Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Doa Keur Nyi Mangle

Kénging
Dipidangkeun dina lapak 23 Novémber 2015 05:12:37

Nyi Manglé, mojang geulis campernik pujaan nonoman sunda,aéh kétah aki-aki ge resepeun pisan, komo penyajak mah jeung carponis. Pokona mah kolot budak awéwé lalaki kabeh resepeun ka Nyi Manglé.Ti bubudak, hirup Nyi Manglé teu weleh ripuh tapi ampuh, peurih tapi matih, nasibna rumanggieung teu jiga nu lian. Tapi sanajan kitu, Nyi Mangle téh ngaranna kajojo, seungit nyambuang ka tatar sunda jeung manca nagara. Nyirikeun Nyi Manglé sabar tur tara rumahuh. Kageulisan haténa kaambeu kamana-mana.Cenah kamari Nyi Mangle umurna geus 58 taun, umur nu teu ngora deui. Tapi bejana Nyi Manglé beuki donto tur geulis da dikawin ku politisi. Meureun weh da loba duit."Hanjakal bet dibawa ka gedong sate. Diajak nepungan pamingpin nu teu resep budaya sunda" ceuk Kabayan."Har na salah kitu?" Tanya Jang Edos"Henteu ari salah mah, ngan biasana mun dibawa ka penguasa sok rada beda kalakuanna. Mugia wéh Nyi Mangle mah ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah pipilueun teu baleg, urang ngado'a weh mugia Nyi Mangle panjang umur tur masih milik rahayat, masih nanjeurkeun wiwaha sunda, ulah kabawa arus pilitik kotor!" Ceuk Kabayan.Amin!!