Ku Nana Sukmana
Kembang téh apik pisan dipetikan. Hiji-hiji. Sagagang-sagagang. Sarupa-sarupa. Lebar ku seungitna. Saban metik, diseuseup leleb tipeureum-peureum. Dina saban-saban angseu, lalangit haté kuwung-kuwungan. Hiji-hiji , widadari anu tujuh piligenti. Ngaléndotan, nyariuman. Ti luhur satungtung buuk, ti handap sahibas dampal. Raga mimiti pasiksak disasaak rasa. Téténjoan lalaunan jadi samar basa maranéhna beuki nalalaktak dina sela-sela rénghap. “Wengi ieu mung kanggo salira Engkang,” ceuk maranéhna bari henteu reureuh imut. Haté tibra. Wanci janari leutik, kuring ngulisik. Lalangit kamar jadi pinuh ku eunteung. Dina saban eunteung tingjénggélék aya jirim. Dipelong bet malik melong, dirényohan ngarényohan, disentak malikan nyentak,. “Lain, éta mah lain aing! Aing mah lalanang jagat. Aing mah lalaki langit nu diabring-abring ku peuting,” ceuk haté nu ngabeletrak.Teu antaparah, eunteung ditonjok satakerna. Jirim kalah ngabegégan. Enteung dibeubeutkeun, jirim anggur nyeungseurikeun. Enteung tuluy dileyek nepi ka remuk. Sanggeus simpé sajongjongan, aya sora nompo pisan, “Poé isuk umur manéh geus jejeg satengah abad!” Gap kana pipi karasa kanyos.**