Halodo karék sabulan. Cikahuripan ngorotan. Hog-hag nu parebut cai. “Waspadalaaah! Anjing édan digulaaaan!” Mang Saman gogorowokan. Ditutur-tutur ku pamajikanana. Nu bangun sabar kacida. Pasrah kana dodoja. Nya kitu, saban nincak usum katiga, Mang Saman sok ngagigihan. Jang Ulis gogodeg. Ras ka kulawarga Mang Saman nu barongkéakan. Nu walurat kabina-bina. Watir.
Bulan katilu halodo. Cikahuripan ngolétrak. Kebon-kebon ngabaketrak. Sawah-sawahna bareulah. Paila kagila-gila. Dur-der. Nu galungan di solokan. “Praaang! Priiing! Ledis jeung haté-haténaaa!” Mang Saman ceuceuleuweungan dina apél Agustusan. Basa urang Ciburial tawuran jeung Cibuncelik. Sora nu patinggorowok. Tingjarerit. Sora dogdog. Kendang penca. Gumuruh. Pamong désana pakepuk. Nyapih. Jang Ulis kalah ngayekyek.
Peutingna. Kapireng sora kohkol dititirkeun. Jang Ulis curinghak. Balédésa didaruruk. Jang Ulis ngaberetek. Muru nu ngabela-bela. Reg. Rénghap-ranjug. Reureuh hareupeun imah Mang Saman. Handapeun bandéra rawék, Mang Saman saanak-anak kasampak balakécrakan. Tingharereng. Beuleum daging sumelengseng. Rét kana nyiru. Gebeg. Aya sirah wanoja nu guyang getih. Bangun pasrah. Jang Ulis ngalenggerek.