Orkésna ngagegembrung. Urang lembur ngagelek budeureun panggung. Jarogéd. “Cinta satu malaaam! Oh, indahnyaaah!” Néng Diva, Si Birit Bibit, nyanyi bari ngelél-ngelél létah. Mik dilétakan sabot ngagual-géol imbitna. Nu badag kandel. Sakabéh panénjo museur. Mencrong imbit kuplak-képlok badis cingcaw. Nu jarogéd peureum-beunta. Eusi kolor tingpelendung. Bréh. Aya nu héjo moncorong. Ngawas-ngawas.
Nincak kana pupuncakna, sora Néng Diva bet ilang. Inyana tibeberegég. Cacalawakan. Tapi angger teu nyoara. Urang lembur tagiwur. Komo basa Néng Diva ujug-ujug ngagudubrag. Gugulitikan. Kekerejetan. Nangkuban. Burial-buncelik di panggung. Direjeng pamaén orkés. Urang lembur pahibut. “Téang Ki Merebot!” Pa Kuwu maréntah. Hansip ngagidig. Rurusuhan. Jol deui jeung Ki Merebot.
Ki Merebot mendeko. Nyanghareupan imbit nu terus ningkah. Gual-géol. Najan nu bogana ngajehjer. Ki Merebot kunyam-kunyem. Imbit badag tambah mijah. Ngagedur-gedur jajantung. “Puaaah!” Ki Merebot bubura. Imbit umpal-umpalan. Ngaburial. “Bruuuut!” bekokna ngeundeurkeun panggung. Mabekna kabina-bina. “Cinta satu malaaam! Oh, indahnyaaah!” imbit kapireng gégéréwékan. Ngajelengéng dina pengeras. Meledek. Urang lembur tinglenggerek.