Ku Nana Sukmana
DEUDEUH naker Aki ngurus pepetétan. Ati-ati. Bangun inggis aya akar nu karabut. Paur aya sirung nu katikruk. Saban isuk disiraman. Wur, diawuran ku rarapén meunang nipung taun-taun. Walatra pisan. Satangkal satangkal. Tara aya nu kaliwat. Basa bibit geus satangtung, nyéh Si Aki seuri bari ngusap-ngusap gado. “Euleuh, kutan téh kieu jantenna? Henteu nyangki ti tadina. Boro abdi awon sangki.” Nu ngaradon laha-loho ti suklakna ti siklukna. Araléwoh bari hélok tingpolohok. Ngarilikan pepetétan bangun reueus. Sawaréh patingarunggut. Tingkecewis jeung pada baturna. Tuluy tingkalotrét. Dina batu. Dina taneuh. Na kalakay nu marurag. Irung Aki beuki rebéh, sugema ku ladang késang. Humiliwir angin tiis nebak haté. Hiji mangsa basa karék pecat sawed, Si Aki mani ngarénjag. Kebon lidig digiridig. Pepetétan patulayah. Pudigdig Aki mudigdig. Koréjat hudang bari ngamang-ngamang tugenah. Panonna hurung. Ngabarasat meulah langit. Tuluy jadi kingkilaban. Aki nénjrag bumi satakerna. Lemah génjlong. Langit hieum. Méga hideung tingpuruluk , ngamalir jadi cimata.