Godi Suwarna:
SAJAK TI JALAN KA MANA
ngémploh pucuk-pucuk entéh
mulas léngkob jeung lamping nu keur dumeling
sapanjang jalan rumangsang néang hibar langit beurang
hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
lalaunan angin rintih ngusapan léngkah guligah
luang-léong ngitung tikungan
kalah kérok balas nalék pulas haté halimunan
balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
samar-samar nyidem hujan jeung guludug
beuki jauh nyusud waktu
bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
kalah awor jeung geuneuk kelir karémpan
ngalulungsar di totowang
mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
sanggeus ngasruk alimusa ‘na rerembet tegal mangsa
beuki surti yén pucuk gunung panungtung ngancik dina sanubari
ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
bari naker ieu ketak saméméh béakkeun hégak
20 jempol
Nazarudin Azhar:
Kang Tatang Sumarsono, hatur nuhun pisan seratanana, mugia kamandang Akang tiasa kaaos ku sadayana, kanca FBS. Leres, perkawis komen saena ngandung "nilai plus" sakumaha kasauran Akang. Tujul kana ajen karya nu dikomentaran. Mung panginten dina leresan ieu, teu sadayana kanca tapis ngungkabkeun pamanggihna dina ngajen hiji karya. Malah boa seueur nu ngan ukur resep nyerat, tapi lebah kedah ngomentar nu daria neori mah rupina teu sadaya gaduh pakakasna. Sok sanaos anjeunna katajieun ku karya nu dikomentaranana, atanapi mendak kakirang dina eta karya, namung sesah kumaha ngedalkeun pamendakna. Seuseueurna komentar teh ukur kecap atanapi kalimah reaktif: edun euy, edas, asiiik, wah mantap, upamina. Numutkeun sim kuring mah komentar kitu teh sami sareng upami urang keprok sabada ninggal pintonan. Eta mah pintonan naon we, nu bisa ngabandang pangaresep urang, nu matak kataji. Boh musik, teater, tari, debus, balap kuda, ngadu domba, dangdut, atanapi naon wae. Keprok teh minangka ekspresi, pangajen urang ka nu dilalajoan. Da sok sanaos resep kana eta pintonan, teu sadayana tiasa nembrakkeun lebah mana resepna, ku naon make resep. Da mun teu resep mah moal parat boa lalajona ge. Kitu deui dina maca fikmin. Ngomentar teh seseringna (ieu mah sim kuring) kajurung ku rasa nu spontan. Mencet jempol, laju nulis, kalan-kalan mah ukur: "Ngageleser Ang!" upamina, mun karyana alus.
Memang peryogi, komentar nu kritis, atanapi komentar nu apresiatif, nu katawisna ayeuna langkung seueur diserat utamina ku "fikminer senior" :D, nu tangtosna ageung mangpaatna kanggo kanggo ngajembaran pangaweruh kanca FBS. Namung komentar nu spontan, heureuy, atanapi ukur 'ngaramekeun' ge, teu sawios. Etang-etang ngaraketkeun hubungan emosi di antawis kanca FBS. Kacontoan kamari waktos ngariung di Unpad. Da tos biasa tea silih komen, silih jempolan dina ieu lapak, pas tepang teh langsung conggah, padahal anyar pinanggih. Namung tangtos, nu dipiharep mah langkung seueur komentar nu “bergizi” tibatan komentar nu dipapandekeun kana keprok tadi. Minimal aya tarekah nu daria ti kanca FBS dina nyurahan atanapi ngaapresiasi karya nu dibacana, nu diserat dina komentarna.
Nu dipiharep, ieu lapak FBS teh aya mangpaatna. Sanes wungkul kanggo ngipuk sareng numuwuhkeun pangaresep kana ngarang fiksi (mini), jembarna atuh urang beuki nyaah kana Basa Sunda, tapi oge mangpaat pikeun panglipur. Da panginten aya nu daria pisan, maca fikmin teh, aya oge nu ngan ukur hayang manggih pangbeberah manah. Rupina teu aya lepatna. Kitu deui dina mosting fikmin, aya nu keyeng hoyong midangkeun karya nu tiasa ngahontal ajen sastra, aya oge nu ukur hayang babalagonjangan. Mangga teh teuing, asal jiga we heula. Da nu tos kantenan ngacapruk pisan mah dipupus ku admin.
16 jempol
Godi Suwarna:
:"Aya sawatara SMS jeung nu nga-inboks ka sim uing, nu kasigeung ku ieu kintunan ti Ang Tatang Sumarsono. Cek uing, teu kedah teras pundung teu nyerat komen, komo pundung tina ieu lapak mah. Ieu kintunan anggap wae ngingetan deui urang, kana tujuan utama perkomenan dina ieu grup, nu di luhur tos debeberkeun panjang lebar. Da uing ge kalan-kalan sok kajongjonan heureuy, kitu deui Ang Tatang-na ku anjeun. Tapi, lain hartina komen-komen teh kedah nu 'berbobot' bae, nu matak kerung ka nu maraca. Tiasa bae didugikeun bari heureuy asal nyambung kana karya nu dikomen.
Tos opat taun sim uing sok jeceh tur alewoh dina FB. Kabeh komen ku uing sok dibalesan, nepi ka taya nu ngomen deui. Da cek uing mah, nu ngomen teh pasti hayang direspon. Cek pikiran jeung hate uing,teu sopan ngaranna lamun urang teu males komen ti batur. Tah, sanajan cek Ang Tatang kreator teu kudu jeceh jeung alewoh, ah uing mah rek jeceh jeung alewoh we. Da malesan komen teh, lian ti nu disebut di luhur, oge itung-itung latihan nembrakeun rasa jeung pikiran dina kalimah. uing mah rek nurutan pangarang Inggris nu gawena nyieunan kalimah sapertos nu didongengkeun ku Ang Tatang..."
15 jempol
Godi Suwarna:
:"Haruuuh, edun nian dekh...!! Teu kapikir difikminkeun. Padahal kungsi ngolebat letah-letah kitu teh, dina sajak Malaria Tropika II. Geura, yeuh...:
MALARIA TROPIKA II
Uing ningal Acép Zamzam melak sajak dina buuk
Nanging geuning nu ngacambah mung ukur majalah gosip
Nu ngarumbay kana biwir balaréa. Di Tasik majarkeun
Rék aya batu nu ngabaris ‘na keretas. Mangpirang
Babah nyarumput dina gudang séwang-séwang
Geuningan teu aya mobil nu ngabebela. Nu katémbong
Mung bandéra beureum bodas nu rawék dina tihangna
Sareng orok nu gumuruh ngantri susu di jalan
Haji Mustopa. Sareng Jepang nu ngabring
Ka Sukamanah. Duka teuing
Manah saha nu keur suka
Uing mireng Acép Zamzam maca kanpas
Dina sajak. Soantenna janten létah warna-warni
Nu manjangan ti Cipasung, ngaléor ka toko Jogja
Milari minyak kalapa nu tos janten haleuang Évi Tamala
Létah nu teras manjangan nyarengan bank nu keur ngabring
Néangan tukang kiridit. Létah nu kalah murungkut
Payuneun kantor pulisi. Hawatos. Da geuning sagara keusik
Ngepung cepil urang Tasik, saparantos lagu dangdut
Teu kénging dijarogédan
Di Karanggedang, uing mireng Acép Zamzam
Tapi teu ningali sajak. Dina kanpas tos teu aya pais lauk
Printer laser sareng Gusdur. Nu nyelengseng ti dapurna
Mung kantun Sidang Kabinét ngabahas perkawis sajak
Nu undak teras-terasan. Ari Acép kalah anteng ngagambar
Mar’ie Muhamad ku cisoca nu ngadadak ngagelebug
Tina koran satumpukan. Kantenan, Kidung teras
Kapidangdung barang terang Bung Harmoko
Janten jalma alit pisan. Langkung alit
Manan cinggir wayang golék
Nu ngajoprak ‘na kotakna
(98)
15 jempol
Is Tuning:
Punten,
ceuk paribasa-na ; sanes mapatahan ngojay ka lauk, mapatahan ngapung ka papatong, atawa mapatahan nodong ka garong. sanes ..
Mun misalkeun urang ngadamel Fikmin di lapak ieu, pastina gé nungguan aya nu komén. Sakapeung sok lieuk deui-lieuk deui. Nepi ka beuheung asa sosonggéteun. Ramo gé asa bareuh mencetan tombol bari jeung teu puguh nu dijeuleu. Mun teu aya nu komén-komén acan pasti aya rasa hanjelu na harigu. rasa kuciwa na jero dada, asa teu dihargaan, asa teu boga batur. Rék ngomén batur gé jadi teu sumanget sabab na jero pikirna ujug-ujug ngajanggélék suudzon "batur gé teu daékeun komén kana karya urang, embung lah ngoménan batur.."
Pan ngadamel Fikmin téh saméméhna tangtos mikir heula, teu asal pok. Ngarangna téh boa bari bari gogoléran, bari gawé, bari ngasuh budak. Malah mah datangna ideu téh keur nempo kajadian naon baé, boh keur dina angkot, keur ngiuhan jeung sajabana,
Tah, lamun aya nu ngomén ka status urang téh, pasti aya rasa bungah. Padahal komén-na mah loba nu teu pira eusina, misalkeun ukur nga "heu-heu".
Kukituna, mun urang ngomén téh sarua jeung méré kabungah ka batur. Tah, kukituna, ngoréhan pahala mah kumaha wé carana, ku cara nu sederhana, nyaéta ku basa. Teu pira..
Saéstuna, ngomén sareng ngajempolan téh ngarupakeun ibadah..
heu heu ..
14 jempol