Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Banjarsari

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 11 April 2015 10:40:51

Meunang nyoéhkeun-nyoéhkeun acan, tina buku tulis, dipihapékeun ka batur sabangkuna. “Tulus ka Pangandaran téh, ngan moal bisa meuting. Tong nyampeur ka imah. Dagoan waé di terminal, tabuh tujuh.”
Enya, kaharti. Moal diidinan mun tepi ka ngéndong mah. Bapana sakitu kerasna. Cacak sakalieun nyémah gé, kudu ngabring jeung babaturan. Kaharti deuih, manéhna anak nunggal kuwu hurmat, harepan kolot hiji-hijina. Urusan sakola ulah kaganggu ku bobogohan. Kudu jucung heula, cenah.
Saluyu jeung pasini, tabuh tujuh, geus cunduk di Banjarsari. Ngadagoan di terminal. Tapi, najan geus ampir sajam, manéhna tacan pecenghul. Didagoan, lebeng teu datang. Nyeri beuheung sosonggéteun.
Lahlahan disusul ka imahna. Ah, rék kuma béhna waé.
Disampakkeun balandongan, bangun hajat gegedéan.
“Geuning Pa Kuwu Hurmat téh nikahkeun?” nanya ka nu tas balik nyambungan.
“Sumuhun. Apan nikahkeun putuna,” témbalna.
“Putuna? Naha ari ieu taun sabaraha?”