Papap ngarang nganggo léktop kameumeutna. Ngadedeluk. Teu miroséa Néng Welas nu hoyong dipangdongéngkeun. “Tos wengi, Kunéng! Geura bobo!” saur Papap. Tungkul kana pangimpénanana. “Papap téga ih!” Néng Welas ngajanggilek. Ngoyoyod ka kamarna. Papap ukur ngarérét. Uleng deui. Ngetik deui. Ngimpén deui. Mamah nu elal-elol na panto. Ngisarahan. Teu dipaliré. Haré-haré.
Tengah peuting. Keur mamantengna. Kapireng nu ngagolombrang. Papap ti buburanjat. Luncat. Ngabelesat ka patengahan. Bréh. Mesin ketik. Geus karahaan. Dikeput ku ramat lancah. Lagedu. “Anéh. Bisa murag ti luhur lomari buhun,” Papap gumerendeng. Gogodeg. Alak-ilik kana mesin tik. Na atuh, Mesin Ketik ujug-ujug mudigdig. Hirup. Ngodomang lir kalajengking. Ngacung-ngacung seuseureudna.
Papap ngayekyek. Mesin Ketik ngarayap ka rohang gawé. Suku-sukuna ranggoas. Tingkelentring kana ubin. Matana ngempur. Cacapitna betrak-betrik. Tingburicak. Mesin Ketik nérékél kana korsi. Luncat kana méja tulis. Ngarontok Sakadang Léktop nu keur médéngkréng. Ger tarung patutunggalan. Silihpiting. Silihbanting. Seuneu ngabela-bela. Ngaléntab hordéng. Papap burial-buncelik. Gogorowokan. Nanging, sorana duka di mana.