aing sinétron heula, sinétron sia téh!” Bi Ikah ngajérété. Der duanana papuket. Silih jenggut. Silih dengkék. Rob tatangga. Burudul wartawan. Pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik…*

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Meila Handayani: keren ayank..ngarti lah ieu mah hahhahahah
  2. Deden Abdul Aziz: Pan ngahaja meh Ayank Meila ngarti...
  3. Entjep Sunardhi: Percaya nu ieu laik fikmin sabab datang ni narasumper utama. Episode I,II jeung III tos tayang dina kalawarta nu meupeuskeu layar tv tatangga.
  4. Teti Taryani: Leres sur lagu... "dunia ini panggung sandiwara..." pada-pada hoyong gaduh peran penting, kantenan dirojong ku berita nu bombastis... laris we tah koranna teh...hehe...
  5. Toni Lesmana: Asyiiiik...Asa maos deui carpon kang deden anu kapungkur. Tangtos dina dunya nu benten...apan ayeuna mah dunya fikmin. Hehe...
  6. Abdul Hamid M. Sastra: kecap angle ngagokan, asa emut kana anglo, engle, anggel. karunya kanu teu apal fotografi
  7. Deden Abdul Aziz: Realitasna kitu pisan, Ang Raka Entjep Sunardhi. Bakating ku hoyong laku media
  8. Deden Abdul Aziz: Ironis, Ceu Teti Taryani, masarakat oge antukna resep nonton nu kitu da tos biasa disuguhanana rupaning drama nu direkayasa sapertos sinetron, dugika berita ge kedah direkayasa heula supados pajeng
  9. Deden Abdul Aziz: Fikmintibag tea, Ang Toni Lesmana. Mun baheula mah meh honorna rada mucekil apanan, hahaha...
  10. Deden Abdul Aziz: Numawi abdi teu acan mendakan kecap anu pas, Ang Abdul Hamid M. Sastra. Janten spontan nganggo kecap angle. Bade nganggo kecap jejer asa henteu loyog sareng konteks. Manawi aya saran?
  11. Meila Handayani: pasti ngarti atuh ayank...aya sinetronan gitu loh hahay
  12. Deden Abdul Aziz: Mangkaning sinetron favorit nya, Ayank Meila... Hahay!
  13. Meila Handayani: benerr...ngan kusabab ngayayay teuing jadi ganti ayeunamah sinetron anugrah...pekteh sarua ngayayay..naseeebbb
  14. Abdul Hamid M. Sastra: bs indo sudut, bs sunda juru, anu loyog mah kantun kawani urang we, bade pencrong oge tiasa, sapertos kewong kanggo upper cut, ledot kanggo sliding/tackle. tapi teu sawios ketang angle oge, mung dina word mah kedah dimiringkeun tea.
  15. Abdul Hamid M. Sastra: pami teu cocog wae mah nya janten engel, saluyu sareng aturan hutang-hatong bahasa
  16. Herdy Mulyana: Wartawan,pulisi, rahayat jeung pajabat maraen drama duka saha sutradarana.Manteppp ieu fikmin
  17. Rudi Riadi: Sandewarah kabeh ge ning...! Sok komo Mang Deden mah terjun langsung ka dunia eta..weuh, kaciptaa!
  18. Nazarudin Azhar: hahaha...edasss... fikmin suredun ieu mah. Enya ge dibagi tilu, da bisa dibaca misah. Tapi, tetep langkung pelem diaos tiluanana...
  19. Abdul Hamid M. Sastra: sanes pelem deui ieu mah pedo, guranyih
  20. Ganjar Kurnia: Aya kituna.....rame pisan......
  21. Deden Abdul Aziz: Tah, sigana hade mun Ayank Meila Handayani ngadamel fikmin nu background-na sinetron. Pasti kajiwaan...
  22. Godi Suwarna: :"Halah, Drama memang dramatis dekh. Numawi, uing mah tara lalajo TV Enonesa. Pali lalajo mengbal, kitu ge lalajo MU da mengbal Enonesa mah rea teuing dramana.Terus terang, capeee dekh lalajo TV Enonesa teh. Fikmin nan berotot ieu mah. unik deuih. Tilu bagian. Goongna sarua di tiap bagian. Karaos pisan goongna teh...."
  23. Deden Abdul Aziz: Angle dina bhs indo maksadna sudut pandang, mun disundakeun janten juru toong benten hartos, heuheu! Tulung, tuluuuung!
  24. Deden Abdul Aziz: Hanjakal nyaeta, Ang Abdul Hamid M. Sastra, dina status FB nu dianggo posting grup teu aya hurup miring (italic)
  25. Endah Dinda Jenura: cetrek mareuman tipi.
  26. Nazarudin Azhar: pas teu angle jadi tilikan, Ang?
  27. Meila Handayani: lieur ah nyieunna ayank..ide mah loba ngan hese budal hihihihi
  28. Gus Maman: :"kitu tugas wartawan mah, neangan 'news' (nu anyar) ..., mun dunia damai, nganggur tah."
  29. Deden Abdul Aziz: Nu puguh mah seueur nu ngaraos multibakat, Ang Herdy, janten pemaen sakaligus sutradara sadayana. Hatur nuhun.
  30. Ya Soebarta: Nyanggakeun jempooool we abdi mah ah, bingung komenna oge..!! anu nomer 3 mah asa di rorompok nu kitu teh..!! Sule gur ger sareng Cinta Pitri...!! heuheu.
  31. Muhammad Shohiba Nu'man: pedo elom Ang Deden.. tilu jeleguran, tilu tenjragan. Sim uing ngabaheuhay ni'mat pisan. Hatur nuhuun..
  32. Yusran Pare: Asa lain pikmin ieu mah....hehehhe
  33. Ida Nurulhuda: Ramé Kang Deden drama téh.Badé ngajempolan asa karagok..,keprok wé ah bari suraaak...,,,
  34. Dadang Soekanda: Tah kieu upami ngadamel Fikmin teh genah lah, burusut kembar 3, geulis mandiri sewang sewangna, getih nu ngocor tina liang nu sarua. Mani Endah Tiada Jenuranya ... eh...tiada duanya..
  35. El Hijar: anteb. tangtos kaawakan ku akang mah.. "Mintibag", fikmin tilu bagian...nukahiji sareng kadua mah katingal aya rekayasa, tapi nyata. nu katilu nu saenyana berita mah... mun abdi pemredna eta nu bakal dijantenkeun headline di halaman 1....hihihi...
  36. Ahmad Fawzy Imron: Maos fikmin ieu mah, nya pelem jaba wareg deuih..sapertos teras-terasan nyiuk sangu nu direncangan ku pais lele sareng beuleum gurame..pedo pisan..cenah.. Heuheu
  37. Arom Hidayat: Mujarab 3 fikmin disakalikeun. Résép dokter ahli ieu mah.. Tunduh langsung cénghar ku fikmin hébat mah..
  38. Nazarudin Azhar: Dibaca deui...
  39. El Hijar: abdi mah tos lima balikan, bari disave kana notepad....
  40. Muhammad Shohiba Nu'man: sajeleguran deu ah.. ni'mat atu da..
  41. Deden Abdul Aziz: Hirup mah darma wawayangan, Ang Rudi Riadi... Nyaan, siga ngaliwet, gog jam 10, jam 11 geus asak deui, heuheu...
  42. Deden Abdul Aziz: Biasa fikmin dalam rangka nyobaan nu anyar, Ang Nunu Azhar...
  43. Deden Abdul Aziz: Ceuk urang Cianjur mah pedo elom, Ang Abdul Hamid M. Sastra
  44. Deden Abdul Aziz: Numawi atuh, Ang Rektor Ganjar Kurnia. Geuning masarakat kahoyongna kitu saur AC Nielsen mah...
  45. Deden Abdul Aziz: Cetrek mareumah tipi, Ukuy Endah Dinda Jenura. Bray ngahurungkeun komputer, laju online. Ceuk dina website (portal) yahoo, google, msc, twitter: Aksi mahasiswa ricuh, korban KDRT melapor, jsb... Heuheu!
  46. Deden Abdul Aziz: Kin diemutan sareng diraraoskeun heula, Ang Nunu Azhar. Tilikan mah rupina asa memper kana "pengamatan"
  47. Deden Abdul Aziz: Aya nu nyebat fakmin, malah fuckmin. Nyobian ku 3 persepsi (sudut pandang, angle), tapi asa aya keneh unsur sajakna ieu teh, Ang Prabu Godi Suwarna... Haduh!
  48. Deden Abdul Aziz: Bade private atuh ka uing, Ayank Meila Handayani? Murah da, safikmin cukup salagu... Heuheu!
  49. Deden Abdul Aziz: Ku biasa tur dibiasakeun tea, Ang Gus Manz. Publik biasa disuguhan drama, atuh redaktur jadi dibiasakeun nyuguhkeun nu dramatis, reporter di lapangan ge jadi kabiasaan susuguh berita nu didramatisir...
  50. Deden Abdul Aziz: Uhun, Ang Ya Soebarta, eta ge bagean tina romantika hirup nu geus sarwa drama. TV jadi media utama nu ngalantarankeun konflik dramatik dina rumah tangga da parebut tontonan nu dramatis ceuk masing-masing sarupaning sinetron, sitkom, talkshow, film kartun, sepakbola, jst...
  51. Deden Abdul Aziz: Nyanggakeun spesial kanggo Ang Shohiba Nu'man sarupaning nu tilu. Manawi kajodokeun sakaligus kenging tilu oge... Hehehe! Pissss...
  52. Deden Abdul Aziz: Fakmin nu tangtos karaos tur kaalaman ku Ang Yusran Pare oge. Tibatan fuckmin pun uing mah teu tiasa...
  53. Deden Abdul Aziz: Kanggo Ceu Ida Nurulhuda, wilujeng nyakseniiiii... *ngiring keprok
  54. Deden Abdul Aziz: Pan luyu sareng anjuran dokter fikmin 3 x sehari, Ang Dadang Soekanda. Abdi mah teu acan tiasa tilu fikmin, nya hiji we tapi kembar 3 diburusutkeun. Cumpon tah kanggo sadinten, heuheuheu....
  55. Deden Abdul Aziz: Urang ngadamel Koran Fikmin we atuh. Tah, Ang Hijar Wartawan Leupas janten pemredna
  56. Meila Handayani: jadi lah ayank...yu ah geus lila teu nyenyong hehehhe
  57. Deden Abdul Aziz: Sami sareng tuang direncangan beuleum gurame sareng pais lele, nembe cenah, nya Ang Haji Fawzy Imron. Sigana fikmin ieu ge nembe cenah pelemna... Hahaha!
  58. Deden Abdul Aziz: Kade lepat resep, Ang Arom Hidayat, da tadi teh nebus resep ka apotek fikmin kanggo obat turun bero... Hahaha!
  59. Deden Abdul Aziz: Tos sabaraha balikan tah, Ang Nunu Azhar? Kade OD, heuheu...
  60. Deden Abdul Aziz: Wah, di-save kana ipad mah kade bilih benten format, Ang Hijar Wartawan Leupas. Margi fikmin ieu didamelna dina mesin tik!
  61. Deden Abdul Aziz: Sajelegur deui, reuuuup weh, Ang Nu'man....
  62. Deden Abdul Aziz: Hayuuuu... Siapa takuuuuttt. Ayank Meila nyenyong "Alamat Palsu", di-background-an maca fikmin. Pan uing boga fikmin judulna "Lunta" eusina lagu Ayu Ting Ting... Hihihi
  63. Meila Handayani: hahhahahah..aya ku tegep..irahaaaa???
  64. Deden Abdul Aziz: Nanyana tong iraha atuh, Ayank Meila, tapi di mana? Meh ku uing dijawab: Dimana, dimana, dimanaaaaaa.....
  65. Meila Handayani: hahhahahha...seeeuuummm
  66. Godi Suwarna: :"Salaku Juragan Administrateur, uing keur mikiran ieu fikmin. Naha fikmin nu kieu teh diitung hiji atawa tilu..."
  67. Tatang Sumarsono: Fikmin tilu bagian jigana mah, Ang (jadi inget kana cartibag, atawa cardubag).
  68. Ki Hasan: Kang Godi Suwarna, numatak botol fikminna kudu tina bahan elastis. Ngarah teu lila teuing mikirna. Hehehe
  69. Godi Suwarna: Ang Tatang Sumarsono, Ki Hasan, sim uing ngaheureuyan nu kagungan fikmin. Margi aya aturan dina sadinten teh teu kenging ngintun langkung ti tilu fikmin. Upami langkung, bakal dipupus ku Gan Admin... hehe..."
  70. Ki Hasan: Kang Deden Abdul Aziz, ku uing disalin, di-posting keur diskusi di Yahoogroups, kaci nya?
  71. Yanti Sri Budiarti: Dina sagala situasi, angger wartawan nu rancingeus mosisikeun diri neangan angle pangalusna...:) Gayaaaaa....!!! Kakang Prebu Godi Suwarna ibaratkeun kanu ngababarkeun kembar 3, piraku bade hayo-hayohan wae bureuyeung...Abot! Komo A Deden mah tos terang aturan ngaleueut obat. Pasti sieuneun over dosis. Mun sadinten ieu masih keneh ngapungkeun deui sanaos sae, sikat sajah! hehehe (Bari gogodeg)
  72. Ki Hasan: Kang Godi Suwarna, naha geuning ukur tilu, sanes opat sunahna ge.
  73. Gus Maman: :"ang Den, teu aya drama teu aya berita, teu aya berita teu aya iklan, teu aya iklan dapur teu ngebul. dapur teu ngebul, jikan bisa kabur. Pami teu lepat aya Kameraman stasion tv anu disangka teroris, kasusna tiasa dua versi, emang terlibat(maenya?) atanapi nuju mroyek milari drama teras nyandak 'angel' nu patri (saha nu apal anjeuna nuju milarian hadiah Pulitzer)
  74. Deden Abdul Aziz: Bade hiji bade tilu nyanggakeun fikmin teukteukeun, Ang Prabu Godi Suwarna... Heuheu
  75. Deden Abdul Aziz: Nu honorna janten nikel geuning nya, Ang Raka Tatang Sumarsono. Ayeuna masih keneh kitu?
  76. Deden Abdul Aziz: Kacipta Ang Prabu ngantelkeun curuk kana taar bari uleng ngemut, nya Ki Hasan... Hihihihi
  77. Deden Abdul Aziz: Waduh, wantun sumpah pun uing mah nembe tiasa 3 x saminggon, Ang Prabu Godi Suwarna. Pami fikmin ieu dietang 3 da mostingna kamari mung ieu-ieuna... Hihihi
  78. Deden Abdul Aziz: Sumangga teh teuing, Ang Ki Hasan (hihihi, ongkong Aang, ongkoh Aki).... Hatur nuhun!
  79. Deden Abdul Aziz: Angle sae ge kirang pajeng ayeuna mah, Ceu Yanti Sri Budiarti, pami henteu dramatis. Cobi tingali dina unggal media (cetak, elektronik) pami aya aksi beritana pasti ricuh wae da mun teu ricuh moal dimuat. Sakapeung ricuhna oge kenging ngarekayasa...
  80. Deden Abdul Aziz: Tilu kali sapertos nuang obat, Ki Hasan. Pami langkung ti tilu, pasti fikminers-na bakal OD alias order dicabut (ku Juragan Admin)...
  81. Deden Abdul Aziz: Eta oge bagian tina 'menjual' drama, Ang Gus Manz. Muhun kameramen salah sawios stasiun tv ngiring ngarekayasa bom. Anjeunna bakal kenging gambar TKP eksklusif nu bakal diical ka stasiun tv sanes, utamina media luar negeri. Aya oge nu ngarekayasa penjarahan di lokasi bencana Gunung Merapi. Lajeng aya stasiun tv nu ngawawancara narasumber fiktif dina makelar kasus jaman rame-rame Gayus. Mungkin wae eta demi sesuap berlian...
  82. Wida Waridah: Jadi emut rerencangan nu janten reporter salah sahiji tv swasta di jkt abi mah maos fikmin ieu teh. Anjeuna dipiwarang maksa istri teroris nangis gagauran, pedah enjingna si caroge bade dihukum mati. Pdhl si istrina mah meureun teu sedih2 acan, da ceuk maranehna mah eta teh jihad akbar. Antukna, rerencangan pasea sareng produserna. Berita teu janten tayang. Hehe...
  83. Apoedy Sarah Ihsan: thrii muskhetir... hiji jeung kabeh, kabeh keur hiji... keren ang deden..
  84. Dadi Arya: Wangsul damel ngalangkungan mahasiswa nu ngaliud di sisi jalan bari ngacung2 poster+rupa2 bandera organisasi,fotografer+kameramen ge aya didinya. teu macet teu sing, estu lancar da riunganna ge kawas nu ngantri jajan dina roda baso!. Dongkap k rrmpok nongton berita "Puluhan mahasiswa berdemo menghadang kedatangan Wapres". Beu! jiga nu heueuh dina tipi mh, padahal eta mahasiswa mun diangkut kana hiji elf ge bakal kaakut..
  85. Ummi Annadzriel: Yi Deden, aceuk kants nguping istilah UDUD (usaha dagang urusan demo) majar th, nu kt th paranti ngadamel drama oge pnginten nya!
  86. Deden Abdul Aziz: Kitu pisan nu sering karandapan ku rerencangan oge, Ceu Wida Waridah, utamana reporter tv. Teu kitu, digelendeng ku produserna. Si produser oge diteken ku atasanana da mangaruhan kana iklan...
  87. Deden Abdul Aziz: "One for all, All for...me!" Hahay!
  88. Deden Abdul Aziz: Sakedik pisan bentenna, Ang Dadi Arya, antara didramatisir sareng dipelintir, dina berita mah. Moal papanjangan ah da eta mah urusan dapur pun uing ogenan, hahaha!
  89. Deden Abdul Aziz: Aceuk Ummi Annadzriel bade pesen paket mana? Pekat hemat demo damai 1 x makan cekap 25 rebu per hulu. Paket lengkap demo ricuh plus 3 x makan 75 rebu per hulu. Mangga kantun kontak via inbox. Lokasi luar kota benten deui... Hihihihi
  90. Ummi Annadzriel: Halaaahh . . . . !! Kt ath nyah . . . .! Emh, ajabaruk . . . . !!!#ampir we acay, bkat ku lami calawak . . . ., untng kburu knh kakemot!# Ari ts kantnan kt mh siap ke aceuk nginbok ka ayi. Dupi kangge nu ngorder kmha tah etang2anana?
  91. Ummi Annadzriel: Halaaahh . . . . !! Kt ath nyah . . . .! Emh, ajabaruk . . . . !!!#ampir we acay, bkat ku lami calawak . . . ., untng kburu knh kakemot!# Ari ts kantnan kt mh siap ke aceuk nginbok ka ayi. Dupi kangge nu ngorder kmha tah etang2anana?
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Deden Abdul Aziz
  1. Sakeclak
  2. Rajah Pamungkas
  3. FragmÉn Kalakay
  4. BÉntang Lapangan
  5. FragmÉn PangantÉn
  6. Heurin Ku LÉtah
  7. The Énd
  8. Telepon Koin
  9. Adam Air
  10. Platonis
  11. Cimata Hujan
  12. Maya
  13. Pasini
  14. Drama
  15. Mr. Brown
  16. Nyegruk
  17. Kakasih
  18. Pipisahan
  19. Dongéng Tangkal
  20. Dongéng Fikmin
  21. Dongéng Kolot
  22. Lain Fikmin
  23. Dongéng Jero Pisan
  24. Dongéng Hayam Jeung Endog
  25. Wanci Tengah Poé
  26. Repvblik Fikmin
  27. Meuli Haté Ku Ladang Késang Profésional
  28. Mind
  29. Ayank
  30. Patung
  31. Rebo Wekasan
  32. Nu Hayang Jadi Pahlawan
  33. Ziarah
  34. Kasarung
  35. Tahlil Fb
  36. Lunta
  37. Ida
  38. Wanci Ratri
  39. Telepon 1
  40. Wanci Lilir
  41. Warisan
  42. Pipisahan 2
  43. Pipisahan