Mangtaun-taun teu balik ka lembur. Aya alesan nu kuat kunaon horéam mudik unggal lebaran kawas batur. Najan aya sésa haté nu ngait. Éndahna mangsa harita jadi panyakit kana diri. Hamo cageur ku ménta hampura unggal waktu. Najan ragrag cimata getih, moal dihampura. Aya tugenah nu nyangkaruk dina dada.
"Nang, wayahna lebaran ayeuna mah kudu balik ka lembur. Ulah kamalinaan!" saur Abah dina telepon.
Gusti Nu Maha Agung, teu wasa baha kana kahoyong Abah. Embung-embung gé maksakeun mulang. Urusan haté dipiceun sapada harita. Sieun doraka ti kolot.
Jol ka imah, kasampak Abah jeung Ambu keur ngobrol jeung hiji wanoja. Asa-asa waktu sasalaman jeung manéhna. "Damang, Kang?" manéhna nanya. Imutna tetep kawas baheula.
Ras inget kekecapan bapana baheula. "Aing mah teu rido boga minantu modél manéh, Nang..!" teugeug pisan. "Nang, apana Tita tos maot. Dalapan poé ti harita, salakina ogé maot," sora Ambu ngaharéwos. "Ari tos kitu, abdi kedah kumaha?" tanya kuring ka Ambu.