Ku Deden Abdul Aziz
"Geuning hirup téh teu gampang. Lain ngan pikiraneun. Pokona mah cinta. Titik. Teu maké koma!"
Émoticon dina layar monitor oyag-oyagan. Princéss.
"Wakakaka... Hirup mémang lain kudu dipikiran, tapi dilakonan. Urang ogé cinta. Teu maké titik koma!"
Méssagé typing. Manéhna siga nu keur ngadekul nulis. Tapi lebeng taya nu ngaliwat dina layar monitor. Lila dipencrong.
"Teu salah sént?" cekéng.
Masih ngabigeu. Terus ngampleng.
Lila-lila bosen. Antukna ramo ngaprak, klik ka dieu klik ka ditu, néangan rupaning nu teu penting. Teu paduli.
"Teu salah sambung. Titik." Antukna norojol ogé.
"Hah! Ti iraha serieus kitu?" cekéng deui.
"Émang serieus... ayeuna mah! Xixixixi..."
"Seurina tong ditulis. Garing, bel!"
"Baé wé. ÉGP!"
"Tapi émang garing!"
"Rék garing, baseuh, jibrug, kajeun."
Huh!
"Ketemuan, yu!"
"Iraha?"
"Iraha, nya?"
"Har, kalah malik nanya."
"Mun isuk kumaha?"
"Nya, heug. Kitu gé mun hirup kénéh."
"Yéah, mun manéh paéh isuk mah keun urang salametan pésta in memoriam."
"Tong poho maké téstimonial nu ramé!"
"Wakakaka...!"
"Éh, dibéjaan seurina tong ditulis. Jayus pisan, séh!"
"Naha kalah ngambek?"
"Ih, saha nu ngambek. Ceuk urang garing, lain ambek."
"Auk ah, gelap!"
Princéss sign out. Tapi urang apal manéhna can offliné. Ukur invisiblé.
"Sori. Naha jadi malik ngambek?"
Lebeng.
"Ya, wis. Pokona mah cinta, wéh," tungtungna mah.
"Urang ogé cinta!"
Ahirna.
Jep. Ngan nyésakeun hégak.*