Update: 29 Maret 2012 01:40:10

Rebo Wekasan

Ku Deden Abdul Aziz

“Ari lampah londok ku urang kudu ditiru,” cék Si Abah bari lalaunan awakna robah jadi siit nu hideung meles. “Ditiruuuuu…” saur manuk hadirin nu keur ngabandungan Si Abah ngadongéng di palataran balékota. Saurang-saurang tuluy jlug-jleg malih warni jadi rupa-rupa sato. Aya nu jadi oray, manuk, kelenci, kuda, munding, panda, pinguin. “Bisa salin rupa, bisa hideung bisa konéng,” timpah Si Abah Siit nuluykeun hanca. “Da konéééééng…” walon hiji sora ti jero rohangan walikota. Sora maung ngagaur asup ka pakalangan dongéng. Kabéh sato nu aya di dinya dihakan ku maung. Iwal siit nu hiber ka unggal suhunan ngabéjaan banaspati.*

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Asep Ruhimat: jiga lampah di senayan, kitu tah.
  2. Hadi Aks: Hahaha...tegep satirna adi! Pasti maungna make topeng Tibum Riadi,.. haha...
  3. Aditia Gunawan: Uing mah hayang beureuuuuum,,,ceuk banteng susuruduk...heuheu
  4. Rudi Riadi: Kang Hadi Aks@ Hahaha...maung rasa keuyeup tea ...hahaha
  5. Deden Abdul Aziz: Kang Asep Ruhimat | puguh asa-asa abdi ge...
  6. Deden Abdul Aziz: Kang Hadi Aks | nganggo jas aya lambangan, Aka...
  7. Deden Abdul Aziz: Dang Aditia Gunawan | ssttt, tong tarik teuing bisi kadangueun ki lanceuk di lembur
  8. Deden Abdul Aziz: Rudi Riadi | keuyeup tapi koneng, Mang...
  9. Rudi Riadi: Ari Buhaya-na masih aya di Lembang kitu? hehehe...
  10. Deden Abdul Aziz: Rudi Riadi | lebakkeunana eta mah, Mang
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Deden Abdul Aziz
  1. Sakeclak
  2. Rajah Pamungkas
  3. FragmÉn Kalakay
  4. BÉntang Lapangan
  5. FragmÉn PangantÉn
  6. Heurin Ku LÉtah
  7. The Énd
  8. Telepon Koin
  9. Adam Air
  10. Platonis
  11. Cimata Hujan
  12. Maya
  13. Pasini
  14. Drama
  15. Mr. Brown
  16. Nyegruk
  17. Kakasih
  18. Pipisahan
  19. Dongéng Tangkal
  20. Dongéng Fikmin
  21. Dongéng Kolot
  22. Lain Fikmin
  23. Dongéng Jero Pisan
  24. Dongéng Hayam Jeung Endog
  25. Wanci Tengah Poé
  26. Repvblik Fikmin
  27. Meuli Haté Ku Ladang Késang Profésional
  28. Mind
  29. Ayank
  30. Patung
  31. Rebo Wekasan
  32. Nu Hayang Jadi Pahlawan
  33. Ziarah
  34. Kasarung
  35. Tahlil Fb
  36. Lunta
  37. Ida
  38. Wanci Ratri
  39. Telepon 1
  40. Wanci Lilir
  41. Warisan
  42. Pipisahan 2
  43. Pipisahan