Wanci janari, angin ngotélan ngajak nyaring. Humandeuar laju nguniang. Diluhureun sajadah héjo. Tamplok sagala kasono ka jungjunan haté nu datang méré amisna trésna, noélan haté ku haneut asihna, nepi haté nu beku jadi leyur, tatu nu raca geus lita, ayeuna ngiles taya raratan. Kamana néanganana, mangsa sono nyekék nepi teu bisa ngarénghap. Mangsa diri yakin yén ukur manéhna nu dipiharep.
"Aa...téga pisan!" ceurik ngabulen simpé.
Sagala lalakon trésna narembongan. Byar...haliber ngurilingan sawangan. Rabeng. Hap, hap, ditéwakan. Sup, hiji-hiji kana toplés. Dihijikeun jeung sakabéh sono jeung sésa cinétra. Gura-giru ditutupan, méh ngencar deui. Diteuteup, éndah pisan. Sok, ditunda na lomari panghandapna pangjuruna.
"Bye, im keep moving!"