Kasarakahan nu nyiptakeun melegmegna mongkléng, seukeutna gobang jeung teuasna gada rujakpolo, ngagurilap tina sora tingbelentrangna pakarang ageman. Beureum getih garing lebah buuk gimbal jeung dina sela-sela kuku. Matapoé ngadadak gangas ngarérab tegal Kurusétra, nu campuh perang ngadadak coréngcang. Angin mati suri. Simpé ngabigeu luhureun para satria nu ngababatang palastra dina sesebutan pahlawan. Lebah mancawurana sesebitan daging jeung kikiping karéta perang. Popotongan suku kuda jeung gajah paselang jeung sesegrokna nu sakarat lebah sesebitan langit beureum getih. Getih nu ngintel mulas taar zaman, geus teu kabaca tanda-tanda ayana kahirupan manusa nu luyu jeung rasa kamanusaannana.
“Jagat Batara…. Geuning tahta téh mamalana kacida rosana….” Gerendeng Dipati Karna bari ngarénghap eungap. Gurat alum ngalangkang dina pameunteuna. “Hampura Ibu, sanés teu nyaah ka para Pandawa, jisim abdi ngabéla Kurawa sanés ceuceub ka salira, namung ku cara ngabéla Kurawa nu namina Karna tiasa ngancurkeun angkara murka….”