Genclang Ibun Lebah Angkeub
Ku Puri Kania Pramanik War
Uwung-awang wanci carangcang tihang katiungan ku angkeub, genclang ciibung tingborelak na pucuk-pucuk dangdaunan, sapertos nu nyimpen cahyana panonpoe.
Koméntar kana ieu Fikmin:
-
Mas Kundrat Kartapradja: Totonden, yen isuk teh masih aya keneh kahirupan ... Sepuh kapungkur mah wanci solat subuh teh sok ngibun ...
-
Puri Kania Pramanik War: Muhun, leres pisan...ngibun wanci subuh matak sae kana salira...