Panonpoé rék surup. Hiur angin mingkin tiis. Kalangkang ampir laleungitan. Manéh jeung manéhna masih anteng ngeueum kageugeut 'na genclangna cai wahangan. Halodo nu manjang, maturan teuteup kuring ti kajauhan.
Pernah hayang lunta ngajauhan. Ngécagkeun sarwa guligah nu dihaja datangna. Poé ka poé, ukur ngitung sabilna haté. "Ineu mah bagja gaduh raka siga aa. Sanaos sanés raka teges, tapi karaos pisan kanyaahna. Katampi pisan, A...." Kitu jeung kitu. Geus mangtaun-taun ukur seuri. Ukur bisa unggeuk bari narima rangkulan. Rangkulan ti adi ka lanceukna. "Nuhun, Neu. Nuhun ari katampi mah."
Panonpoé geus surup. Samar-samar katingali manéh jeung manéhna cengkat. Nyésakeun tapak baseuh dina batu sisi wahangan. Tiisna karasa 'na ieu haté. Unggal poé papanggih. Tapi simpé siga usum halodo nu ayeuna. Manjang. Teuing iraha eureunna.