Bray, interview mulai.
“Pastina salira wawakil rahayat”, ceuk kuring. “Bener”, pokna, bari gugulitikan, sukuna ranggoas. “Hartosna, digawé keur rahayat?”, diudag. ”Bener”, jawabna bari ngutak ngatik BBM. “Enya sapuluh persén…hsgharagtsfjghafkl… hahahahahaha”, boro-boro ningali kuring. Norowéco, teu pararuguh, ku basa jeung kecap-kecap nu kuring teu ngarti. “Hahahahah…kanagataatarajbsgnhgaabag145agagajajkorong.... Beres, Bung”, bari ngaklik. BBM-na dipareuman. Pamirsa bingung.
Panonna beureum, bujurna buntutan. Asa jiga jelema! Reup!