Nu Oleng Panganten
Ku Puri Kania Pramanik War
Basa bulan nyangkere luhureun ranjang, aya keclak cimata bagja alatan dua napas gumulung dina katresna, angin jeung mega-mega neuteup gumbira, alatan aya kasono tamplok dina malem munggaran
Koméntar kana ieu Fikmin:
-
Iwan Hanjuang: duh meni deg degam kieu ieu teh...
-
Puri Kania Pramanik War: hehehe...kunaon kitu Kang?
-
Teh Rai Da: Teh Puri...kade wartosan iraha tuh ? Hehehe...
-
Puri Kania Pramanik War: hehehe..... moal ngarunghal da...
-
Wildan Husni: abdimah teu ngalaman mlm munggaran siga kitu teh, emh endah lamun tea mah si manehna anu aya gigireun waktu mlm munggaran teh....!!
-
Puri Kania Pramanik War: hehehe..... enggal atuh ngawayuh deui....
-
Wildan Husni: haha......pi'dona we ti sadayana mugia pun bojo kengeng hidayah sinareng taopiq teras maksa abdi supados nga wayuh...hehe
-
Puri Kania Pramanik War: :
Amin.....
diduakeun pisan Kang...... hehehe... ulah kapameng 3 deui ge cekap
-
Wildan Husni: duh meni ku soleh ari aceuk.......bagja caroge aceuk mah bisa meunangkeun aceuk...!!!
-
Puri Kania Pramanik War: Ih...soleh pisan abdi mah, bade ngawayuh dugi ka opat ge mangga, moal dihalang-halang.... mung abdi paparin heula talak tilu....hehehe