Bulan, samagaha.
“Kuring nu kamari, pasti lain kuring poe ieu. Jiga cinta kasumba, lir tresna taya papadana. Isukan? Can tangtu. Dan can nyaho, naon nu bakal tumiba…”, gerentes Marmot. Nu pinuh leutak jeung bau hangseur. “Lamun waktu bisa disiksik. Diwalang-walang. Jiga ngiris bawang beureum. Dimana tungtung irisan rumipis aripis sakanyempringna?”, walon kang Kereteging Haté. “Taya jawaban kamrad, taya kapastian. Naon atuh anu paling dipimilik salira. Sagala injeuman, sagala aya waktuna dipulangkeun!” ceuk sakadang Panon. “Para pamingpin nu korupsi, boh baheula, boh ayeuna. Nu dibawa ka pangadilan, atawa disumputkeun ku sajarah. Para pamingpin orde lama, orde baru, orde reformasi, orde nu eukeur. Tetep waé salah jeung haramjadah. Teu inget ka manusa séjén. Poho ka ra’yat anu kuduna disejahterakeun!” ceuk Ki Peuting nu peteng. “Keur naon nyanéh di juru?” Jangkrik nakon Ki Taneuh. “Nungguan béntang, nu Nyaangan, ki Sanak!” Angin taranjang, neumbrag. Nusa Antara pakepuk!
Kaum Gayus ngabarakatak. Transfer jalan terus!