Update: 31 Maret 2012 21:40:10

Bangsat

Ku Puri Kania Pramanik War

Mangkukna, manehna sarangah-serengeh, komo mun nempo anak pamajikan galumbira, hatena kacida bungahna, enya ning ngeunah kacida dipercaya ku balarea teh, aya kasempetan nguras leuit nagara, nya saprak nyepeng amanah manehna ngadadak jugala, tapi ayeuna, manehna ngan wasa ngaheruk, teu beda ti bueuk meunang mabuk, era ku wiwirang dirina, diseungseurikeun ku balarea, dijebian ku balarea, dihina bari ditunjuk rorek pangeusi dunya, manehna ngarenghap eungap, lebah hatena aya nu nyarita, boa pangeusi uwung-awang nu kakoncara ku sesebutan pingpitu ge ngahina alatan manehna dipanjara.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Dadah Hidayat: Sae tteh. Judulna sami sareng nu abdi tadi. Hehe
  2. Puri Kania Pramanik War: Leres Kang, judul sami, fikmin Kang Dadah Hidayat mah estuning matak nalangsa, fikmin abdi mah eusina tokoh nu nyepeng amanah tos mengpar tina aturan agama....
  3. Irman Dimyatie: :"Bangsat sareng koruptor mah benten. Bangsat mah hina, koruptor mah elite."
  4. Puri Kania Pramanik War: hehehe..... tapi sami hinana Kang Irman Dimyatie, pami ningal sacara lahir mah muhun benten, namung pangemut abdi mah samimawon Kang, sami nyandak nu sanes hakna
  5. Eman Rais: Wayahna ngarana oge resiko hurip, lamun teu bagja nya cilaka. Antep weh keur naon dipikiran lila lila matak sutris weh, keun weh engke oge pareum sorangan. Tunggu weh deuleu, ku duit mah naon anu teu bisa dibeli ketang.
  6. Puri Kania Pramanik War: Mani sewot kitu Kang Eman Rais mah, kumaha ka Babakan Jampang tos diaspal teu acan? Pami teu acan enggal usul ka Bapa Walikota...hehehe
  7. Ronny Gianosta: nepangkeun teh, abdi wargi enggal.
  8. Puri Kania Pramanik War: Sami-sami Kang Ronny Gianosta, nyanggakeun salam pangwanoh abdi ge...
  9. Ronny Gianosta: Hatur nuhun, Teh. sareng neda bantosanana simkuring teh, ma'lum anu enggal, palanca polonco.
  10. Puri Kania Pramanik War: Har...na da abdi ge nuju diajar keneh Kang, sering keneh tataros abdi ge
  11. Irman Dimyatie: :"Geuning koruptor mah tara dihukum. Bangsat mah, acan oge nanaon geus ruksak manten mun katewak teh."
  12. Ronny Gianosta: Atuh sanaos etehna nuju diajar ge, tangtos ari nu tos langkung ti payun mah sok tos langkung nyangkem sagala rupina.
  13. Puri Kania Pramanik War: Tah didinya bentenna Teh Kang Irman Dimyatie, koruptor mah pan dinangna nengne teu kenging katoel, ari bangsat mah pan teu tiasa ngahaleuang ka nu sanes, nya didieu nu disebat adil teh tiasa disebat keneh pilih kasih, sakedahna boh koruptos boh bangsat kedah ditangtayungan.... eh duka ketah, mani kokolot begog nya Kang... hehehe
  14. Puri Kania Pramanik War: hehehe ...Kang Ronny Gianosta, dugi ka wangkid ayeuna abdi seueur keneh tataros sareng mukaan kamus, namung Insya Allah Kang, pami nu tiasa mah dibantos...
  15. Ronny Gianosta: Nuhun sateuacanna oge, Teh! nuhun pisan.
  16. Puri Kania Pramanik War: Sami-sami Kang, kitu ge manawi tiasa...hehehe
  17. Maman Gantra: Rupina nuju usum bangsat kiwari teh, nya?
  18. Eman Rais: Sumuhun ni Puri, manawi teu acan. Ngantosan pengembang cenah. Numawi atuh rupina mah kota tea seueur bangsatna nun.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Puri Kania Pramanik War
  1. Mamala Kakawasaan
  2. Dongeng Keur Incu Jaga
  3. Proses
  4. Kanyeri Diri
  5. Tumbal Nagara
  6. Nu Rek Daremo
  7. Hitam Di Atas Putih
  8. Kawin Selebritis
  9. Lima
  10. 67 Taun
  11. Jauh Mela-melu
  12. Jurus Ngabeberah Amarah
  13. Haseup Roko
  14. Silungna Jiwa
  15. Mamala Angkara Jaman Ayeuna
  16. Ngadelete Panineungan
  17. Saha Tea Ari Salira
  18. Diabet
  19. Hipokrit
  20. Bangsat
  21. Do'a Nu Pinuh Dosa
  22. Maca Melegmegna Mongkleng
  23. Di Rumah Sakit
  24. Saupami....
  25. Rekayasa
  26. Lalaki Asal Tegalan
  27. Usum Es Teler
  28. Lagu Bingung
  29. Nu Ngaramen
  30. Awewe Dulang Tinande
  31. Bau Belenong
  32. Simpe
  33. Warta Ayeuna
  34. Do'a Sareupna
  35. Wilujeng Kantun
  36. Biru
  37. Taktak Wanoja
  38. Cinta 3
  39. Cinta 2
  40. Cinta
  41. Infatuated Love
  42. Fatuous Love
  43. Umur
  44. Peuting Di Basisir Palabuanratu
  45. Mayit
  46. Sono
  47. Hirup Kudu Saayana
  48. Mimiti Jadi Banci
  49. Nu Gelo
  50. Cinta Basajan
  51. Anjeun
  52. Sareupna Di Basisir
  53. Panineungan Kulawu
  54. Tumanya
  55. Cinta
  56. Otak
  57. Pananya Keur Wakil Rayat
  58. Raga Katresna
  59. Mujizat
  60. Pancen Nu Miskin
  61. Pancen
  62. Malati Papaes Ati Ii
  63. Malatipapaes Ati
  64. Jampe Cinta
  65. Saparagraf Fikmin
  66. Teu Weleh Emut Bae
  67. Fikmin Cangkang Cau
  68. Kahirupan
  69. Guligah Rasa
  70. Haneutna Balebat
  71. Kuring Lain Juliet
  72. I Love U
  73. Hapunten
  74. Ruwet
  75. Hapunten
  76. Mang Komar
  77. Sieun
  78. Panalek
  79. Kanyeri
  80. Kaguligah
  81. Lebah Panineungan Nu Nyingkur
  82. Mugia....
  83. Egp
  84. Budaya
  85. Diajar Ngahutang
  86. Kaasih
  87. Angen-angen
  88. Sacangkir Kopi
  89. Pagawean
  90. Amanat
  91. Bejadna Bapa Tere
  92. Genclang Ibun Lebah Angkeub
  93. Basa Salira Sumping
  94. Kelas Tinggi
  95. Sedih
  96. Cinta
  97. Hapunten Gusti....
  98. Tunggang Gunung
  99. Nu Oleng Panganten
  100. Sperma Duaan
  101. Sukabumi
  102. Dua Hate Nu Sajiwa
  103. Katresna Ka Salira
  104. Du'a Indung
  105. Sareupna
  106. Balebat Kasumba
  107. Sms
  108. Wengi Ayeuna
  109. Lsm
  110. Di Pajaratan
  111. Mandala Atikan
  112. Pabrik
  113. Umur
  114. Wilujeng Kulem....
  115. Dina Renghap Aya Salira
  116. Sareupna
  117. Guligah
  118. Lalay
  119. Karisi 2
  120. Karisi
  121. Harepan
  122. Martabat
  123. Numpi
  124. Kapasung
  125. Panineungan
  126. Endahna Ati Salira
  127. Ungkara Katresna
  128. Panorama
  129. Fikmin
  130. Asmarandana
  131. Cinta
  132. Panggung Kakawasaan
  133. Sarapan
  134. Katresna Sareupna
  135. Takdir
  136. Simpe Jeung Pati
  137. Ngabelesat
  138. Sono
  139. Dikantun Tugas
  140. Timburuan
  141. Kesang Ii
  142. Kesang I
  143. Kunaon
  144. Anomali
  145. Kalangkang
  146. Nu Meulit Pigura
  147. Inspirasi
  148. Bubuk Narkotik
  149. Pajaratan
  150. Mayit
  151. Sakarat
  152. Rumah Sakit
  153. Lebah Sareupna
  154. Bingung
  155. Ngantos
  156. Pabukon
  157. Egois
  158. Balada Langlayangan
  159. Balada Wts
  160. Calo Anggaran
  161. Elegi Isuk-isuk
  162. Tumanya
  163. Nu Gelar Tanpa Bapa
  164. Ngan Beda Saeutik
  165. Bri
  166. Luyu Jeung Uud 1945
  167. Koalisi
  168. Ilusi Dina Korsi
  169. Antara Dua Pilihan
  170. Roda Waktu
  171. Cita-cita
  172. Diary
  173. Timburu
  174. Teu Weleh Ngulon
  175. Kasono
  176. Illegal Loggingn Ii
  177. Pananya
  178. Illegal Logging
  179. Iklan Na Sela-sela Adzan
  180. Lebah Meja Dunungan
  181. Hujan
  182. Basajan
  183. Teger
  184. Beak Pulsa
  185. Evolusi
  186. Paturay
  187. Jawara
  188. Indung
  189. Tiris
  190. Usum Hujan
  191. Katiga
  192. Hate Sareupna
  193. Alpa
  194. Asa
  195. Lir...
  196. Sareupna
  197. Jangji
  198. Mung Salira
  199. Interval
  200. Ngamalirna Rasa
  201. Anjeun
  202. Mongkleng
  203. Adzan
  204. Waktu
  205. Kurusetra