Lebaran teu karasa geus nincak poé kadua. Di imah pinuh dulur pabeulit jeung sémah nu silaturahmi silih hampura silih lubarkeun haté ogé silih oconan. Keur anteng gogonjakan, Ema noél bari ngaharéwos, "Nyi sambel goréng ati tos korédas, tiasa ngadamel deui?" Uing unggeuk bari ngoléséd, gura giru ka enggon murak kanjut kundang tuluy rurusuhan ka warung.
Di tepas masih réang barudak tinggorowok ucing-ucingan, dulur-dulur ngawangkong bari balakécrakan. Uing mah geus ganti maké daster soék kameumeut paragi popolah hareupeun seuneu.
Nepi ka wanci tengah peuting uing nguyek nyieun sambel goréng ati. Ema maturan semu hariwang, "Kumaha nyi tos asak?" "Teu acan ma, nyai gé teu ngartos tos badé opat jam digolakkeun tapi angger wé tareuas kénéh” Uing mairan bari nyusutan késang. Ema ngadeukeutan kana katél badag luhureun hawu, ningali ati nu hideung ngabatu. “Tos we pareuman nyi, moal leres. Geuning silih hampura téh ukur solongkrong leungeun, ati na mah angger mungkir.”