Update: 20 Novémber 2012 16:10:15

Carita Mangsa Reupreupan

Ku Nana Sukmana

DINA wanci gingsir ngulon, anjeun halon ngaharéwos, “Waktosna sakedap deui. Enggal geura tatan-tatan, urang angkat sasarengan!” Rap, masangkeun totopong bodas. Kuring jongjon ngecah budah dina gogombangan rénghap. Anjeun angger ngagelenyu. Ngawurkeun wawangi asih, najan kuring haré-haré. “Geura wawasuh! Urang angkat. Éta gentos geura anggo!” ceuk anjeun deui, basa layung tunggang gunung. Kuring ngarérét meueusan. Sirah gigideug sakeudeung. Tuluy motah ngipyak deui. Ngoléar na budah nirca bari némbongkeun léléwa. Karérét anjeun gogodeg, tapi angger imut leleb. Nincak ka wanci reupreupan tatabeuhan henteu reureuh. Kuring kalah beuki maceuh. Budah hangru jadi nanah. “Moal hanjat silaing téh?” Sora anjeun jadi teugeug. Kerewek, buuk dijenggut, didudut disakalikeun. Diuleng sataker kebek. Ramo anjeun rosa naker mangpengkeun kuring ka langit. “Lungsurkeun! Badé wawasuh heula!” Ngagorowok satakerna. “Geus lain wayah. Ti tadi geus dibéjaan!” Beungeut anjeun kalah geuneuk. Teuteup ceuceub hurung ngempur. Raga tuluy ditalapung. Ngaliwatan langit pitu.. Awak rénghék jadi ruhak.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: mgagelenyu sarua teu jeung ngagelenyu?
  2. Yanti Sri Budiarti: Mun lawang tobat geus nutup. Duuuuuh..!
  3. Godi Suwarna: :"Eduuuun, Mang Naaaa...! Diksina ruar biasa, diruntuykeun dina ungkara nu genah, merenah, nu kentel, lekoh, tapi teu matak giung. Ungkara nu lugas jeung nu mamanis silih baganti, sing sarwa pas takeranana. Plotna gemet, ngentep seureuh, sabab-akibat dalit pakuat-kait ti awal tepi ka akhir. Lalakonna dramatis, aya kategangan nu terus dipanteng antara dua tokohna, ngundak tepi ka puncak alias klimaks-na. Tina lalakonna, ngalangkang lalampahan hirup manusa, nu teu euih-euih najan digeuing. Karasa ayana da'wah. Ngelemeng. Lantip. Teu nembrak, teu karasa mamatahan. Yah, pokona mah hebring we lah...!"
  4. Kantika Sofian: mundel pisan....hatur nuhun,fikmin pangeling ngeling keur kuring....
  5. Nasrul Jatnika: Salah sawios punjulna urang Sunda, ngelingan tapi lantip. Upami saur kang perbu tea mah siga Sastra Al Qur'an. " Fa aina Tadzhabun? in huwa illa dzikrul lil'alamiin.." subhanallah
  6. Dadah Hidayat: Gan, najan arang maca karya Agan, da Agan riweuh ngolah dapur, ayeuna panceg dina angen, Agan heded sureded ngadereded. Aya patalekan nu kedah diwaler, ulah henteu, mun agan indung hayam, pun abdi anakna, naha parantos waktosna nyapih kitu? Heuheuheu
  7. Nana Sukmana: Kang Iwan Hanjuang: Halaaah, uingah, eung. Sakitu sababaraha puluh wangsulan diaosna oge. Eta aya keneh wae nu nyeuhil. Duh, sakadang curuk teh bet ngadon ucas-acos ka tatangga. Maksad kana "n" ngadon mengkol kana golodog "m". Moal kitu ieu nu disebat ku nu lian "rumput tetangga lebih hijau dari rumput di halaman sendiri"? He he he. Nuhun Kang Iawan.
  8. Iwan Hanjuang: Nana Sukmana, ceuk akang ge imeutan deui sing telik, bandel atuda.. wakakakak
  9. Nana Sukmana: Bu Yanti Sri Budiarti: Sumuhun. Sauna di ditu mah teu kaci kaduhung, a moal tiasa wangsul deui. Hatur nuhun "nasi" bungkusna. Katampi. Jazakumullah khoiron! Barokallohu lak fi ahlik wa maalik.
  10. Nana Sukmana: Kang Godi Suwarna: Halah, Kang Perbu, mani seseepan kieu Akang nyurahan teh. Sim uing asa kapangpengkeun ka langit. Asa era parada yeuh. Mugi janten charge kanggo sim uing nu nuju lungse. Getih seepeun dianggo milihan fikmin nu mingkin sarae, Ang. Mugi ngagedur deui.
  11. Nana Sukmana: Teh Kantika Sofian: Hatur nuhun, Teh. Mugi janten panggeuing kanggo sim uing sorangan.
  12. Nana Sukmana: Ang Nasrul Jatnika : salantip-lantipna fikmin sim uing moal aya sakeprul-keprulna acan ucapi dibandingkeun sareng lantipna sastra Quran. Leuh, ampun ulah diibabandingkeun sareng Ayat 26 Surat At-Takwir. Ampun...!
  13. Tanti Damayanti: subhanalloh..... gusti...... mani nyèrèdèt wajilat qulubuhum,nuhun kang Nana Sukmana mani asa di emutan......
  14. Nana Sukmana: Ang Dadah Hidayat : Eta, eta sok mepehek maneh ari Ang Dada. Karya salira sakitu malenterengna. Asli sim uingah. Sanes lalambe. Teu kenging kitu, ah! Tapisna nyetir teh margi ku teras-terasan unggal dinten nyetir. Pangalaman kumaha nyorang nu macet, jalan tol, nu tarahal, sareng jalan nu heureut bakal janten pangalaman anu moal tiasa diukur nu statistik. Nyaimbangkeun gas, erem, kopling, saeng persneleng waktos kedah ngagereyem di nu macet atanapi jalan tarahal, sareng anteng nincak gas bari mengpengan dina jalan tol bakal hatam nu dipilampah unggal dinten. Sok sanaos nu tos tapis, namung arang langka nyetir deui, angger bae talag-tolog, Ang. Teu benten sareng nyerat. Ceples kitu pisan. Sim uing ge ta elmu teh kenging mulungan ti Kang Perbu Godi, Sunan Astanagede Kawali.
  15. Irman Dimyatie: :"Eta waas buuk dijenggut terus diuleng sakebekna... halah! Naaa.. meni kacida pisan."
  16. Nana Sukmana: Kang Iwan Hanjuang : Hah hah hah hah...!
  17. Nana Sukmana: Teh Tanti Damayanti: "Wajilat qulubuhum" mah kedahna nalika "wa idza zdukirallah" sanes "wa idza quri-al fikminii" he he he....
  18. Nana Sukmana: Kang Irman Dimyatie: Tuman, Kang! Kitu saurna teh. Bongan!
  19. Dadah Hidayat: Reueus awor jeung bagja lah, mugi kasolehan manah, paraagan, janten panghiap kanggo nu talag tolog milari jalan. Nuhun Gan, mugia aya dina panangtayungan Mantenna salawasna.
  20. Tanti Damayanti: Mugia wae atuh fikmin teh sing tiasa janten karya seni nu nyaketkeun makhluq sareng khloliqna hehe, sapertos nu kantos di pedar ku moch iqbal. hehehesanes kitu
  21. Nana Sukmana: Dadah Hidayat: Urang silih simbeuh, Ang Dadah. Mugi aya mangpaatna we atuh. Sasieureun sabeunyeureun.
  22. Nana Sukmana: Teh Tanti Damayanti: Aamiiin. Kitu kahoyong mah. Apan fikmin mah media, Teh. Pakakas. Tiasa dijantenkeun naon we. Nya pamugi mah tisa janten media dawah.
  23. Budi Mugia Raspati: Haduuh, beunghar ieu ungkara!, nyuhunkeun widina, bade dipulungan..
  24. Dadah Hidayat: salian ti beunghar teh, pun abdi mah ngulang-ngulang maca, ngalenyepan ungkara, kamana maksudna, horeng jelas, saungkara-saungkarangkarana teh ngagambarkeun lalampahan jalma nu goreng, diajak bener kaleked
  25. Ahmad Yani: Kayungyun ka nu ngemutan, ningan karaos pisan deudeuhna. namung tampolana, ningan urangmah bet rajeun tonggoy, ngumbar nafsu nu endahna, ngan ukur ceuk rarasaan sorangan. Sok sanaos di serat dina ungkara-ungkara nu teleb, leubeut ku siloka, namung karaos pisan " Gaurna", "Gaur Kadeudeuh" nu teu dipalire, "Gaur" kadeudeuh nu ngan bisa di rasakeun ku hate.
  26. Hadi Aks: Genah galindeng ieu fikmin adi! Tapi nu maca boa2 kawas pun aka, kudu kerung bulak-balik heula, naha nyaritakeun naon atuh ieu teh? Asa kirang mere lolongkrang saeutik keur nu maca.
  27. Nana Sukmana: Ang Ahmad Yani: Nya kitu atuh. Saur Kang Perbu mah adat jka kurung ku leho!
  28. Nana Sukmana: Aka Hadi Aks: Mangga, nyanggakeun sadaya-sadaya, Aka. Sim uing mah ukur nembongkeun papandean wungkul, Aka.
  29. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: nu kamalinaan
  30. Rohendi Pandeglang: beuh...mangsa sandekala tea nyah, nu loba balukarna, nu loba matakna, rosa jasa ka. kalalanjuan tea.
  31. Rifan Sahrony: Di sagedengeun ungkara nu mundel eusina,saur Kang Hadi Aks, tea mah pelem gurilem. Kang Nana Sukmana. Simkuring dugi ka ngadangheuak maosna, bakatning raoseun.uruy!
  32. Pak AdSulaeman: Emh ku nimat maos ieu fikmin
  33. Tatang Sumarsono: Kungsi ngomén. Angger ari geus ngaleungit téh. Etah sakadang sinyal. Eta, Mang Na, ngeunaan Kawah Candradimuka, ari ceuk pun uing mah patalina sareng tempat latihan, ngagembléng jiwa raga, sangkan dina geus kaluarna ti dinya jadi manusa piunggul. Jadi, asa teu patali jeung tempat ayana atawa katarimana wawales. Cindekna, Candradimuka mah lain naraka.
  34. Irman Dimyatie: :"Kawah Chandradimuka mah, ceuk Ki Dalang, tempat ngagodog calon pahlawan (Gatot Kaca), mun di urang mah DIKLAT meureun."
  35. Nana Sukmana: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, Pa AdSulaeman, Ang Rifan Sahrony: Mangga nyanggakeun saaya-aya. Kirang langkungna mah sih tawakup bae, nun!
  36. Nana Sukmana: Ang Rohendi Pandeglang: Nya kitu tea, Ki Jaro. Jalmi mah bujeng-bujeng digeuing, teu digeuing ge sok nonggoy bae.
  37. Nana Sukmana: Tah, leres Kang Tatang Sumarsono. Ieu teh pilihan anu pamungkas. Tadina mah da matapoe (panonpoe) upami ti caket mah numutkeun panalungtikan eta teh mangrupa seuneu. Matak geheng. Namung asa realistis, bilih numpang sareng anu papandean tea di awalna. Rumegog milih Candradimuka teh wireh kantos dianggo ngagodog Gatotkaca. Namung saur nu ahli kana carita pawayangan ieu mah, Ang Irman Dimyatie, Kang Tatang, saleresna nu dipimaksad kawah Candradimuka teh nya paranti nyiksa mahluk ti Marcapada anu wangkelang. Anapon Jabangtutuka henteu tutung, malah janten sakti eta mah kersaning dewa.( Upami ayeuna mah hasil tina imunisasi, supados henteu teurah ku perah oray nya duisuntik ku serum peurah oray. Kitu Kang.) Dina kamus R.A. Danadibrata anu naplok dina web fikminsunda, nu dimaksad "CANDRADIMUKA dina lalakon wayang: ngaran kawah at. naraka; digodog di kawah Candradimuka." Mangga uningaan deui. Kadieunakeun kecap Candradimuka janten henteu pikakeueungeun, namung janten tempat nu positip. Duka tah naon margina. Urang taroskeun bae atuh ka Batara Guru. Manawi tiasa nerangkeun. He he he....
  38. Nazarudin Azhar: Tina lemes kana garekgok, tina halon laju ngajorowok. Robahna atmosfer carita teu karasa nerag, parigel ngulinkeunana. Edas...
  39. Tatang Sumarsono: Ieu mah sakadar babandingan, taya lepatna mun urang ngarérét kana pabétékan budaya batur, da bongan istilah "candradimuka" gé jolna ti batur. "Kawah Candradimuka secara harfiah adalah kawah, yang artinya lubang; kawah gunung. Candradimuka yang berarti sinar bulan." "Narada kemudian menceburkan tubuh Tetuka ke dalam kawah Candradimuka, di Gunung Jamurdipa. Para dewa kemudian melemparkan berbagai jenis senjata pusaka ke dalam kawah. Beberapa saat kemudian, Tetuka muncul ke permukaan sebagai seorang laki-laki dewasa. Segala jenis pusaka para dewa telah melebur dan bersatu ke dalam dirinya." Jadi, di batur mah teu disabit-sabit yén candradimuka téh, "... paranti nyiksa mahluk ti Marcapada anu wangkelang." Ana kitu, dina aslina mah teu robah. Naha enya di Sunda mah robah, sakumaha ceuk nu ahli kana pawayangan anu pamendakna dirujuk ku Mang Nana?
  40. Asep Komara: Pami ngadangu pedaran wayang ti Pa Cecep Supriadi, aya kecap nu ditambihan, nyaeta janten "godogan kawah Candradimuka". Kecap "godogan" tiasa janten gaduh maksud nu utama. Panginten fungsi godogan teh keur ngasakkeun (ngasakkeun pangaweruh atanapi kadigjayaan,contona). Panginten ieu mah.
  41. Dadan Sutisna: Fikmin nu ngajak “weruh di semuna”. Henteu nerag tapi eusina mangrupa panggeuing nu dibungkus ku kaparigelan ngolah basa. Mung cék simuing mah, dua kalimah panuntung “Brus, ka kawah Candradimuka. Awak rénghék jadi ruhak.”, asa rada ngagokan. Sanés alatan définisi Candradimuka-na, nanging éta dua kalimah téh asa rada ngaheureutkeun lolongkrang imajinasi simuing minangka nu maca.
  42. Nana Sukmana: Mang Nazarudin Azhar: Sim uing mah sok laju kembung irung ari dikomentaran ku Mang Nunu teh.
  43. Nana Sukmana: Kang Tatang Sumarsono: hatur nuhun kana informasina. Mung sanggem sim uing mah, anu didadarkeun ku batur ge eta teh dina lalampahan "Jabang Tutuka" wungkul. Henteu ngaguar lalakon sanes. Duka ketang. Mana nu leres. Ke, urang kotektak deui.
  44. Nana Sukmana: Mang Dadan Sutisna : alah, ku nu seukeut rasa mah karampa bae, eung. Nuhun Mang Dan ah. Janten catetan sim uing yeuh.
  45. Tatang Sumarsono: Mngga geura kotéktak, sugan waé urang jadi palinter, Mang Na.
  46. Nasrul Jatnika: Dina Kamus besar Bahasa Indonesia, JS Purwadarminta "[Sas] kawah yg keramat dan sakti dl cerita wayang tempat penggemblengan kesatria agar menjadi kesatria yg kuat dan tangguh.."
  47. Ki Hasan: Halah, jurus rubuhan dalapan deui yeuh. Enya asa geus heubeul, eta jurus ayeuna kaluar deui.
  48. Nana Sukmana: Sok kagoda bae, Ki. Unggal nyerat teh sok hoyong ka dinya bae brasna. Asa ngagalindeng tuda.
  49. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: “Geura wawasuh! Urang angkat. upami nu ieu diétang dalapan atanapi salapan Kang Nana Sukmana?
  50. Nana Sukmana: Dina paguneman tara ngeukeuhan. Ah, asal raoseun diaosna we. Heu heu heu....
  51. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: lebar atuh janten teu sadayana rubuhan dalapan
  52. Nana Sukmana: Mangga nyanggakeun. Kitu kabuktosanana!
  53. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: kabuktosan Kang Nana ...hé hé.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Nana Sukmana
  1. Nu Muih Dina Ulekan
  2. Anu Halon Ngagalindeng
  3. Anu Datang Teu Diondang
  4. Nu Anteng Ngomé Android
  5. Handapeun Bedug Masigit
  6. Nu Ngabiur Muru Layung
  7. Nu Mulang Mangsa Balébat
  8. Renghap Ti Pajuaran
  9. Nu Lirih Dipirig Tasbih
  10. Nu Sumegruk Dina Batu Pangeunteungan
  11. Anu Seungit Ngadalingding
  12. Kalangsu
  13. Kemba
  14. Méméh Cengkat Tina Tabet
  15. Sawengi Jeung Citraresmi
  16. Anu Datang Mangsa Tibra
  17. Nu Sumping Na Tengah Wengi
  18. Pepetétan
  19. Layung Kiarajangkung
  20. Carita Mangsa Reupreupan
  21. Sagelas Mix Fruits
  22. Kamar 201
  23. Rangkay Gedong Seni
  24. Malati Ti Sungai Musi
  25. Hariring nu Titih Rintih
  26. Aki Majun
  27. Tangangé di Balé Désa
  28. Elegi Peuting
  29. Hégak Manceran
  30. Qiroat
  31. Pasar
  32. Buldoser
  33. Lebah Lawang
  34. Cendrawasih
  35. Genjlong
  36. Ngacacang
  37. Beurit I
  38. Eunteung
  39. Patung Emas
  40. Dead River
  41. Elegi Daging Domba