Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Profil Pangarang • Godi Suwarna


FBS

Godi Suwarna Lahir di Tasikmalaya, gedé di kampung Cirikip. Ayeuna netep di Ciamis. Mimiti daria ngarang puisi jeung prosa dina basa Sunda ti taun 1976. Sajak, carpon jeung naskah novelna sababaraha kali dilélér hadiah sastra, ti LBSS (Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda), Paguyuban Pasundan, majalah Manglé jrrd. Buku kumpulan puisina nu geus dipedalkeun nyaéta: Jagat Alit (1979), Surat-Surat Kaliwat (1982), Blués Kéré Lauk (1992), Sajak Dongéng Si Ujang (1998), Jiwalupat (2007). Kumpulan carponna: Murang-Maring (1980), Serat Sarwasatwa (1995). Novelna nu geus medal nyaéta Sandékala (2007) jeung Déng (2009). Naskah novel Sandékala dilélér Hadiah Sastra Daéng Kanduruan Ardiwinata dina taun 1998. Naskah novel Déng dilélér Hadiah Sastra Oeton Moehtar taun 2000. Salian ti ngarang, ogé resep maén sandiwara jeung maca sajak ti bubudak. Sanggeus kuliah, ngadegkeun grup téatér jeung papada mahasiswa IKIP Bandung. Kungsi jadi Sutradara Terbaik dina Porseni Mahasiswa Tingkat Nasional I (1981). Kungsi nyutradaraan pagelaran Burung-Burung Hitam (Godi Suwarna,) Cak Anumerta (Godi Suwarna), Edan (Putu Wijaya) Tengul (Arifin C. Noor), Durmayuda (Godi Suwarna) Bom Waktu (Riantiarno), Pandawa Dadu (Wahyu Wibisana). Tuluyna ngagabung jeung STB (Studiklub Téatér Bandung), diajar néater ka Suyatna Anirun. Di STB, kungsi maén King Lear, Sang Naga, Impian Di Tengah Musim. Taun 1997, nyutradaraan pagelaran dramatisasi puisi Konglomérat–KéréLauk (sajak-sajak Taufik Faturohman jeung Godi Suwarna) di Universitas Wollongong, Australia. Taun 2005, dihiras maca sajak Sunda dina acara Utan Kayu International Literary Biannele nu dialpukahan ku TUK (Teater Utan Kayu). Taun 2006, dihiras deui maca sajak dina acara International Poetry Festival nu dialpukahan ku DKJ (Dewan Kesenian Jakarta), jeung dihiras maca sajak dina acara JILFEST (Jakarta International Literary Festival) dina taun 2008. Dihiras maca sajak Sunda dina acara JAKARTA-BERLIN ARTS FESTIVAL di Jerman, Juli 2011. Ti taun 1998, ngagagas acara Nyiar Lumar, pagelaran rupa-rupa kasenian Sunda sapeuting jeput, di tabet (leuweung karamat) Astanagedé, Kawali, patilasan karajaan Galuh. Teu disangka ti anggalna, éta acara dua taunan téh tétéla jadi pangdeugdeugan tatamu ti mana-mana, kaasup seniman-seniman ti mancanagara. Kituna téh, sigana, kulantaran éta acara kawilang unik. Tempat magelarankeun kasenian, kayaning tari, téater, sastra, senirupa, nyebar di sawatara lokasi situs bari teu ngagunakeun lampu, ukur dicaangan ku pirang-pirang damar séwu, obor, lampion jeung durukan.

Fikmin Karya Godi Suwarna (201 Naskah)


1...4567<<<
No Tanggal Judul Jml Koméntar Jml Kecap Petingan Jml Karakter
181. 27-10-2011 Sabot Ngalenyap 191 117 906
182. 21-10-2011 Fikmin, Oh, Fikmin 81 110 915
183. 18-10-2011 Kurusétra 75 104 927
184. 16-10-2011 Pangarang 68 117 963
185. 13-10-2011 Rajapati 103 118 903
186. 11-10-2011 Ringkang 65 122 1.017
187. 06-10-2011 Kamar Pangantén 143 108 870
188. 04-10-2011 Roméo, Oh, Roméo…! 55 110 862
189. 02-10-2011 Kembang Buruan 69 123 860
190. 01-10-2011 Déwi 45 102 847
191. 30-09-2011 Hulu Peda 65 105 799
192. 28-09-2011 Jihad 55 101 872
193. 27-09-2011 Titistulis 64 71 664
194. 23-09-2011 DÉWI 41 93 749
195. 20-09-2011 DI STASION 40 47 362
196. 17-09-2011 PIWURUK 52 55 412
197. 17-09-2011 TENGAH PEUTING 14 36 289
198. 17-09-2011 PRESIDEN 45 41 293
199. 17-09-2011 KABOGOH 28 34 299
200. 16-09-2011 DAYEUH 3 58 466
201. 16-09-2011 DEWI 5 81 587