Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Napsu Dunya

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2015 16:25:30

Tilu raga nu baseuh ku beureum getih kanyeri, pasoléngkrah kalindes ku sarakahna napsu dunya. Lelembutannana kumalayang muru méga-méga malang, teu singna ngarérét sok komo nepi ka neuteup tilu raga teu walakaya, ngan wasa ninggalkeun kekebul nu geus taya hartina, ngajoprak béakeun tanaga alatan ngayonan kahayang pamajikannana.
Sapasang mata nu hanaang ku harta, neuteup sinis bari kedal panghina nu kacida seukeutna, nurih ati, nguwak-ngawik jajantung laju dibanjur ku cuka kulawargana. Tilu raga manten salakina ngaharegung bari pinuh ku kabingung, teu ngarti kunaon kanyaahna bet taya hartina, ilang sirna ku kasalahan nu teu pira, kasalahan nu teu dihaja.
Hawar-hawar karungu lagu Bimbo nyulusup kana ceuli tilu raga: “Ada uang Abang sayang, tak ada uang Abang ditendang……”
Tilu raga ngan wasa rénghap ranjug, teu walakaya, lir lalaki dulang tinandé, rék dikitu rék dikieu ngan wasa neuteup pinuh kaceuceub, bari ngararasakeun raga katirisan dina kasimpé bari teu kedal sakecap-kecap acan dina mongkléngna haté.