Bulan jiga nu nandang samagaha. Mongkléng nyimbutan satungkebing langit. Naon nu ku andika ditéangan tina melegmegna peuting? Manéhna ngan ukur ngarénghap. Kahayangna ngukir langit dina carita ratusan orok nu mimiti bijil huntu, carita puluhan bueuk nu mawa kila-kila nu teu wasa mulang kana sayangna, carita hujan ngan ukur sajorélatan, carita walungan nu ngadadak jadi solokan runtah, carita buku-buku nu leungit ti gedong pabukon, nu penting carita naon baé, carita nu bisa namplokeun sagala bangbaluhna.
Rénghap karasa eungap. Panon neuteup langit nu pinuh ku haranghangsu, taya mendung, taya arak-arakan méga, bulan teuing nyumput dimana, lalay nu biasana tingkalayang néangan amis-amis, teu sora-sorana acan. Leng ngahuleng, jiga nu aya dipikiran.
“Boa-boa liang hideung aya didinya, di juru langit, nyamuni bari ngahakanan galaksi jeung baranangna béntang… Paingan langit molongpong, teu nyésakeun nanaon pikeun ditulis jeung diukir jadi carita….”
Leng ngahuleng, ngotéktak diri, horéng nu nyésa, jirim cahya rasa nu gumilang lebah usap pangrunguna.