Tepung salangkung, bet gancang lomana. Padahal ukur tepang di pasampangan. Izra. Kitu si lenjang nikukur, laju nyebutkeun nomer hénpun. Kadé lali nelepon abdi, pokna. Sageuy teu diheugkeun, da lain antepeun. Langgéorna macan teunangan, oyag dada sareng imbit, ngageder ‘na palangkakakan. Dipapantes mun geus ngajapapang. Lauk kumpay bangun lindeuk, geus nampeu hareupeun bubu. Teu kudu dirungkup-disusug, pacuan digareuwahkeun. Engké gé hideng sorangan, nyangheuy dina biwir ranjang.
Ditelepon welasan kali, nu kapireng ngan nada sibuk. Karah naon nu dipigawéna, bangun teu nyésakeun salsé? Teu kalis ku dileukeunan, ngeplos deui, poos deui. Cacak teu dibarung sabar, asana téh matak jadi aral.
Sugan kudu di-sms. Ungkara leubeut mamanis tingbarasat mapay sinyal, teuing sabaraha balénan. Ngetrukkeun jampé pangirut nu biasana tara luput. Lebeng.
Boa ukur ngalejokeun?
Ngan, ka peutingnakeun, dina geus maju ka simpé, aya sms balesan, “Teu kedah hamham, ayeuna pisan abdi nepangan, seja nyandak nyawa salira.”
Saharita, aya nu keketrok uluk salam.