Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Rusiah Peuting

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 14 Méi 2015 16:41:46

Dangdaunan tingkérésék jiga nu ngageuri dina wirahma melegmegna mongkléng. Manéhna imut, imut nu maur, imut pikeun mapag pras-prisna girimis. Hawar-hawar gelik suling jeung jentréng kacapi nuturkeun galindeng pupuh asmarandana. Dirina ngadadak nalangsa ku kasono nu ngajarumat cimata dina melegmegna peuting. Manéhna asa ditalikung ku gangasna waktu nu kalan-kalan teu mihak ka dirina, jiga nu teu miroséa nu kaukir dina kolbuna. Teuing nyeri, teuing peurih, teuing gering ngalanglayung, nu puguh ulatna katempo alum.
Manéhna neuteup méga mendung nu nyaput bulan jeung kiceup béntang. Simpé jiga nu haying mépéndé, tapi angger keclak cimatana bedah tina kongkolak panonna. Gelik suling karunguna matak nyeuit. Haténa tumanya tina nurani nu pangjujurna: "Gusti, naha ieu mangrupi hukuman kana kalepatan jisim abdi kitu?”