Update: 22 Januari 2013 16:10:18

Fikminsunda.Com

Fikmin Sunda tambih euyeub, boh karyana, boh pangarangna. Tangtos, ieu téh janten ciri, yén basa jeung sastra Sunda baris teras hirup, tiasa ngayonan jaman, tiasa bumetah dina pakakas téknologi. Siga nu kungsi disabit-sabit méméhna, yén di sagédéngeun lapak dina Facebook kanggo nyemplungkeun karya sareng koméntar, urang peryogi “imah” deuih, nu dipaké nyimpen saniskara dokuméntasi Fikmin Sunda. Bawiraos, ieu téh kalintang pentingna kanggo guareun generasi ka payun, atanapi saha baé nu baris nalungtik Fikmin Sunda. [Sambunganana]
Karya Fikmin Petingan
Potret

Sampéong

Ku Rohendi Pandeglang
21 Januari 2013 06:49:23 - 0 koméntar - 0 jempol

"Angkat sampéong bujang-bujang baria.
Héy barakaria, bagus temen rupa nira.
Solasih suling damis, menyan putih.
Pangundang déwa..."
Can tamat dihaleuangkeun Ulup, riyeg, marcapada inggeung. Jomantara batuk. Awan laju balilihan. Tirta kasedihna minuhan darat marcapada. Bandang ka mamana. Lain wungkul landeuh, tapi ogé girang. Lain wungkul lembur, tapi ogénan dayeuh.
Sang Surya alum. Perbawana ceudeum cakueum. Tonggong bumi, beueus.
Réma marcapada, baruntung teuing kusaha. Arapal tapi teu barébéja. Gagu, teu bisa kokono. Doang nu sieun, paur, teu kabagéan huap.
"Déwa-déwa sukma, bidadari temurunan sipatang puluh..." Ulup neruskeun haleuangna.
"Geus céng, haleuang dia, lain keur di dieu, doangna keur jaga, di maniloka" Abah Kuncén ngupahan oncuna.
"Ning arep ana wiwit, ning buri ana lalakon" Ulup namatkeun lagu, bari nyegruk, neuleu rabulna tulisan "peduli kemanusiaan" eusina mangpirang titipan...

Potret

My Salwa My Palestine

Ku Irfan El Fikr
21 Januari 2013 02:07:27 - 0 koméntar - 0 jempol

Sakuliah Palestina ngarasakeun kumaha balukarna resolusi PBB ngeunaan “Pembagian Wilayah”. Zionis ngokop saban wewengkon kaasup Ardalah. Tilu wargana tiwas, pon kitu deui bapana Yousif.
Ardalah éndah pareng halodo. Hawa seger nebak zaitun, anggur, jeruk ngaremploh lebakeun pasir nu ngabungking. Tapi cakueum pikeun Yousif. Can gé tujuhna dikantun rama, der Salwa, mojang geulis bébéndéna, bakal dikawinkeun Poé Minggu.

Garéja Ortodoks Roma pinuh ku kulawarga pangantén, galumbira. Di altar, Salwa alum nyanghareup ka pisalakieunnana, diapit Pastor Samaan. Na bangku pangtukangna, Yousif tungkul nahan peurih jeung timburu, nyaksian panutan, ditikah batur.
Pastor méré isarah. Gareja simpé. Dua pananganna nu nyepeng Injil diangkat, seja macakeun ijab. “Sateuacan kuring nikahkeun ieu pangantén, numutkeun aturan, mangga bisi aya nu teu panuju kana ieu pakawinan, sok unjukan”. Sajongjongan Simpé. Hidmat.

“Kuring teu satuju!” Gareja peupeus. Yousif leumpang nyampeurkeun altar.

Potret

Walonan

Ku Teti Taryani
20 Januari 2013 18:00:13 - 0 koméntar - 0 jempol

Pulo Jawa inggeung, kadatangan wadia balad Kubilai Khan nu rék nepikeun paréntah. Surat diilo ku pribumi. Raden Jayakatwang ngarénghap. Sakedapan rarayna nyiak. Manahna ngagidir. Abong ménak asak jeujeuhan, benduna dibungkus ku imut. Bari nyepeng tungtung gagang keris pusaka, tatag soantenna komaraan. "Mangka regepkeun ku saréréa. Ieu utusan mikeun surat paréntah ti Karajaan Mongol nu kakoncara kadigjayaanana. Mangratus-ratus karajaan geus tunduk jeung taluk. Ayeuna datang, miharep urang jadi patalukanana. Mangka aranjeun jadi saksi, kuma sikep kula kana hal ieu!" Keris dicabut. Ngan sakilat, sret! Utusan mungkur nungkup ceuli nu sopak. Seja mulang nepikeun walonan.

Potret

Aiiiiiing…!

Ku Irawan Babeh Lova
19 Januari 2013 21:40:42 - 0 koméntar - 0 jempol

Aya surat ti RT. Paréntah nyieun sumur seserepan di tiap imah, geus dipérdakeun. Ku Aing disoéhkeun. Butuhna gé sumur gali atawa sumur bor. Tukang ngebor digero. “Taneuh, taneuh Aing! Mayar nu kuli ku duit Aing! Maké kudu laporan?” Aing nyenghor kanu ngabéjaan kudu laporan heula ka pamaréntah, mun rék ngagali atawa ngebor cai. Solokan sisi jalan dijeroan, luhurna dikeramikan. Aing beuki bagena neundeun roda dagangan, runtahna kari wur kana solokan. Keur ngaladangan, kuntung roko lung teu puguh juntrung. Nu jarajan belewer bungkus jajaneun kamana boa miceun. Keclak, paralak, gebrét cimata langit lalagragan. Séahna teu katadah. Solokan salésma, walungan utah uger. Bendungan rungkad. Ieung…, imah nyaah. Ieung…Aing kumaha?. Lembur geus jadi bajigur. Méménta ka pamaréntah, nampanan ti nu marantuan, Aing kudu panghareupna, pangsangsarana.

Potret

Jambalaya

Ku Abah Helmi
19 Januari 2013 18:43:31 - 0 koméntar - 0 jempol

Urat cai Mississippi ngagurat ngembat ka jauhna. Di pasisian ranca Louisiana. Bar leutik camperenik. Ramé pangunjung. Pangdeugdeugan maneuh nu ngadon reureuh. Musik Country gumalindeng, ngahaneutan rohangan. Papaés naraplok sakuliring témbok. Roda karéta, pelana, talapok-kuda jeung hulu yak nu dipajang, nambah mirasa suasana .
Di tungtung méja bar. “Bray! sekot dobel maké jeruk,” Joe nambah inumeun. Teuteupna teu leupas ka Yvonne nu keur nembang ‘Jambalaya’. Lagu nu ditujukeun ka dirina. Treup. Paadu teuteup. Yvonne imut wanoh. Joe lumaku sopan. Unggeuk, muka topi koboyna sakedapan. Saacana minton. “Joe, tadi produser indilébel nelepon. Nawaran rekaman. Minggu soré ditunggu di Memphis, nekén kontrak,” manéhna ménta widi, pamitan. Joe neuteup anteb. Geus kajudi ti anggalna, hiji mangsa, bakal kajadian. Najan beurat, “Go ahead! Honey, reach your goals!” Ngan sakitu nu kedal. Peuting karasa lewang, dipirig hariring “Goodbye Joe, I gotta go, me oh my oh..!”

Potret

Mawa Karep Sorangan

Ku Nining Sariningsih
19 Januari 2013 10:09:41 - 0 koméntar - 0 jempol

Lung, siki salak dialungkeun. Meneran lebah taweuran. Siki salak melentis. Sirungan. Bijil daun. Ngémploh héjo. Lila-lila carucukan. Ngarekahan. Bumetah. Minuhan buruan. Nyaliara ka jero imah. Nyayeud di unggal juru. Ngarayap ka jero kamar.
Imah pinuh ku tangkal salak. Cucukna nyalanggéréng. Ciga nu ngajak ijén. Nu lalar liwat tingbirigidig. Tingkarecewis, "Mapantes manéh! Euweuh kasieun! Boa oray gé jadi pangeusi imah. Boa jurig gé milu bumén-bumén." Nu ngomong teu didéngé.
Sakali mangsa diélingan. Dititah miara imah. Sangkan teu geueuman. Nu diélingan susumbar, "Kumaha aing! Imah-imah aing! Aing betah hirup jeung tangkal salak! Aing tengtrem boga taméng cucuk salak! Kajeun teuing loba oray! Loba jurig! Betah pisan hirup ciga kieu! Tong wani..." Nu susumbar teu kebat. Bréh! Oray sinduk celengeu hareupeun. Manéhna undur-unduran. Gedebut! Labuh. Nenggel kana rungkun salak. Awakna katiruk cucuk salak. Baloboran getih. Oray sinduk nyusul embun-embunan. Nyokcrok polona. Nu susumbar teu mangga pulya.

Potret

Sumur Tilu

Ku Ki Hasan
19 Januari 2013 08:00:58 - 0 koméntar - 0 jempol

"Ngadongéng atuh 'Ma! Ujang can tunduh!"
"Dongéng naon?"
"Kamari Kuya jeung Monyét. Mangkukna Sakadang Peucang. Nu lain atuh 'Ma!"
"Sok atuh! Bari ngedeng kadinyah!"

Géléhé anakna ngedeng. Nyangkéré gigireun indungna nu teu kendat milang tasbé.

"Kacatur baheula, aya Aki-aki jeung incuna indit ka leuweung ..."
"'Ni Aki-aki waé dongéng téh 'Ma. Dongéng Juragan Gupernur atuh!"
"Pék sia atuh nu ngadongéngna! Aing ngadéngékeun!"
"Teraskeun 'Ma, teraskeun! Baé si Aki deui gé!"

Géléhé deui anakna ngedeng. Neuteup lalangit bari mirengkeun indungna.

"Sanggeus anjog ka tengah leuweung, kacida kagétna, manggih tilu sumur ahéng. 'Sumur naon Ki? Geuning cai ti sumur kulon tamplok ka wétan. Kitu deui nu ti wétan tamplok kabéh ka kulon. Ari sumur di tengahna kasaatan.' 'Sidikkeun Jang!' 'Geura itu Ki, sumur ditengah mah teu kacéprétan pisan!' Tah kitu cenah dongéngna."

"Sumur saha 'Ma ..., ahéng?"
"Kateuing! Béjana mah sumur Juragan Lurah jeung Juragan Karta anémber désa. Nu tengah nu Aki Huma."

Karya Panganyarna
Potret

Panas Tiris

Ku Endang Rochimat
22 Januari 2013 16:00:00 - 0 koméntar - 0 jempol

Teu kuat géték jeung peureusna ari dikerok téh. Tara daék mun pamajikan nitah dikerok. Geus dua poé awak ngagribrig, harééng, panas tiris. “Bisi asup angin,” ceunah keukeuh nitah di kerok. Rumasa boga dosa dua poé katukang, lila teuing ngeueum di Tarogong. Teu bébéja ka pamajikan mah. Harééng katambahan batuk, meuni ngéklék, teu tibra saré. Ubar warung geus béak dua strip. Panyakit teu nyingkah-nyingkah. Sanajan rada horéam kapaksa daék diajak ka dokter ku pamajikan. Geus narimal resép, langsung ka apoték didinya kénéh di tempat prakték dokter. Bari nungguan antrian pamajikan anteng nyoo hapé. Kuring ogé anteng ningalian mérek ubar nu dipajang di étalase apoték. Kacida rewasna basa katingali aya nu asup nungtun budak maké jilbab kayas. Manéhna ogé jiga reuwas basa paamprok ténjo. Gancang ngabalieur pura-pura nyoo hapé.
Waktu pamajikan ngaléos ka kasir, manéhna jol geus aya gigireun.
”Kateterasan? Bandel sih..!” pokna satengah ngaharéwos bari jeletot nyiwit leutik

Potret

Ucing Sumput

Ku Wulan Sopiani
22 Januari 2013 15:43:40 - 0 koméntar - 0 jempol

Dina diagram cartesius angka 2 keur ucing sumput jeung babaturana nu séjén. Manéhna kudu néangan 1,3,4 jeung 5. Angka 3 nyumput di angka 9. Angka 4 pindah ka sumbu x nyumput di angka 8. Angka 5 lieureun, manéhna kudu nyumput dimana. Da lamun nyumput di angka 5 sumbu x mah pasti bakal kapanggih. Rék nyumput di angka 10 da dinu diagramna sakur aya angka -9 nepi ka 9. Manéhna mikir pasti angka 1 mah nyumputna gampil sabab manéhna faktor ti sakabéh angka.
Angka 5 boga ideu, manéhna rék nyumput di angka 0. Hanjakal angka 0 keur mudik. Tilu itungan deui angka 2 rék beunta. Angka 5 lumpat ka hiji pr nu can dieusian. Manéhna anteng nyumput didinya. Teu lila aya budak sakola mukakeun buku. Manéhna mikir pr ieu di eusian ku saha 2log32 = 5. Manéhna gé ahéngeun naha dinu diagram cartesius manéhna taya angka 5.

Potret

Arca Domas

Ku Rohendi Pandeglang
22 Januari 2013 15:32:18 - 0 koméntar - 0 jempol

Susulumputan, babalicetan, bisi kadeuleueun kunu husu pauntuy-untuy ka tonggohkeun. Jempling, taya sawara. Nu laleumpang suku, jojong dina ulengna museurkeun pangacian ka Hyang Dumampara. "Nungtungan kawalu ieu, kudu leuwih jejem" ceuk puun tadi méméh indit.
Bréh, tempat suci, Arca Domas. Paingan dianggap suci, teu meunang didatangan kunu teu suci doang kula, ja patempatan kelar jasa. Ayem tengtrem, tiis dingin paripurna.
Jeprét, jeprét, motoan saseubeuhna sanggeus maranéhna marulang. "Halah ceuk saha teu bisa dipotoan, buktina ku aing mah bisa" agul, bakat ku haren.
"Salamet...salamet... puun jeung para olot euweuh nu neuleu" haté galécok sajajalan ti Kanékés ka Pandéglangkeun. Sabari lungsé, geugeuraan muru jero imah. Laju ngagolédag na korsi panjang, sabada nyosian panto pageuh jasa. Kabayang isuk ngajeblag jadi hédlén, warta jeung poto "Sembahiyang di Arca Domas" nu sakebel ieu pamali diuwar-uwar, jeung moal bisa dipotoan.
"Kaka ditanggoan ku Puun kuwari, gasik bareng jeung kami?!" dua urang badéga Puun, ngaguguyah. Kasampak ngabedega gigireun korsi panjang.
Bagooor... hukuman adat na kongkolak panon.

Potret

Layon

Ku Maya Pancanaka
22 Januari 2013 15:31:45 - 0 koméntar - 0 jempol

Asa aneh puguh gé ngurusanan nu maot tadi beurang mah. Loba pisan sésékéleun nana. Pas Ceu Haji geletuk maot, ngadadak hujan gédé jiga nu meunang namplok keun ti langit. Kuring jeung opat batur sapangajian di pingpin ku bu Haji Imas, kabagean ngamandian. Karek gé di baseuhan ngadadak cai saat. Atuh nguyang cai katatangga tukang hareup kenca katuhu. Ari népi selang cai ari saat. Kuring jeung batur teu loba omong ngan sing parelong bari istighfar, bari tuluy ngadu'a babacaan. Teu beak nya akal tungtung na mah ngamandian mayit teh ku cai akua galon. Di parinkeun kanu téko bari tuluy di kucurkeun. Alhamdulillah reres di abdasan. Ti jero imah kadenge sora awéwé ceurik gagauran bari ngagéro ka indungna. Di susul ku sora tilu lalaki anu pasea paadu régéng maseakeun harta warisan. Reres di mandian terus layon di bungkus, di turuban ku samping kébat. Siap di sholatkeun. Nu ngalayad beuki rabul. Rengse di sholatkeun layon teh teu bisa di kuburkeun da taneuh nu geus di gali pinuh ku cai teu saat-saat.

Potret

Jagat Jojo

Ku Ki Hasan
22 Januari 2013 15:08:56 - 0 koméntar - 0 jempol

Ka lapak kué, Jojo nuturkeun. Ka lapak kembang, Jojo ngikintil. Ka lapak buah, Jojo ngukuntit. Jog ka toko buku, "Hoyah!" amprok jeung Jojo. Anjog ka pasar, "Haaar!" tepung jeung Jojo. Di kantor PLN, "Geuniiing?" panggih jeung Jojo. Ti kidul aya Jojo. Ti kalér aya Jojo. Ti wétan aya Jojo. Ti kulon gé aya Jojo. Jojo tingtorojol! Jojo tingpecenghul! Jojo tingronghéap! Jojo tingkuriling! Jojo tingkulinting! Ningker ti luhur. Ngeurad ti handap. Jagat Maya pinuh ku Jojo.

Potret

Cinta

Ku Agus Suhana
22 Januari 2013 15:07:10 - 0 koméntar - 0 jempol

Naha salah, kuring micinta anjeun? Lain wayahna, kudu nganahakeun. Ngan nu jadi, kahanjelu. Kunaon urang, kudu patepung? Tuluy ngancik, rasa gandrung. Padahal wanci, enggeus beurang. Anjeun oge, aya nu boga. Sumawonna, diri kuring. Saukur hate, nu nyombo rasa. Mudah-mudahan, ieu dodoja.

Potret

Nu Kapanjara

Ku Joey Pengganti Wiro
22 Januari 2013 14:31:16 - 0 koméntar - 0 jempol

Hirup sagala nyampak. Geus tangtu kana senangna. Lubak-libuk. Teu kudu bingung kumaha isuk. Teu mikir sawindu baè mah moal matak kalaparan. Hurung nangtung siang leumpang. Bubuhan salaki gedè pangala.

Jauh jeung panyangka. Sagala nu aya teu matak jadi kabungah. Jauh jeung bagja. Sugema duka dimana. Pikir rungsing. Batin peurih. Katingali awak rangkebong. Unggal peuting jumerit. Miharep katenangan sangkan dunya teu karasa combrèk.

"Kunaon endèn unggal dinten ngangluh waè?"
Bi Minah ngarasa hèmeng. Ningali polah dunungan. Milu ngangluh.
"Henteu bi!"
Pokna tèh pondok. Gura-giru ngusap cisoca,dumèh kapireng mobil carogè datang.

"Ieu Nyi, hasil usaha akang ayeuna."
Bro! Duit sakoper. Disimpen luhureun mèja. Teu poho. Celengok! Nyium taar beubeureuh.

"Gustiii! Jadi akang tas ngarampog deui?"
Lenggerek! Nani kapidara.

Potret

Nu Ngancik Tepi Ka Kiwari

Ku Iwan Hanjuang
22 Januari 2013 13:58:18 - 0 koméntar - 0 jempol

Bray balébat pangharepan, hayang ngadongdon deui nyungsi raratan.
Mulangkeun panineungan di terminal Leuwi Panjang mangsa hujan miripis.
“Akang tos lami ngantosan didieu?”Aya imut leleb marengan haréwosna.
Urang pataréma raramo, aya geter getih asih nyaliara nyalungsum kalbu.
Teu wasa silih kedaling eusi haté, ngan sabengbatan aya teuteup deudeuhna.
Aya surti anu ngancik, gening urang duaan katalimbeng tresna anu lian.
Anjeun mulang di anteur kamelang, aya hate nyangreud montel dina sukma salira.

Potret

Tukang Rahul

Ku Nining Sariningsih
22 Januari 2013 13:13:22 - 0 koméntar - 0 jempol

Subuh-subuh, di pasar lauk. Rarécok. Nu dagangna, pagaya-gaya. Pagandang-gandang. Pageulis-geulis. Nu dibedahan. Nu dibaju célé. Dina jongko, ngadaplok. Foto nu bogana. Garumeulis! Garumasép! Pagawéna maraké kaos nu digambaran foto dunungannana.
"Dilaukkan! Dilaukkan! Saleger! Parungkil! Sakilo bonusna satengah kilo."
"Mending di dieu, laukna gurih! Laukna pelem! Sakilo bonusna tilu kilo." Nu nawarkeun lauk réang patémbalan.
Loba nu meuli. Loba ogé nu gugulunu, "Rahul wungkul! Lauk bugang dijualan. Boro-boro dibonusan, timbanganna gé dikurangan."
"Mun rahul, keureut létah kuring! Lauk bugangna balikkeun deui! Ku kuring dihuapkeun...!"
"Sopak ceuli kuring!"
"Cokél panon kuring!"
"Teukteuk leungeun kuring!" Rarangu, ngalumbar omongan. Biwirna ngabudah. Huntuna pakétrok jeung suku.
Can gé biwirna garing, lauk raracleng kana bahamna. Pasesedek. Paheula-heula muru tikorona. Tukang lauk eueuleugeugan. Borolo, utah! Bilatung wungkul. Péso paranti nyisit, patingkalayang. Ngeureut létah, nyopak ceuli, nyokél panon, neukteuk leungeun. Tukang lauk baloboran getih. Kocéak dengék. Pating jarerit. Dihanca péso séwang-séwangan. Bahamna utey ku bilatung. Meledek bau bangké.

Potret

Meupeus Keuyang

Ku Aria Damar Pamungkas
22 Januari 2013 12:57:22 - 0 koméntar - 0 jempol

Ngadéngé pamajikanana salingkuh, Udin amarahna ngagidir. "Dipodaran siah ku aing !" pokna hahaok bari ngamang-ngamangkeun peureup. Séak nonjok. Pamajikanana ukur ngagukguk. Ngarasa watir. Gap kana TV laju diangkatkeun rék dibeubeutkeun. Inget éta téh kréditan can lunas. Telenyeng muru piring jeung gelas. Di rawu, rék didagorkeun kana témbok. Inget deui éta gé paméré mitoha. Tungtungna rét kana kaléng kurupuk urut basa lebaran ngeusian kuéh. Teu antaparah jebrod...jebrod...ditalapungan nepi ka brang breng brong.