Nyérélékna poé. Beuki deukeut kana waktuna anjeun tepung bagja. Tapi naha anjeun teu apal kuring nalangsa? Mopohokeun sagala kajadian nu kaliwat tuluy miceun kitu waé. Anjeun geus aya nu boga. Nya kuring gé apal. Tapi kumaha atuh ieu haté? Bakal sanggup moal ieu diri ningali anjeun jeung batur? Heueuh geus lain waktuna miharep anjeun teh, apal kuring ogé. Tapi bakal sanggup moal kuring hirup dina simpé ieu? Geus poho kitu anjeun téh, kana janji baheula, nu rék nyenangkeun kuring salawasna? Poho? Weuh artina kitu cinta urang téh, nepi ka anjeun ayeuna jeung batur? Dasar raja téga...
Tapi baé lah saheunteuna anjeun bakal leungiteun asih sajati nu aya dina unggal dunga. kuring ukur leungiteun asih nu palsu. Nuhun sadayana.