Bréh. Gebeg. Pawitan molohok. Bet aya kacapi. Nyeceb. Hareupeun jajaran leuit. Gebar-gebur tengah peuting. Lawas inyana teu ngambeu. Bororaah nabeuh. Kari-kari nyampak di dinya. Kacapi. Gasik dirawu. Dipangku. Disidik-sidik. “Naha kacapi Buyut Munjul aya di dieu?” Pawitan gogodeg. Tuluy ngajémprak. Sila. Ngalahun kacapi buhun. Kacapi dialak-ilik. Diusap-usap. Yakin. Pusaka luluhurna. Kieu ciri-cirina. Ceuk béja turun tumurun.
“Keur nanahaeun, satéééh? Nyingkaaah!” Aya nu ngahoak. Ngagelap séwu. Ngabéntar ketug jajantung. Handaruan. Dilieuk. Bréh. Jaladara. Rampog jadug. Saparakanca. Pawitan teu lémék. Ukur ngusapan kacapi. Kawatna disintreuk-sintreuk. Lalaunan. Nyunyurup titilarasna. “Dobrak leuit-leuitnaaa, Daaak! Si Kunyuk podaran heulaaa!” Jaladara ngahaok. Gasik maresat gagaman.
Pawitan dikepung. Nu dikepung kunyam-kunyem. Laju nabeuh kacapi. Halon. Lagu Pangemat nyiriwik nurihan angin. Jaladara ngahunted. Balad-baladna ngajarengjen. Kacapi beuki ngoncrang, ngajentrengan peuting. Nyiksik haté nu baredang. Jaladara ngeleper. Wadiabaladna ngagalibrig. Plak-pluk pakarangna. Maruragan.
“Ampuuun, Ki Silaaah! Ampuuun!” Jaladara ngarumpuyuk. Nyegruk. Karaman bruk-brek. Nyaruuh. Kacapi terus gumuruh. Ngagalura. Nyasaak rasa. Ngaringkus raga.
*
(Neda pidu'a ti sadayana, ieu fikmin seja di baca di Pendopo Agung Nagri Banten, dina acara Séba Baduy. Sim uing neda bantosan ti Aka Entol Hadi Aks saparakanca, kanggé narjamahkeun ieu fikmin kana basa Banten.)