Bulan. Dibagéakeun sataker kebek. Sagala diberesihan. Diangir nepi ka ngaberesihan jeroan haté ku pirang-pirang aurod nu mashur. Ret! Mepet. Ngereketkeun diri tina sarupaning pabatalan. Peuting nyaring, beurang kur-ker patémbalan basa lapar jeung hanaang daratang. Tétéjoan jadi lapar mata. Sagalana pikauruyeun.
“Geuning teu digawé, Kang?”
“Nyéta sararangheuk, lah. Mangkaning sakieu éréng-érénganana.” asal engab. Pamajikan bati ngarénghap basa kuring mépénde kalungsé.
Dur maghrib. Bray mukakeun téténong. Ciasak hérang haneut. Regooot. Buka saayana. Kateluh kéjo. Jol. Nu dimukena marahmay bari nawaran.
“Kang, badé ayeuna?” Sor sarung jeuh kopéah. Ukur dirérét. “diantos di ditu atuh, nya?” pokna deui. Koloyong. Léos.
Maksakeun. Gura-giru nyusul. Basa kaluar ti imah. Bulan nu dibagéakeun baheula kari sagaris, lumengis bari nanya,
“Kumaha hanca téh? Naha teu kabita ku émbohna nu ditikel-tikel?” Ngabigeu. Hanjelu. Sora dulag, patémbalan teu bisa dihulag.
“Dulugdugdag-dulugdugdag, amalan jaga mah can tangtu kaudag!” pokna ngaléléwéan.