(Ramadan 5)
“BADÉ luluasan baé ieu téh?” sanggem Engkang. Panon teras mapayan neuhneur salira. Asa wegah kedah pisah. Can cacap ngabedah rasa. Salira teu kersa nyaur. Jongjon nilepan pasemon. Diéntép na rinjing wanci. “Enyaan, badé lulusan baé?” Engkang énggal naros deui. Salira angger ngabigeu. Teu kedal basa sakecap. Puguh janten samar-rampa. Mending kénéh disisia manan diantep ku kemba. Di luhur, langit bangkenu bangun anu ngiring ceuceub. Bulan geuneuk kumalieus. Bréh, layar rubak mébér deui. Gambar urang, Jungjunan. Carita sakolepatan. Tapi naha janten rumeuk? Rut-rét panon ka salira. Taraju katingal oyag. Teu kawawa hoyong nyampa, ngajarumat deui rasa. Manawi haté rumekét, muka deui sabihari. Tapi niat bet rumegog, anu kedal ukur rénghap. “Leres, badé lulusaan?” panalék anu pamungkas, bari kalbu asa remuk. Salira cengkat sakedap. Pameunteu ngempur lir layung. Citangis badis girimis. Ku hoyong énggal ngarontok. Ngusap cisoca ku ilat. Bari namplokkeun kahéman. “Hapunten... bongan Engkang, mitresna teu sareng haté.” Jep, takbir simpé.**