Basa bulan beureum burahay dina dada manéhna, ramo-ramona ngaranggeum sapasang aksara. Alif nu ngoléang tina régang-régang nu ngarangrangan teu kungsi kabaca, ba jeung ta teu kungsi kaéjah dina sumbangna rasa, ngageuri dina aksara nun nu ngoléang tina raheutna rasa.
Dirina ngan wasa ngaji dina galindeng haleuang tembang nu ringrang hariwang, nyulusup ka lebah sela-sela pananggalan nu ngoléang ka lebah ngahgarna rasa. Nu lana ngan ukur angka-angka nu ditandaan ku cakra, najan saheulaanan tapi karasana nyata.
Bulan beuki beureum burahay ngambang dina angkleungan méga-méga malang, marengan lelembutan kumalayang ka lebah samarna kahayang, muru simpéna mumunggang kamelang, dihiap-hiap sangkan ngababakan dina pangancikan nu maneuh.
“Duh, naha bet kieu jadina, ti unggal madhab loba musapir nagih jangji nu kabawa dina ngelunna parukuyan rasa nu pinuh ku galindeng doa-doa…” gerendengna marengan gumuruh jeroeun dada nu taya reureuhna.