Update: 20 Novémber 2012 16:10:15

Qiroat

Ku Nana Sukmana

“GEURA gugah!” Bayati ririh ngageuing. Batin ngan ukur ngulisik. Pikiran beunta meueusan. Samar-samar aya imut. Leleb. Anteb. Ngajak reureuh dina lahunan Tresna , dina liuh-liuh Héman nu mangkak na saban mangsa. ”Geura gugah!” Gumalindeng lagu Shoba. Haté anggur morongkol, pikiran kalahka tibra. Neruskeun sakotret ngimpi nu bieu paragat ku gentra Quflah. Lelembutan mangprung beuki jauh, najan léngkah geus ramohpoy. “Geura gugah, Bageur! Geura gugah!” Nahawand carindakdak, bari ngageubig-geubig batin nu angger teu lilir-lilir. Ngipyak ngigelan durga. Ngéngklak dina tarahalna mangsa. “Jungjunaaan!” Bayati Husaini jerit jempling nyeungceurikan raga. Ngajepat dirurub kebat.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Heni Sumarni: Bayati?
  2. Kimomonk Arthawee: saha nu maot embi ?
  3. Nana Sukmana: Heni Sumarni : Muhun.
  4. Apoedy Sarah Ihsan: anu ngageuing upami subuh ieu teh kang??
  5. Cassa Grande: Lagam ungkul. Beu. Kuring mah, ngaji téh teu tamat. Duh, ieung. Ek kumaha yeuh! Nuhun. Tos ngélingan
  6. Nana Sukmana: Apoedy Sarah Ihsan: Urang teh sok tonggoy bae dudunya, malah mimindengna mah sasar lampah. Bujeng-bujeng teu diemutan, cacak diemutan ge angger bae tonggoy dina jlan sasar. Wanci teh seepeun ku nu teu pira. Boa kabujeng palastra.
  7. Nana Sukmana: Cassa Grande : muhasabah, Mang. Urang teh jiga nu sare. Ngimpi kitu ngimpi kieu. Mangprung dina kasarakahan. Sok lat poho ka nu hiji. Qiroat lir istri geulis nu haat ngelingan diri ku sipatna masing-masing. Tapi hate tetep teuis teu katodel, Mang.
  8. Apoedy Sarah Ihsan: cimata ge tos hese kaluar upami emut kanu dosa.. ku teuas"na hate.. hiks..
  9. Nana Sukmana: Nyerat teh sakapeung mah janten lahan kontemplasi, Kang Apoedy. Sok cenghar deui. Isin ku tapak pena.
  10. Apoedy Sarah Ihsan: leres kitu pisan abdi ge sami.. kalan" macaan fikmin anu sanes teh kanggo ngasah hate oge.. da gening seueur fikmin anu ngajak urang muhasabbah. hate sakeudik" teu teuas teuing, janten sok ramisak teu puguh".. hiks..
  11. Cassa Grande: Panuju. "Muhasabah" leres pisan. Ulama téh sanés anu sok di masigit ceramah wae. Tp oge nu sok ngelingan dn sikepna. Hahaha. Punten ach. So tau.
  12. Ahmad Fawzy Imron: dina jaman ayeuna mah, digeuing ku 'bayati jawab asli husaeni' ge, angger hare2...tos kedah nganggo qiroat asyroh, kang... Jaman aneh mah kedah kunu aneh deui.. :)
  13. Dadi Arya: Rumaos remen kajongjonan, sanaos digebrag ku sesentakna Hijaz Kard-kurd ogé...padahal Nahawand-Jiharkah sakitu tos melas-melis ngageunggeuik ngageuing-geuing.. Ampun teuing, dugi ka dipungkas deui ku bayati husaeni gé, ieu haté teu ngised ieuh. Duh Gusti....ampun!
  14. Usep Warlian: Awak sakujur geus rek uzur, sakeudeung deui reureuh di jero kubur, naha bebekelanana kitu geus kaukur sakitu ngan nafsu nu dilanjur...tafakur
  15. Ahmad Yani: Haduhhh ..raga, kunaon atuh anjeun bet terus mangprung !. Itu tingali ... seuseukeut batu di dasar jungkrang, geus sono, hayang gera-gera ngangse bau hanyir getih anjeun ! nu bau hangru !
  16. Nana Sukmana: Apoedy Sarah Ihsan: Yaktos kitu pisan, Kang. Kalihna t eta sasieureun sabeunyeureun. Etang-etang biwir sambung lemek kasauran Kanjeng Rosul, "Balighu 'anni walau ayah." Manawi dugi kitu ge, Nun.
  17. Nana Sukmana: Cassa Grande : Teu pindo, Kasép. Ulah tenget ka nu nyariosna namung kedah tenget kana cariosanana. Sanaos tina lambey kiyai, ari ludah mah teu kedah teuing dipulung. Apaning ari dawah sanes mung ku murubutna cariosan, ku seratan ge bawiraos kalebet kana dawah. Saur santri mah bil kitabah.
  18. Ade Nendang Rahman: Qiro'at teu kauntup, ukur lempeng bae; eta ge uyuhan da tajwidna mah pikarunyaeun.......
  19. Nana Sukmana: Ahmad Fawzy Imron: Rupina mah kedah ku kitu, Ajengan. Namung bakal kahalartoseun moal, nya? Ku nu ngalagena baé henteu katodél, kantenan ku nu rada benten. Da teu lalandepeun geuning. Kasirep kénéh ku hip-hop, R&B, atanapi koplo.
  20. Nana Sukmana: Dadi Arya: adat kakurung ku iga, Ang. Miyuni anjing. Diparab-teu diparab angger ngelél. RSumuhun apan saur Mantenna, digeuing teu digeuing, bakal angger norék. Boa-boa urang nya nu kitu téh?
  21. Ahmad Fawzy Imron: taah eta kang..maksad abdi nu aneh deui teh..tos kedahna ayeuna mah dakwah teh nganggo media hip-hop, R&B, koplo sareng nu sanesna.. :)
  22. Nana Sukmana: Usep Warlian: Kapungkur nalika nuju di lembur murangkalih teh parantos dibekelan nu lagu tafakur. "Tah sora bedug batur, tanda geus magrib, geus nitah reureuh ulin, ngajak ka masjid. Beulah kulon hibar layung, ngajak muji ka Yang Agung." Ayeuna, bet beuki tebih. Nu mawi pantes upami haté ngalahgar téh. Rupina lepat metodis masihkeun atikan. Atikan nu dibarung ku ku kawelas (school of love, madrasatul mawaddah wa rahmah) nu sasari ditembrakeun ku sepuh-sepuh di lembur sareng ku kiyai ka santrina, ayeuna dikarntunkeun. Anu mawi asa moal patos kahartos pendidikan karakter téh, da dadasarna henteu diaranggo deui. Urang sakapeung langkung reueus ningal murangkalih tinggeuleuyeung muru dunya selebritas bari ngaborété-borétékeun orat, manan nngal marudak tingbulubus ka masjd bari diajar tawadu. Inggis, inggis, Kang.
  23. Nana Sukmana: Ahmad Yani: Durugdug raga digusur, lung kana jungkrang nu lungkawing.Blus ka guha peteng. Roroésan, gegeroan. Teu bisa majar kumaha. Rék balik, balik ka mendi. Rék mulang, mulang ka mana. Apan gapura geus nutup. Teu meunang ngaletak ciduh, "Poé ieu euweuh siksa nu pangbangétna, iwal siksa nu hiji (ti Kami). Euweuh tali nu pangpangkékna ngabaguded awak manéh iwal tali (nu Kami)!" Diri ukur balilihan, bongan alam padang teu éling-éling.
  24. Kokom Komariah: Euleuh leres pisan, metode pesantren salaf raeng nadom jeung ngerab, tos teu patos ka kuping, raeng barudak ngajak berjamaah di masjid tos rada simpe, pantes hate hare - hare teu kapalire, ari setan beuki ngajalungkiring teu saimbang jeung dasar kakuatan iman, matak rapuh, nu diudag ngan kaduniawian. Gusti tangtayungan abdi Sadaya.!
  25. Teti Taryani: Jazakalloh... Kang! fikmin teh mani sumarambah kieu... ngemutan ka diri nu sok mopohokeun wates nu tos ditangtoskeun...
  26. Nana Sukmana: Ahmad Fawzy Imron : Saleresna urang mah sok kapayunan babar baé ku nu sanés palebah métodeu mah. Da nya kitu sok seueur pakojot sareng pabid'ahan téa, dugi ka anu aya dina wewengkon budaya gé sok kabaud kacandak kabid'ahkeun. Bawiraos, dina leresan dawah mah kedah wantun kukurusukan nganggo sagala rupi cara, teu bentel ti intél malah mandar nu dipimaksad téh dugi kana sasaran. Sajabi ti éta, urang sok asa ngaraos cekap ku dawah bil lisan ti majelis taklim ka majelis taklim, ti masjid ka masjid, ti nu hajat ka nu hajat, bari jamaahna éta-éta kénéh. Kantenan upami orientasina parantos kana lambaran rupiah mah sok beuki gejed. Padahal lahan dawah téh lega pisan. Urang nembe gugulunuk nalika Cianjuran dianggo ku ku umat sanes dina acara kaagaman maranéhna. Apan sakitu klopna misa nganggo Cianjuran. Naha atuh ku urang henteu diraéh, naha sabangsaning kasenian bét henteu dianggo media dawah, nya? Pangemut sim kuring, agama mah patalina sareng rasa, sareng haté, atuh ditodélna ogé kedah ku rasa deui. Nya ku séni anu henteu ngawang-ngawang, ku seni anu ngalemah anu notog langsung kana mamaras rasa téa. Geuningan ku séni mah Madrais ngaleut ngeungkeuy lalebet ka agama sanés sabada teu metu ku dawah Islam. Sayaktosna nu ngaleut ngeungkeuy téh kana Islam. Fii diinillaahi afwajan. Mun ku lepat metodis téa, nu ngalabring téh ka agama batur. Ngahgar ayeuna mah, haleuang nadom tos arang langki kakuping, Téh Kokom Komariah Padahal éta téh seni dawah, mélét haté sangkan langkung maskét ngagem agama anu hanif. Cianjuran henteu ngalemah di pasantrén anggur kalah janten papaés Katedral ngajénggélék "Dina Cangkingan Yesus". Ceurik batin mah. Anu mawi, ku fikmin, ku satra, urang todélan haté nu talibra téh. Urang candak makalangan bari ngipyak miajrih ciptaan Ilahi. Da séni mah budaya, sanés fikih, sanés akidah, sanes ibadah. Duh, janten panjang lebar kieu. Mangga ah giliran nu sanés. Kang Dadi Arya, Kang Muhammad Shohiba Nu'man, Kang Ahmad Yani, Raka Perbu Godi Suwarna, Kang Tatang Sumarsono, Mang Deden Abdul Aziz, Kang Apoedy Sarah Ihsan, Kang Iwan Hanjuang, Kang Irman. Tingalikeun wewesén salira sadayana.
  27. Nana Sukmana: Téh Teti Taryani: muhun, etang-etang ngemutan diri.
  28. Iwan Hanjuang: Insyaallah,akang aya da stock lagu mah..
  29. Nana Sukmana: Sumuhun atuh, Kang. Sok orang kolaborasikeun. Fikmin, lagu, sareng dawah. Kiyaina seueur di Fikmin mah. Aya Ahmad Fawzy Imron, aya Ahmad Gibson, Ahmad Yani, Ahmad Dadi Arya, Muhammad Shohiba Nu'man, Muhammad Romyan Fauzan, Muhammad Riza Khairillah, Muhamad Aviaryadhi Kusnadi, Mu'tashim Bilhaq, Muhammad 'Aang' Solahuddin sareng nu sanesana.
  30. Nana Sukmana: Kang Ade Nendang Rahman : Percanten ka ruruntuk santri mah. Sanaos lenger oge. He he he.... pis, ah!
  31. Kokom Komariah: Kang Nana, pan dina sejarah islam di Indonesia teh, para wali nyebarkeun islam ngalangkungan seni wayang kulit, di kawitan di mesjid demak sunan, kudus, sunan bonang srenga nu sanesna berperan pisan dina nyebarkeun islam dugi ka kiwari di pulau jawa ngarekahan, ngan nyakitu aya nu teu apal sejarah dakwah terlalu fiqh Oriented sagala bid'ah itu ieu teu aya contona ti Rosul, padahal seni tos berhasil ngada'wahkeun ajaran Islam, antukna seueur nu lumpat kana aliran kepercayaan nu sanes.
  32. Neni Geo Albanjari: tobat teuing, ketir nya nalangsa, geuning aya nu heman dimomorekeun ...
  33. Jojo Johari: Ahli pasantren! Kitu biasana heuheuheu
  34. Akang Remi: Duh,ieu mah,kawit tina,pangalaman nu jero kacida,nun. sanes,teknik na wungkul nu luhung teh, eusi na ge kalintang abotna,hamo kadugi,ku jalmi walurat sapertos jisim abdi mah. kasanggakeun,salam,nun.
  35. Muhammad Shohiba Nu'man: Diaos sababaraha kali. Ieu fikmin aya ku neuteuli. Nanging keukeuh sim abdi teu tiasa ngomentar. Bati teuleum dina eusina, ngangkleung dina gumalindengna. Hatur nuhun Kang Nana, Bergizi tinggi fikmin teh..
  36. Nana Sukmana: Ceu Kokom Komariah: Teu pindo, nun. Kitu pisan. Prung atuh urang dawah nu nyeni, mikih mah urang dina leresan ibadah baé heula. Sok sanaos kantenan aya élmu fikih dawah, namung kanggo urang nu resep seni resep sastra, asa payus pisan upami karya urang; karya seni, karya sastra dianggo wadah dawah, janten média dawah. Sastra sareng seni téh éndah. Apan Nu Mahaagung téh Mahaéndah tur micinta kana sagala rupi kaéndahan. Bawiraos, Islam mah agama anu kalintang fléksibel tur éndah, henteu rengkeng, henteu garing, margi nu diurusna sanés mung ukur akidah, ibadah, sareng syariah wungkul. Islam henteu ngaharamkeun tradisi sareng budaya. Cobi geura ungkaban deui surat Al-Hujaraat ayat 13, ngelemeng ajen tradisi dina kahirupan manusa anu disandingkeung sareng takwa ka Gusti Nu Mahasuci. Halah, nu kedah ngabahas ieu mah saleresna Ajengan Asep Salahudin. Anjeunna mah vakna pisan. Makomna dina leresan dinya. Mangga Kang Asep, pangguarkeun sing teleb lah! Bekel kanggo fikminer yeuh!
  37. Nana Sukmana: Téh Neni Geo Albanjari: Nu haat ditambélarkeun, Téh. Da kitu hawana upami urang parantos kalimpudan ku hawa sareng rereged dunya mah. Nu ngajak saé kalah dianggap ngaléléwé. Antukna sabada paragat nyawa ngemasing pati mah teu tiasa majar kumaha. Masing jumerit maratan langit hoyong wangsul deui ka dunya bari melas-melis, "Ya laitani qodamtu lihayati!" (Deuh endah temesaupamina tiasa wangsul deui ka dunya) ge, moal tiasa. "Fayaumaidin layu'adzibu 'adzabahu ahad, walaa yutsiquu watsaqohuu ahad!" Sanes kitu Ajengan Asep, Ajengan Nu'man, Ajengan Imron, Ajengan Gibson, Ajengan Dadi ?
  38. Nana Sukmana: Akang Remi: Kantenan, pangalaman pun uing pisan. Digeuing téh teu éling-éling. Ti ngawitan ku haririrng, ku dareuda, dugi ka ku jerit, ih, da keukeuh norék. Pun uing pisa éta téh.
  39. Nana Sukmana: Ang Nu'man : Atuda teu lilir-lir, dipiwarang gugah kalah mingkin tibra! Teu engeuh ka nu haat!
  40. Nana Sukmana: Jojo Johari: dina leresan talobéh sareng balangah mah teu santri teu di andar-andar. Sami baé, Ang!
  41. Muhammad Shohiba Nu'man: Duh, rumaos, Nun! Sesah pisan seja istiqomah netepan dina girrah teh.. Haruh, Yaa Muqollibal quluub..!
  42. Akang Remi: Kang Nana Sukmana, Simkuring,keur ngancrud , ditilik,tina titi sajati mah. Numawi,upami ngaos, nu sapertos kitu teh, sok asa di rangket.
  43. Nana Sukmana: Ang Nu'man : muhasabah! Diteraskeun kana tazkiyatun nafs sareng tajdidul iman. Bizikrillah, Ang. Bari nyeni sareng nyastra, marekkeun diri ngandelan mahabbah ka Mantenna. Urang silihgeuing, ah!
  44. Nana Sukmana: Akang Remi : Jéntré pisan ayeuna mah héabna fikmin sanés lalaworakeuneun. Leres pisan kasauran karuhun fikmin Raka Perbu Godi Suwarna. Fikmin mah luar biasa, tiasa ngendagkeun haté.
  45. Akang Remi: wis ! jero oge tah kang Muhammad Shohiba Nu'man teh , gening !
  46. Akang Remi: Teu aya lepatna kasauran kang Godi nu eta teh.
  47. Tiktik Rusyani: Janten emut kana lagu kenging RAF, Yaumal Qiyamat," Diadanan beuki tibra pajar maneh teu ngelingan" Adan janten hariring nu mepende dugi ka teu tiasa nyaring..
  48. Nana Sukmana: Tiktik Rusyani : Kitu pisan Euceu. Katumpakan ku haliah dunya téa. Bongan diri muhit ka hawa napsu, nya?
  49. Kokom Komariah: Saleresna seueur pisan seni anu tiasa dijantenkeun dakwah Islam kang Nana, tina seni rupa, seni musik, seni tari, sareng drama/teater. Mangga ka para seniman, oge fikminer tiasa ngalangkungan seni naon wae. Tos puguh seni sastra mah pan bagian tina seni drama ieu fikmin oge...hapunten ah bilih aya lepat maklum tea ti kampung bau lisung .
  50. Godi Suwarna: :"Fikmin nu gumalindeng, najan rea kecap konci nu sim uing teu terang. Rumaos. Tapi 'puisina' mah nyerep naker dina hate. Ngahampelas rasa. Pelem pisan...."
  51. Nana Sukmana: Ceu Kokom Komariah: Muhun, kantun prung. Ulah kapayunan bae ku deungeun-deungeun sapertos cianjuran nu dianggo misa. Sedih.
  52. Nana Sukmana: Kang Godi Suwarna: Ngadamel nu ieu mah dugi ka adug songkol, Raka Perbu. Cilingcingcat ka kamar mandi ogé aya kana opat kalina. Teu cekap ku kitu deuih, ngupingkeun galindeng Humaidi almarhum kuat ka sababaraha wangsulan. Ngageunggeuikna lagu Shoba, matak muriding ku suanten anjeunna mah. Ah, pokona mah késang gogobrot. Citéh manis tiis kénging pun bojo, si méncrang, séép dua bekong. Fikmin teras baé diusap-usap. Asa an tegep baé. Saparantos danggap meujeuhna, pung wé. Eééééh, sakitu tos ditatap diusap téh angger kénéh aya cileuhan Raka Perbu. Mangga geura uningaan. Mani asa hanjakal.Saged dijas, didasi, sapatu hérang, hilap résluiting teu ditutupkeun. Jadol téh.
  53. Godi Suwarna: :"Hehe..! Lepat sa-aksara dua aksara. Upami kajantenan kieu teh, nu panghanjeluna mah nya pangarang, da ari nu maca mah tiasa wae teu mgaraos nananaon..."
  54. Ernawati Siti Syaja'ah: Duuuh....gustiiiii.. . Allahuma igfirlii...
  55. Nana Sukmana: Kang Godi : Leres pisan. Halah, tapi da parantos ngapung, moal saé dipulut deui.
  56. Godi Suwarna: :"Saur Jang Dadan Sutisna mah tiasa oge direvisi sanaos tos diapungkeun. tapi uing teu terang carana...'
  57. Nana Sukmana: Ernawati Siti Syaja'ah: Insya Allah. Anjeunna Maha Ngadangu Mahahampura, nun!
  58. Nana Sukmana: Kang Godi : Abdi ge kantos naros, mung teu acan aya waleran. Upami dipulut terang diapungkeun deui mah janten nganyaran deui tuda Raka Perbu.
  59. Apoedy Sarah Ihsan: halah gening.. cianjuran tos diangge misa.. duh berarti tos seueur nu janten alatna. abdi waktos sateuacan taun baru di jalan lebah pekalongan nyetel radio, anu kaluar keroncongan mung nya kitu kalimahna model kitu.. di gilir" deui cenel radio aya nu mirip kasidahan.. eehh.. gening eusina kitu oge.. tos ngagalaksak kamana mana gening... hiks..
  60. Nana Sukmana: Kang Apoedy Sarah Ihsan: sanés itu nu ngagalaksak, mung urang nu teu rancingeus. Nganggap teu sapira kana seni padahal taya tandingna. Da ngajak jalmi mah teu kedah popolotot, teu kedah disingsieunan ku naraka atanapi dibibita ku sawarga, namung diusapan haténa, dibeuli haténa. Tos kaala haténa mah naon baé nu dijejelkeun ku urang bakal diteureuy buleud, diajak ka mana baé bakal ngiclik. Da urang mah sok asa ngaraos pangreformisna, asa aing uyah kidul.
  61. Apoedy Sarah Ihsan: ayeuna kumaha bade ngusapan anu diluar.. da kanu di lebet wae silih hahaok.. deuk kieu.. bid'ah.. deuk kitu bid'ah.. nyalingkur weh nu awam mah akhirna teh.. hiks.. sedih.. asana teh surga perusahaan nyalira. nu teu sapagodos moal asup surga.. haduuh..!!!
  62. Ernawati Siti Syaja'ah: Leres kang Apoedy, tapi ning nu bud'ah-biD'ah wae teh, Aranjeuna ge beuki, mun enya teu beukieun mah pasti naek onta lain avanza.
  63. Asep Salahudin: Saluyu sareng Kang Nana Sukmana katut nu sanesna rehing Islam anu asup ka Nusantara (oge Sunda) teh ngaliwatan akulturasi. Islam diadumaniskeun ku para wali jeung budaya lokal. Kabudayaan anu hirup kumbuh henteu diapilainkeun sok komo dituding bidah tapi ‘dihiap-hiap’ tepi ka teu karasa proses islamisasina teh. Kena ku paribasa caina herang laukna benang. Cindekna mah Islam nu datang ka urang lain ngaliwatan panto politik-struktural sok komo militer tapi estuning sapuratina gerakan kabudayaan. Malah ngaliwatan gerakan tarekat sagala tepi ka apan islam gampang pisan nerekabna di sakuliahing Nusantara da horeng boh Islamna boh kapercayaan Nusantara aya sasaruanana utamana dina lebah bagbagan resep ngolah jeung ngulik kabatinan. Conto anu gampang perkawis akulturasi ieu tiasa ditingali arsitektur masjid lolobana diluyukeun sareng budaya lokal: aya anu mirip candi tea, aya anu jiga manuk Galudra tea jeung rea-rea deui. Beda jauh tanah ka langit jeung Budha ngaliwatan Stupa atawa Kristen nalika nyieun Gereja estuning niron ceples arsitektur Barat, meleg-meleg diterapkeun di urang.
  64. Asep Salahudin: Fenomena budaya anu pangatrana nya bawiraos basa, di urang mah panginten nya basa Sunda tea. Agama, basa jeung Sunda didalitkeun. Dina surahna Haji Hasan Mustapa mah (1852-1930), “Nyembah ku henteu jeung rasana tara disebut sembah… Nyembah perbawa rasa, rasa teu diwarah heula..”. Anjeuna pisan dina panaluntikan etnografisna pernah ngarekam ungkara rasa pakait jeung agama dina wanda ma’na anu benghar: 1) Rasa teu benang ku beja; 2) top elmu ngarah rasana; 3) ngawula nurutkeun rasa; 4) aya rasa moal sarasa; 5) rasa rumasa 6) rasa dipalsu pangrasa; 7); niat kumaha rasa; 8) lamun geus ti balik rasa tangtuna tibalik basa; 9) sarasana sarasana. Sinom Pamake Nonoman loba ngungkabkeun ‘pangalaman rohani’ anu bijil tina rasa: 1) rasana ku nu bogana//alam lahir alam batin//silih tanya silih papay//ti mana urang ti mendi//balik moal sabali...2) jami’an dina rasana//jiga loba tapi hiji//farkian dina basana bubuhan tataning lahir; 3) Bedana dina rasana fanaan leungiteun sari//milang warna ilang rasa; 4) Wakcana kari rasana//rep sirep budi nu suni ; 5). Al-hakku sirrul insani//Beda rasa matak beda paribasa.
  65. Godi Suwarna: ;"Fikminna heded, komentar-komentarna luaaaar biasa...!!! Sim uing rea nimba pangaweruh ti dieu. Hatur nuhun ka sadayana. Tah, fikmin miwah komen nu kieu nu dipiharep ku sim uing teh. Papadaning mikmin heureuy, komen heureuy oge angger kedah aya pulunganeunana...!"
  66. Nana Sukmana: Teh Ernawati Siti Syaja'ah, Kang Apoedy Sarah Ihsan, Kang Asep Salahudin: Téh Ernawati, Kang Asep: Sanggem sim uing mah saheulaanan anu kedah diemutan ku urang salaku muslim (anu kapapancenan ngurus dunya bari kedah tetap silihgeuing) téh aya dua hal. Anu kahiji AKIDAH. Geuing diri, geuing nu lian, sangkan titincakan angger panceg dina jalan anu parantos dibaladah tur ditangtoskeun ku Rasulullah saw., ngembat panjang tur lempeng anu anjogna kana hihi mumunggang anu asri, liuh, linduk pikabetaheun, pinuh ku katengtreman. Eta tempat téh tara sanes MARDHOTILAH. Lebah ngahontal mardhotilah éta, anu penting urang teu kenging kabéngbat sumawonna dugi ka sasab ka leuweung ganggong simagonggong anu hararaeun mah, anu brasna duka ka mendi. Tah sapanjang lalampahan ngajugjug mardotilah dina hiji-hijina jalan anu parantos ditangtoskeun bieu (teu aya pilihan sanés), tinangtos uanggal jalmi bakal benteng. Aya nu ngalenghoy, aya nu ngagedig, aya nu ngagandeuang, aya nu ngungkung, aya nu nginggig, aya oge nu rarandegan. Sakapeung sok aya nu hahariringan, aya nu sagala dicaritakeun --saban nu katingal dieuleuh-euleuh--, aya ogé anu ngarénghap panjang nyeuseup hawa palebah nu rada liuh. Namung sadayana henteu kabengbat, henteu lalieun kana jugjuganana. Moal, méngkol, moal nyolédat ngajugjug ka Rido Gusti. Eta nu kahiji mangga émutan mangga surahan ku Kang Asep, Kang Apoedy, Teh Ernawati, Kang Dadi Arya, Kang Mummad Muhammad Shohiba Nu'man, Kang Ahmad Fawzy Imron, Kang Ahmad Gibson, Kang Ahmad Yani, Raka Perbu Godi Suwarna. Jugjugan kedah sami, jalanna kedah sami, carana sami (ngalengkahkeun suku), mung metoda anu bénten. Syahadatna sami, salatna sami, zakatna sami, saumna sami, nabi, kitabna, malaikatna sami. Jugjuganana sami : Mardhotillah téa. Nu bénten ceuk sim kuring pendekatan personal spiritualna da éta mah gumantung kana jiwa sareng rasa séwang-séwang. Nu ngadoa aya anu gegerenyeman bari peureum, aya anu bari ngangkat panangan, aya anu bari tungkul, aya nu bari sujud, aya ogé nu bari ngagukguk nangis, aya nu sapertos nuju nuju ngobrol, rupi-rupi. Palebah dieu mah sanggem sim kuring teu kedah dipatalikeun sareng bidah. Da bidah mah di nu tadi ku sim kuring ditataan (lebah anu saminana téa, dina ibadah mahdhohna). Anu Kadua DAWAH. Saha nu kedah didawahan? Diri pribadi sareng nu lian. Naha diri kedah didawahan? Apan dimanatan ku Gusti, mulih kudu ka jati (Ilahi) mulang kudu ka asal (Allah Azza wa Jalla). Basa Alquranna mah "Innaa lillaahi wa inna ilaihi rooji'un". Moal marakayangan, ngencar ka mana boa, da angger puguh jalanna. Diri téh pangpin keur jisimna. Ngélingan sangkan léngkahna tetep panjeg dina jalan anu tangtu téa. Ari dakwah taya lian ti pépéling, mépélingan diri, mépélingan anu lian sangkan tetep ajeg dina jalan ngajugjug ka rido Gusti téa. Tah, palebah cara ngélingan, tangtos baé kedah anu matak genah tur ngal;agena. Saur Mang Udjo almarhum mah kedah "nyeuli". Kedah raos kakupingna, supados nyantel dina manah. Lebah dieu peryogina seni téh. Seni ngadugikeun "jalan" supados jalmi teu sasab. Tiasa ngalangkungan haleuang (qiroat : mujawad, murotal; kawih, tembang), ku lisan (ngobrol, sawala, diskusi, seminar, maca sajak, maca carpon, maca fikmin. Ku batur cara kieu tos dianggo), ku sandang sareng pangan (sarupaning katuangan sareng leueuteun. Apan seueur pisan wargi urang anu katalangsara, anu hirupna heureut pakeun pungsat bahan, koreh-koreh cok, dahar isuk henteu sore. Tuangeun sareng leueuteun tiasa janten media kanggo dawah. Ku batur tos dianggo). Prung ah, urang kolaborasi. Dakwah islamiah ngalangkungan kolaborasi gaya "Nyiar Lumar", teater, masa sajak, maca fikmin,tembang, qiroat, beluk, ssté. Urang todélan haté jalmi anu ngahgar, urang gejeburkeun kana suasana anu tiis tingting, urang betot rasana, sina engeuh kana pangjujugan saréréa : rido ti Gusti. Silihtembrakeun kanyaah sareng Mantenna.
  67. Asep Salahudin: Tah eta Kang Nana Sukmana, "Nyiar Lumar"-na Kang Perbu Godi Suwarna nya ti antawis cara anjeuna dakwah, ngajak urang hirup panggih jeung huripna, dalit jeung alamna, wanoh kana jatina. Mun kitu mah boa-boa Kang Godi teh Wali, Sunan Astana Gede (piraku wali teh sadayana urang Jawa). Emut kapungkur almarhum KH Abdurrahman Wahid taun 1980-an (urang Jawa deui wae hehehe) nemrakeun pamanggih pribumisasi Islam. Pribumisasi kacida pentingna jigana dina harti kumaha sangkan sakumna urang henteu lengiteun tatapakan kulturalna. Pribumisasi dina pamustunganana mah nancebkeun prinsip rehing ngagem Islam teh teu kudu ku cara neplak sagemlengna tradisi Arab lantaran konteks nalar jeung lokalitas anu tojaiyah. Pribumisasi Islam malah bisa jadi ngabengharkeun dua budaya boh islamna boh budaya lokalna. Pancakakina lain silih sengledkeun (polarisasi) tapi silih bengharkeun interpretasi tepi ka Islam ngarongheap dina palataran sosial mawa wanda anu heterogen, henteu monolitik. Agama jeung kabudayaan silih pangaruhan lantaran duanana ngabogaan silib. Agama silib tina gumati ka Pangeran, sedengkeun kebudayaan simbol supaya manusia panggih jeung acining kamanusaanana. Katawisna. Perkawis "cara" nu benten eta mah panginten tos tidituna. Pulasna warna-warni, kelirna rupa-rupa tos takdirna. Pamohalan diseragamkeun hahaha
  68. Nana Sukmana: Kang Asep Salahudin : Panuju, panuju pisan. Raka Perbu Godi Suwarna mah parantos dugi kana tingkatan wali. Leres, Sunan Astanagede, nun. Ke, asa kaélékéték yeuh. Muhun, naha nya urang Sunda teu aya nu jadi wali? (ari sanes wali nikah mah)? Cobi imeutan deui, sadaya wali, darawahna téh ngaranggo budaya, palangger pisan kana budayana. Boa-boa urang nu ngalajarkeun agama Islam (urang Sunda) mah henteu nareuleuman budaya? Atanapi boa-boa aya nu teu resepeun ka kiyai atanapi ulama (nu asalna ti tatar Sunda), bari kiyai téh budayawan deuih, bari nyantri teh nyastra deuih? Geuning HHM oge henteu kalebet kana golongan wali. Atanapi, boa deui bae, urang Sunda henteu arapal kana sajarah. Sok padahal aya tapi dieuweuh-euweuh. Atanapi ngahaja kitu sina henteu tembong dina sajarah. Cik, manawi Kang Asep atanapi Raka Perbu atanapi saha baé lah. Aya nu uninga?
  69. Endah Dinda Jenura: duh ieu ni'maaaaatt...
  70. Kokom Komariah: Kang Asep Salahudin...euleuh meni keuna pisan tah kitu pisan kang panujuuu teh.
  71. Dadi Arya: Ampuun teuiiing....ieu mah teurab badag ku fikmin+koménna..
  72. Ida Nurulhuda: Subhanalloh walhamdulillaah..,fikmin sareng komentarna éstu élmu wungkul.,asa nuju ngariung di madrasah babandung kuping para kiai... Hidup da'wah dina FBS...!!
  73. Nana Sukmana: Téh Kokom, Téh Ida, Ang Dadi, dina lapak fikmin mah teu aya nu teu mangpaat. Euyeub ku ajén. Amar ma'ruf nahyi munkar téh aya di dieu. Teu bénten ti ngaos bandungan sareng sorogan. Mangga we tengetan. Prung, ah! Tong asa-asa, da di bumi urang ieuh! Sarens kitu Kang Prab Godi?
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Nana Sukmana
  1. Nu Muih Dina Ulekan
  2. Anu Halon Ngagalindeng
  3. Anu Datang Teu Diondang
  4. Nu Anteng Ngomé Android
  5. Handapeun Bedug Masigit
  6. Nu Ngabiur Muru Layung
  7. Nu Mulang Mangsa Balébat
  8. Renghap Ti Pajuaran
  9. Nu Lirih Dipirig Tasbih
  10. Nu Sumegruk Dina Batu Pangeunteungan
  11. Anu Seungit Ngadalingding
  12. Kalangsu
  13. Kemba
  14. Méméh Cengkat Tina Tabet
  15. Sawengi Jeung Citraresmi
  16. Anu Datang Mangsa Tibra
  17. Nu Sumping Na Tengah Wengi
  18. Pepetétan
  19. Layung Kiarajangkung
  20. Carita Mangsa Reupreupan
  21. Sagelas Mix Fruits
  22. Kamar 201
  23. Rangkay Gedong Seni
  24. Malati Ti Sungai Musi
  25. Hariring nu Titih Rintih
  26. Aki Majun
  27. Tangangé di Balé Désa
  28. Elegi Peuting
  29. Hégak Manceran
  30. Qiroat
  31. Pasar
  32. Buldoser
  33. Lebah Lawang
  34. Cendrawasih
  35. Genjlong
  36. Ngacacang
  37. Beurit I
  38. Eunteung
  39. Patung Emas
  40. Dead River
  41. Elegi Daging Domba