Ku Nana Sukmana
“ENGKANG, widian! Jenengan salira badé disulam dina mamaras rasa. Aoseun mun pareng simpé,” saur salira harita. Gumalindeng halon naker. Humariring titih rintih mipir-mipir lamping cepil. Hujan nu maralak na suhunan Graha Sanusi, minda sora janten séah dina dada. Jep, sajongjongan. Kantun tuk-tekna jarum-jarum jam nu silih témpas tina geter kana geter. Ti kawit harita, Jungjunan, haté urang mindeng guntreng. Saban waktos ringtun kameumeut salira minuhan lalangit kamar nu pulas bulao langit. “Engkang, widian abdi nyelapkeun jenengan salira dina wengi nu munggaran!” Kapireng kénéh, Enung, kapireng kénéh, tina sesemplékan inghak. Lajeng gumuruh janten guludug. Tingjelegur dina sirah. “Mugi kersa sumping dina waktosna!” Soanten salira haroshos, lapat-lapat kacandak angin sareupna nu suméor mingkin tebih. Jep, haté Engkang réhé comrék.**