Lalaunan leungeunna mulaskeun koas kana kanvas ku warna-warna kromatik. Bodas, hideung jeung abu-abu pajurawet dina pikiran nu juwet. Leng ngahuleng, lelembutannana ngalayang ka jauhna, eunteup dina panto haté nu ngadadak teu muka. Ngabigeu dina rasa nu pinuh ku nalangsa, satengah jiwana lir kasaput samagaha bari diendag-endag ku tingkérésékna dangdaunan. Sora lambak karunguna jiga nu nyasaak réngkakna. Simpéna peuting asa beuki ngabatu, teu daék nyarita teu miroséa, sok komo aya imut nu biasa katampa ku manéhna, dalah sorana nu teu weléh jadi panglipur dirina, ayeuna jiga nu embung eunteup dina ceulina.
Rét ka lebah basisir, eungap nyesek kana dadana, béhna mah sagara kahirupan loba kejemna, teu kapikir mun nasibna bakal nandang kalara.
Melegmegna mongkléng jiga geus ngarungkup nasibna. Pras-prisna girimis maseuhan kanvasna, warna kromatik nu pajurawet pinuh ku juwet, awor jeung baseuhna girimis, nu boa hamo bisa ngalanggengkeun kanyaahna dina kecap ‘samara’.
“Gusti……” gerendengna bari neuteup melegmegna uwung-awang kasaput méga mendung.