Ku Nana Sukmana
“SAMPURASUN…!” Ngoncrang pisan. Asa apal kana ieu sora. Sora saha, nya? Asa kungsi ngadéngé, tapi teuing di mana. Teuing iraha. Keteyep ka lebah lawang. Luak-lieuk. Euweuh sasaha. Euweuh ringkang-ringkangna acan. Seuseukeut panon henteu parat niruk peteng. “Sampurasun, Ki Silah!” Sabot ngaléngkah, nu uluk salam kadéngé deui. Sorana nu tadi kénéh. Halimpu, ngagalindeng. Ceuli rancung, ambekan ngajeten heula. Asa di luhur. Enya, dina lalangit. Rét. Ah, lain! Lain di luhur. Tah, tah… kadéngé deui. Di dieu yeuh. Dina sirah. Da nongtoréng pisan. Mani nampeu. Sirah dicagap. Téténjoan jadi patingaroyag. Sakuriling bungking asa patingrarenyu. Tembok, ubin, lalangit kalah siga nu nyaleungseurikeun. “Emut kénéh ka kuring?” Alah, naha di mana atuh? Da sidik nampeu pisan. “Saha…?” Rada ngagorowok. Jempling sareureuhan. “Kuring nu sok disambat ku anjeun! Kuring aya na biwir anjeun.” Gap kana biwir. Deregdeg ka lebah eunteung. Bréh. Gebeg. Geuning lain kuring? Ukur kalangkang nu ngabelegbeg. Sabot hémeng, aya léngkah ngajauhan.**